Showing posts with label Dongeng sunda klasik. Show all posts
Showing posts with label Dongeng sunda klasik. Show all posts

Dongeng Sunda Kuda Satria




"SATRIA"
Aya maung keur ngalungsar wae di handapeun kiara,geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting ngan gegerungan wae gawena,kahujanan kapanasan teh teu bisa ingkah. 

Atuda sumawonna kaduga pindah,geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna mah ngan empes-empes wae, sahoseun teh lain bobohongan. 
Tadina mah sato-sato anu sejgn mani gigiseun sarieuneun,euweuh nu wanieun deukeut-deukeut acan ngadenge gaurna maung teh.

Tapi barang geus kanyarahoan mah yen'eta maung keur sakarat, rob wae.pada ngaronom,pada narempo,pada nalokeran sagala."Euleuh,kutan kitu bangunna anu sok nekuk batur aing teh? Cing pek uing udag,Coreleng!" ceuk peucang ditompokeun kana ceulina bari keletrak tarang maung teh ditakol."Hayoh siah,ari wani mah urang jogol jeung aing, montong make pepeleyean ceuk munding bari jekuk wae digadil ku tandukna. Ari beurit.mah ngan kalacat wae kana sirahna,ngadon gagalacangan dina cukang irungna bari iirihilan."Pek euy, pada nyurilam ka dinya eta mangkeluk Tuman! Bongan ka urang teh tara aya pisan ras-rasan,kena- kena boga kuku ranggeteng!" omong bagong.

Ngan sakadang Kuda anu ngahuleng wae teh,teu lemek teu nyarek,gawena ngan gogodeg wag ti kaanggangan. "Na Sakadang Kuda ngan dikir wae, mun jeplak wae ka dinya sepak tah lebah iga burungna! Na teu inget bareto anak Sampean,Si Belo,dikerekeb ku ieu mangkeluk?" ceuk peucang. Kuda melengos bari cumalimba,omongna,"Kadongdora wani ge ka nu geus teu daya teu upaya. Muga-muga ka Pangeran,aing mah jeung saturunan aing,ulah dipaparinan tekad hayang nganiaya ka nu lian,sumawonna ka nu teu aya tangan pangawasa geusan ngalawan mah." Tina Panyungsi Basa IV,1934
 

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda | Kuya Jeung Monyet Maling Cabe Bagian - 2


      




Bagian ka hijina klik weh nu ieu...
Isukna kuya ku patani dikurungan ku ranggap di pipir saung. Sabot patani ka pasar rek balanja samara,rentang-rentang katempo ku kuya,monyet nyampeurkeun ka manehna.
Kuya geus taki-taki nyanghareupan monyet,boh roman beungeut  boh sikep. harita kya rek ngagunakeun akalna malikeun kanyeri.
Barang lol monyet ka dinya,kuya imut bari ngomong,mun ceuk basa ayeuna mah meuerun,'Hallo Sakadang Monyet!Kumaha Cageur ?

Nempo ucap lampah kuya,monyet heraneun. Disangkana kuya geus paeh. lamun hanteu,sakurang-kurangna kuya geus paeh. Lamun henteu,sakuarang-kurangna keur sedih. Tapi ari buktina kawas nu gumbira pisan.

Waktu diseleksek ditanya naon sababna panggumbira,kuya ngajawab,'Kumaha teu rek gumbira Sakadang Monyet,kapan kaula teh rek dikawinkeun ka anak patani. Ayeuna pimitohaeun teh keur balanja ka pasar,keur hajat walimah. Nu matak Sakadang Monyet milik mah teu pahili-hili bagja teu paala-ala.'
Ngadenge kuya rek dikawinkeun,monyet kacida kabitaeunana. Ceuk Monyet,' skadang Kuya ...! Urang teh sosobatan ti baeheula. Piraku sampean teu karunya kakaula. Cing kaula we atuh rek asup kana ranggap,sampean kaluar,ambeh kaula nu  dikawinkeun...!'.'IS bakat Sakadang Monyet mah ari geus sirik ku milik batur teh. Moal,kaula mah moal daek...!/ ceuk kuya kawas nu enya,puguh na hatena mah atoheun pisan.
' Ulah kitu Sakadang Kuya...!' upama engke ka hareup kaula meunang kasenangan moal poho ka sampean...!'ceuk monyet.
 Kuya kawas nu embung kaluar tina ranggap.Ngan monyet maksa hayang ngagentian kuya. Ku sabab kitu ceuk kuya,'Heug wae atuh ari maksa mah...!'Ieu mah pedah sobat we. Ngan kaula kudu alungkeun heula ka leuwi...!'Sanggup henteu...?'ceuk kuya.
Sanggeus kuya dialungkeung ka leuwi,sup monyet kana ranggap. Nu di impleng ku manehna teu aya deui ngan uapama geus jadi minantu patani.


