Kacaritakeun aya hiji domba jalu
badag,tandukna ranggaek,geus lila mumusuhan jeung embe badot,sarua awakna
badag,tandukna nyengklik jeung sareukeut. Duka teuing naon sababna dua sato eta
mumusuhan. Bejana mah parebut hakaneun nyaeta cangkang cau di jarian imah hiji
jelema beunghar.
Upama Sakadang Domba panggih jeung ada embe,ngagorengkeun doma. Domba mah kalaka bulu we kandel,naon gunana . babaturanana,bek-beak ngagorengkeun embe,majarkeun teh bangsa embe ukur anakan,ari awak laleutik. Jelema ge cenah loba nu teu raresepeun dagingna da bau. bangsa embe burununggul,lamun keur nyatuan di tegal prus pris hujan,sok nepi ka ngabanting-bantingkeun maneh ngiuhan di pipir imah. Pokona ceuk Sakadang Domba teu aya deui sato nu panggoreng-gorengna lian ti embe.
Sabalikna Sakadang Embe badot upama panggih jeung babaturanana pada-p
Domba jalu sok
dipiara dihade-hade ku jelema,tapi adukeuneun. Puas cenah. bagsa embe mah sok
aya nu diarah cai susuna ku jelema,jadi loba gunanan. nurutkeun Sakadang Embe
badot mah teu aya deui sato nu panggoreng-gorengna lian ti domba.
Upama doba jalu tea pangggih jeung embe badot di mana wae,lain ngan ukur panbeleng-beleng tapi mindeng silihteunggar. Ngan kajadian kitu teh sok kabeneran keur rea jelema,jadi sok gancang disapih. Tapi basa diadu di tegal mah teu aya nu wani nyapih,da nu aya di dinya ukur domba jeung embe bikang,teu aya budak angon-budak angon acan. Harita mah diaduna rame duka teuing sabaraha ratus teungaran. Eureun-eureun soteh pedah duanana capeeun,jadi teu aya nu meunang.
Sakali mangsa mah dua sato nu keur mumusuhan teh panggih dina sasak awi,sasak leutik. Ari di handapna wahangan,sanajan leutik tapi caina tarik jeung tarengtong loba batu. Domba datangna ti beulah ditu,embe ti beulah dieu.
Cek domba,'Halik siah mundur deui,aing nu pangheulana nincak sasak...! Ceuk embe,'Aing nu pangheulana,sia nu kudu mundur...!
' Lamun sia mundur
ku aing diteunggar...!'ceuk domba
' Pek ada aing ge
boga tanduk,teu sieun dituenggar...!'
' Bener sia moal
mundur ...?
' Moal...! Sia nu
kudu mundur...!'
Dua sato nu geus lila mumusuhan teh pada ambek.
Teu antaparah deui
sirintil duanana mundur ngawahan dina sasak leutik,jedak diadu. Sirintil mundur
deui,jedak diadu. Ukur meunang tiku kali diadu,duanana ngagorrempal murag kana
wahangan,ninggang kana batu tuluy tikecebur kana cai. Puguh we Sakadang Domba
jeung Sakadang Embe badot teh nyeurieun. geus puguh sirah mah urut diadu,awak
ge ripuh urut tibeubeut kana batu,jaba bucis ku cai wahangan.
Ti dinya mah duanana hanjat bari
jumarigjeug,doba ngaleos ka beulah ditu,embe ka beulah dieu. Ti harita mah
cenah teu mumusuhan deui.
No comments:
Post a Comment
Note: only a member of this blog may post a comment.