Kacaritakeun patani jeung ambu tani nu pulang balanja geus daratang. Ceuk ambu tani.'Manehna sok ayeuna mah peucit kuya teh. Urang asakan...!'
 

Barang monyet ngadenge omongan ambu tani kitu teu kira-kira we reuwaseunana. Ceuk pikirna sihoreng aing teh rek dipeuncit lain rek dikawinkeun. Monyet keuheuleun ka kuya nu geus ngabobodo. Najan kitu manehna ge rumasa salah,waktu ngala cabe gareuwah.
 

Patani teu buru-buru muka ranggap sabab cenah rek ngasah bedog heula. Ku sabab kitu aya dangka keur monyet neangan akal supaya salamet. kabeneran monyet manggih akal nyaeta papaehan.
 

Barang patani muka ranggap ceuk pikirna mah rek meuncit kuya,kacida handeueuleunana,sabab kuya geus teu aya,ari nu aya monyet kitu oge geus paeh. Ambu tani ge sarua handeueuleun mah ngan cenah kudu kumaha atuh da geus kitu buktina.
 

Ari monyet da bisi bau,keleweng weh dialungkeun ka jarian. tapi barang keleweng barang berebet lumpat ka leuweung. Patani jeung ambu tani hookeun nu aya. 
                     
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...





DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda | Sakadang Kuya Jeung Monyet Maling Cabe Bagian-I


Sakadang Kuya Jeung Monyet
SAKADANG MONYET



Jaman baheula mah cenah kuya jeung monyet teh sosobatan. Dina hiji poe Sakadang Monyet teh sosobatan. Dina hiji poe Sakadang Monyet nyampeur Sakadang Kuya,tuluy ngageroan,'Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!
'Kukk' tembal kuya.
'Di mana sampean teh?'
'Ieu handapeun batu! ceuk kuya bari tuluy nyampeurkeun monyet.
'Ah embung sampean mah sok gareuwah!'tembal kuya.
'Moal,moal gareuwah! Piraku deui atuh!'
'Hayu lamun moal gareuwah mah,'ceuk kuya.
Bring kuya jeung momyet ka kebon patani rek maling cabe. Kabeneran kebona teu dipager jadi sakadang kuya babarieun asup. Jeung kabeneran deuih cabena geus arasak mani bareureum.

Barang datang kuya jeung monyet ngaweswes ngahakanan cabe milihan nu geus arasak. Mimitina mah kya jeung monyet ngaromongna haharewosan da sieun kanyahoan ku nu bogana. Tapi lila-lila monyet ladaeun nepi ka gogorowokan,'Sehah lata lata Seuhah lata lata! cenah
  
Ku Sakadang Kuya digeunggeureuhkeun,'Sakadang Monyet ulah gareuwah,bisi kadengeun ku patani!
Tapi dasar monyet,bakat ku ladaeun,poho we kana jangji tadi. Pek deui gogorowokan kawas tadi,'Seuhah lata lata! cenah sababaraha kali. Pa tani nu saenyana mah keur bongoh,ngadenge nu gogorowokan itu ngagebeg. ' Manehna eta aya naon ?' ceuk ambu tani ka salakina.
'Teuing atuh' ceuk salakina.
'Cing buktikeun ka dituh bisi aya nu ngaganggu pepelakan urang!'korepat pa tani turun ti saung kebonna ka tengahan. Monyet mah barang nempo patani ngaringkang ge geus kabur. ngan kuya da puguh boyot,waktu patani nepi ka tengahan bari ngabar-ngabar bedog teh can jauh ti tempatna tadi.
 Barang patani nempo ka kuya,gorowok ngomong tarik,'Tah siah kapanggih ayeuna mah ku aing bangsat cabe teh!' ngomongna kitu bari kerewek kuya teh dipangku tuluy dipanggul dibawa ka saungna.
  
Sanggeus datang ka saung patani ngomong ka ambu tani,'Nini ! Beunang tah bangsat cabe teh!' ngomongna kitu bari ngurungan kuya ku ranggap.
 Ambu tani norojol ti jero saung,barang ret nempo kuya,cenah, 'Euleuh-euleuh eta kuya mani gede kitu!'Ngeunah aki ari daging kuya? 'ceuk ambu tani nanya.
'Puguh we,gajih!'ceuk patani.
'Sok atuh peucit,ayeuna urang angeun!'
'Ulah ayeuna, isuk deui we,urang neangan heula samarana!'
Kuya mah barang ngadenge obrolan patani jeung bojona,geus asa cet dipeuncit,geus baluas,asa kabur pangacian. Dina hatena ambek ka monyet nu geus jalir tina jangji. Cacak upama monyet teu gareuwah moal nepi ka katewak ku patani.

Sapeupeuting kuya teu daek sare gawena ngan nyileuk we. teu aya deui nu kainget kumaha gereselna peso kana beubeungna. Ngan ku sabab kitu deuih manehna teu welah inget ka nu Mahakawasa.Nyambung ka bagian 2 klik di dieu 


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda | Careuh Diwarah ku Anjing




Dongeng sunda klasik
CAREUH DIWARAH KU ANJING



Pedah  keur anakan careuh ngagalaksak pisan. Teu nyesakeun anak manuk pacikrak,anak piit jeung sabangsana kabeh dihakan.
Komo deui buah gedang asak nu jadi jami beak ku manehna teu nyesakeun keur gagak. Ku sabab masarakat manuk loba nu sedi ku kalakuan careuh,kapaksa Sakadang Peucang nepungan sobatna di lembur nyaeta Sakadang Anjing. 

Ceuk anjing.'Saenyana jelema,dunungan kaula ngewaeun pisan ka careuh teh.Sabab hayam jeung cau sok dipalingan. ngan ayeuna kumaha carana ngawarah careuh duka teuing.
'Piraku sampean teu manggih jalan...!'ceuk peucang.
'Saenyana di pipir imah aya cara nyaeta pakakas paranti newak careuh jeung piul atawa lasun. Keun we sina asup kadinya. Lamun katewak ku jelema tangtu dipaehan,'ceuk anjing.
'Nyaeta kahayang mah ulah nepi ka paeh sabab keur anakan. Ieu mah ngawarah we ulah ngagalaksak teuing,'ceuk peucang.
'Enya kumaha atuh...?
'Ari sampean teu wani ka careuh...?
Anjing seuri ngagakgak tuluy ngomong,'ceuk saha kaula teu wani ka careuh...?
'atuh lamun wani mah ku sampean we warah...! Upama careuh kalangkang-kolongkong ka lembur,ku sampean cerek. Pek we rek dikumaha-kumaha oge ngan ulah nepi ka paeh,'ceuk peucang.

Gancangna carita anjing nyanggupan.
Aya kana tilu peuting anjing ngadagoan teu datang. Naha atuh dina peuting nu kaopat teu kanyahoan hayam dunungan anjing tea dipaling carueh mangkaning nu jajangkar pisa. Puguh we dununganana lebareun pisan. Ari nu dicarekan bebeakan taya lian anjing tambah ambek ka careuh.

Kurang leuwih dua minggu ti harita careuh teh datang ka dinya. harita mah katangeunan ku anjing. Bakat ku ambek tadina mah rek ujug-ujug dirontok tuluy dibabetkeun. Tapi mun ukur kitu mah asa kurang sugema. Ku sabab kitu ku anjing diantep sina asup pedah kabitaeun ku eupan,nyaeta hayam nu disangkana babari ditewakna.

Waktu disampeurkeun ku anjing,careuh melas-melis hayang ditulungan supaya bisa ka luar. Ngan ceuk anjing wayahna wae sabab mana kitu ge loba teuing dosa. Kaula ge kungsi dicarekan ku dunungan pedah hayamna dipaling ku sampean. Sing loba pertobat we ka nu Mahakawasa...!'ceuk anjing ngaleos.

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Sakadang Monyet Titeuleum




Dongeng Sunda Klasik
SAKADANG MONYET TITEULEUM



Aya manuk manintin manggih cangkang bonteng catang. Ku manehna dijieun paparahuan. Sok paparahuan teh disoloyongkeun  dina cai liuh di wahangan. Ari manehna eunteup dina biwie paparahuan tea. Waktu paparahuan manuk manintin ngawih cenah,'Tiiin tin manintin...!'kitu we bari salayang soloyong ka hilir ka girang.

Keur kitu katempoeun ku caladi. Manehna kabitaeun pisan hayang milu paparahuan. Ku manintin disaluyuan. Caladi eunteup dina biwir paparahuan kawas manintin. Ayeuna mah bari geugeuleuyeungan teh nu ngawihna duaan. Ceuk manintin,'Tiin tin manintin...! Ditembalan ku caladi,'Toroktok...!'cenah. Kitu we Ditembalan ku caladi,'Toroktok...!'cenah. Kitu we patembalan bari sosoloyongan.
 Tiiin tin nmanintin
 toroktok...!
Kabeneran atuh nu keur paparahuan teh katempoeun ku monyet. Momyet tea loba kahayang jeung hese dicarekna. harita ge maksa hayang milu paparahuan. Ku manintin diidinan ngan aya perjangjian teu meunang ngaganggu parahu. Monyet susumpahan rek nurut kana perarturan nu disebutkeun ku manintin. Ari nu kudu dikawihkeun ku monyet pendek we,'iuk uk...!'
 Jadi ayeuna mah nu kakawihan dina parahu teh tiluan.

 " Tiin tin manintin
   toroktok
   iuk uk "

Ceuk monyet,'Lah genah komo lamun aya tukang goongna mah...!'manintin jeung caladi ge sarua pikirna kitu.
 Keur kitu kabeneran deui wae lar aya bangbung. Ku manintin dicalukan sina milu kakawihan dina parahu. Bangbung dina parahu mah nu kakawihan teh beuki genah,sabab aya tukang goongna.

  " Tiiin tin manintin
    toroktok
    iuk uk
    ngungngng "
   
Kitu we opat sato teh kakawihan bari gala-geuleuyeung ka hilir ka girang,estu ni'mateun pisan.
 Orakaya lila-lila mah monyet lapareun. ku sabab paparahuan teh dijieunna tina cangkang bonteng,kerewek we ku manehna disegetan. Sakitu dicarek ge ku manintin jeung caladi teu ngagugu. Angger we ngahenggoy nyegetan parahu. Lila-lila paparahuan teh kaasupan cai,beuki lila beuki pinuh. Geus kitu mah lep we paparahuan teh ngelelep. Ari manintin,caladi jeung bangbung mah da bisa hiber,geleber we ka darat. Sedeng monyet kabawa kelebuh ku parahu. Duka teuing nasib monyet satuluyna. 

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
 KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Domba Mumusuhan Jeung Embe



Kacaritakeun aya hiji domba jalu badag,tandukna ranggaek,geus lila mumusuhan jeung embe badot,sarua awakna badag,tandukna nyengklik jeung sareukeut. Duka teuing naon sababna dua sato eta mumusuhan. Bejana mah parebut hakaneun nyaeta cangkang cau di jarian imah hiji jelema beunghar.

Upama Sakadang Domba panggih jeung ada embe,ngagorengkeun doma. Domba mah kalaka bulu we kandel,naon gunana . babaturanana,bek-beak ngagorengkeun embe,majarkeun teh bangsa embe ukur anakan,ari awak laleutik. Jelema ge cenah loba nu teu raresepeun dagingna da bau. bangsa embe burununggul,lamun keur nyatuan di tegal prus pris hujan,sok nepi ka ngabanting-bantingkeun maneh ngiuhan di pipir imah. Pokona ceuk Sakadang Domba teu aya deui sato nu panggoreng-gorengna lian ti embe.

Sabalikna Sakadang Embe badot upama panggih jeung babaturanana pada-p
Domba jalu sok dipiara dihade-hade ku jelema,tapi adukeuneun. Puas cenah. bagsa embe mah sok aya nu diarah cai susuna ku jelema,jadi loba gunanan. nurutkeun Sakadang Embe badot mah teu aya deui sato nu panggoreng-gorengna lian ti domba.

Upama doba jalu tea pangggih jeung embe badot di mana wae,lain ngan ukur panbeleng-beleng tapi mindeng silihteunggar. Ngan kajadian kitu teh sok kabeneran keur rea jelema,jadi sok gancang disapih. Tapi basa diadu di tegal mah teu aya nu wani nyapih,da nu aya di dinya ukur domba jeung embe bikang,teu aya budak angon-budak angon acan. Harita mah diaduna rame duka teuing sabaraha ratus teungaran. Eureun-eureun soteh pedah duanana capeeun,jadi teu aya nu meunang. 

Sakali mangsa mah dua sato nu keur mumusuhan teh panggih dina sasak awi,sasak leutik. Ari di handapna wahangan,sanajan leutik tapi caina tarik jeung tarengtong loba batu. Domba datangna   ti beulah ditu,embe ti beulah dieu.

Cek domba,'Halik siah mundur deui,aing nu pangheulana nincak sasak...! Ceuk embe,'Aing nu pangheulana,sia nu kudu mundur...!
' Lamun sia mundur ku aing diteunggar...!'ceuk domba
' Pek ada aing ge boga tanduk,teu sieun dituenggar...!'
' Bener sia moal mundur ...?
' Moal...! Sia nu kudu mundur...!'

Dua sato nu geus lila mumusuhan teh pada ambek.
Teu antaparah deui sirintil duanana mundur ngawahan dina sasak leutik,jedak diadu. Sirintil mundur deui,jedak diadu. Ukur meunang tiku kali diadu,duanana ngagorrempal murag kana wahangan,ninggang kana batu tuluy tikecebur kana cai. Puguh we Sakadang Domba jeung Sakadang Embe badot teh nyeurieun. geus puguh sirah mah urut diadu,awak ge ripuh urut tibeubeut kana batu,jaba bucis ku cai wahangan.

Ti dinya mah duanana hanjat bari jumarigjeug,doba ngaleos ka beulah ditu,embe ka beulah dieu. Ti harita mah cenah teu mumusuhan deui.





 
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Sakadang Kuya Keur Apes



Dongeng Sunda klasik - sakadang peucang Nu sabab saban nyanghareupan masalah Sakadang Peucang sok meunang wae,timbul rasa dir jeung sombong. Katangen pisan upama leumpang tara nempo tincakeun.Leya-leye we nepi ka loba sato katicakan kaya ning sireum,cacing,hileud,tenggek jeung sabangsana. Dina hiji waktu mah tenggek kacida ambeukeunana sabab anakna loba nu paeh katincakan ku peucang. Ku saab kitu ku tenggek'Ieuh Sakadang Tenggek unggal sato oge moal aya nu mangmeunangkeun ka sampean.Sareatna wae upama sampean leumpang sakitu ngeteyepna...!Rek meunang kumaha balap jeung kaula...? ceuk peucang sombong.

'Teu kudu loba omong Sakadang Peucang...!pokona wani henteu...! ceuk peucang sombong.
Ngadenge omongan tenggek kitu,peucang kacida ambeukeunana,rasana dihina ku sato nya bodo nya leutik.
mimitina pasir ieu,tuluy ka pasir itu,pasir itu,pasir itu...! panungtungan di pasir itu nu pangjauhna...!'cenah bari nunjuk pasir-pasir nu kudu disorang.
'Euh ngamimitian di dieu enggeusan di ditu...? peucang nanya.


'Bener ... ! tembal tenggek.
Geus kitu tenggek ngumpulkeun babaturanana. Aya nu kudu cicing di pasir nu ka hij,aya nu kudu di pasir nu kadua,ka tilu jeung saterusna nepi ka nu katujuh. Atuh dina poe Ahad nu geus ditangtukeun sato-sato ti jauhna ti deukeutna,sato gede sato leutik geus ngarumpul,di tegal geus heurin usik. kabeh sato teu aya nu mangmeunangkeun ka tenggek,kabeh ngabela ka peucang.


Dina waktu ngamimitian,tenggek geus kuda-kuda. Jol peucang bari umat-imut tuluy ngacungkeun leungeun ka nu lalajo di beulah kenca jeung katuhueunana. ger nu lalajo surak ambal-ambalan ngabobotohan ka Sakadang peucang.

Waktu uncal nu jadi wasit nyebutkeun,'Hiji...! Dua...! Tilu...! Ber peucang lumpat satakerna manibangbaraan,dibaregan ku surak nu lalajo. Ari tenggek teu katempoeun ku nu lalajo kamana lumpatna. Ceuk sato-sato leutik teu katempo soteh pedah lumpatna tarik pisan. padahal saenyana mah tenggek teh ngaliwed ka handapeun jukut tuluy nyumput.
Kacaritakeun Sakadang Peucang sanggeus nepi ka puncak pasir nu kadua,ngageroan tenggek,'Sakadang Tenggek,!'cenah.
 'Gek...! tembal tenggek nu tadi ge geus aya di dinya.
 'Sampean geus nepi ka dieu...?
 'Enggeus...! tembal tenggek.
 'Aduh...! ceuk pikir peucang,'Geuning tenggek teh gancang lumpatna.
Ber deui peucang lumpat satakerna.


Sanggeus nepi ka pasir nu katilu,Sakadang Peucang nanya deui ka tenggek saperti tadi. Nu dijawab ku tenggek saperti tadi deui. teu loba omong ber deui peucang lummpat satakerna. barang nepi ka pasir nu kaopat Sakadang Peucang geus kacida capena. Waktu di dinya manehna nanya ka Sakadang Tenggek,sarta tenggek ngajaawab saperti ti heula,bakat ku cape bru weh peucang teh nambru. Ti dinya mah peucang teu bisa lumpat deui,leumpang ge laun pisan.

Keur kitu kadenge tenggek gegeroan ti pasir nu kalima,'Sakadang Peucang...! Sakadang Peucang...! Rek di tuluykeun balap teh...? 
Peucang teu ngajawab kalah ngalungsar handapeun tangkal kanyere. Ku sabab kitu wasit mutuskeun nu meunag balap Sakadang Tenggek. Ti harita sikep peucang teu sombong deui,ceuk pikirna,'mMemang sakabeh mahluk ge kudu keuna ku apes. 



 
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Sakadang Peucang Ngawarah Ajag



PEUCANG NGAWARAH AJAG


Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Ajag.               
Geus nyebar beja di sakuliah leuweung yen ajag sok malingan anak mencek. Puguh weh sato-sato sejen milu keuheul bari milu paur,sieuneun anakna oge dipaling. malah kahariwangna upama teu aya anakna,bisa jadi dirina pribadi jadi korban.
  

Nyanghareupan masalh nu model kitu teu aya deui nu jadi pananggeuhan lian ti Sakadang Peucang. Teu hese neangan,mencek geus panggih jeung nu di teanganana,Sakadang Peucang.
 

Basa ngadenge laporan mencek yen anakna sok dipalingan ku ajag,peucang teu reuwas ieuh. Sabab sateuacanana oge geus manggih beja. Ngan nu matak cicing tara ka mana-mana lain teu hayang nulungan,keur napakuran diri sanggeus eleh jajaten ku tenggek. Peucang ngomong,'Keun Sakadang mencek hayang nyaho urang akalan. Memang kudu diwarah ajag teh lamun kitu wae kalakuanana.
 

Isukna Sakadang Peucang neangan ajag. Sanggeus kapanggih manehna ngomong. 'Ieuh Sakadang Ajag...! ' Neangan hakaneun mah ulah di leuweung bae. Ka lembur geura. Di ditu mah loba embe kukutan jelema. Lanindeuk...!'
'Ah Sakadang Peucang mah ari ngomong teh. Kapan maling embe mah sieun ku sato nu ngaranna jelema. Manehna mah palinter leuwih ti urang'ceuk ajag.
 'Urangna ulah kapetolan. Malingna sabot manehna bongoh,upamana keur sare. Da ari keur kitu palingna...!' ceuk peucang.
 

Omongan Sakadang peucang ku ajag kahartieun. Ku manehna rek digugu. Ari Sakadang Peucang sanggeus ngawangkong kitu jeung ajag,tuluy ka sisi lemburhayang panggih jeung anjing. Kabeneran teu hese neangan prok panggih. Ku peucang dicaritakeun ka anjing kudu waspada sabab embe patani dunungan anjing aya nu ngancam nyata ajag. Anjing atoheun pisan dibejaan kitu ku peucang. Cenah ku manehna rek dibejakeun ka dununganana.
 Teu kacaritakeun kumaha carana anjing bebeja ka jelema,ngan unggal poe embe patani di angon lain ku budakna,tapi ku kolotna bari mawa bedil deuih. Tangtu lain bodil otomatis cara ayeuna,tapi bedil rojok nu sok disebut bedil cuplis tea.
 Dina hiji poe ajag ka tegal dibarengan ku esang-esang nyaeta anak ajag nu keur meujeuhna beuki barang hakan bari pinter moro. Manehna ngintip embe nu keur nyaratuan,kaciri kadenge kolotna disarada. Datangna kadinya ajag teh keketeyepan. Kabeneran aya embe nu nyatuan di sisi tegal pisan. Embe eta nu diincer ku manehna.
 

Kawasna embe mah ngambeu bau ajag. Da nyatuan teu jongjon,meusmeus cengkat meusmeus cengkat. najan kitu indung ajag ngeteyep ngadeukeutan embe eta. na atuh barang rek dirontok,beledag teh sora bedil,duka timana datangna.  Haseupna ngebul,pelorna keuna kana suku tukang indung ajag. Atuh ajag teh boro-boro ngarontok embe,eukeur mah sukuna nyeri kabedil katambah ngadenge sora ngabeledag oge reuwaseun pisan. jaba deuih sora anjing rageg ngudag ka manehna. Atuh ajag jeung esang-esang kabur deui ka leuweung,getih tina sukuna ucrat-acret sajajalan. Nu pangsieunna mah ngadenge sora jelema patingharaok bari ngabar-ngabar bedog.
 

Untung we jelema teu kebat ngudagna,jadi ajag bisa reureuh sababaraha poe nepi ka sukuna cageur. Ngan ti harita ajag leumpangna teu gancang saperti biasa. jadi upama ngudag mencek atawa sato sejenna osok tinggaleun. Sabab kitu sato nu diudagna loba nusalamet. utuk 

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Tikukur Jeung Engang Silih Tulungan



Dongeng Sunda Klasik
TIKUKUR JEUNG ENGANG SILIH TULUNGAN


Kawasna wae bakat ku resep hihiberan ka luhur ka handap sakadang Engang nepi ka cilakana.Disangkana nu herang di handap teh naon we,na atuh ari siet gejebur kana cai talaga mani tengah-tengahna pisan. Puguh we engang teh kacida reuwaseunana.
Bari dina pikirna manehna ngaku,rumasa kurang ati-ati.

Geus sababaraha jam manehna kekeleperan dina kulit cai. tapi boro-boro bisa heber deui,teu bisa ka sisi-sisi acan. Gegeroan mah gegeroan menta tulung kalah peura teu aya nu ngadenge,teu aya sato nu ngulampreng ka dinya. 
Engang teh geus pegat harepan kana bisa salamet. 
Dina hatena mah geus pasrah ka nu Mahakawasa,meureun mana kitu ge geus nepi kana titis tulis kudu maot tigejebur.

Kabeneran atuh di luhureun talaga teh aya dahan kai ngaroyom. Di dinya aya tikukur karek datang pulang nyiar hakaneun. Cicingna didinya estu tumaninah pisan teu aya manuk sejen nu sok harak. tadina mah rek reureuh pedah pulang hihiberan ka ditu ka dieu. Tapi barang ngareret kana cai aya nu kekeleperan nepi ka kulit cai ririakan. Ari diteges-teges sihoreng aya engang tigejebur hayangeun hiber deui.

Tikukur watireun pisan. manehna teu mikir panjang gancang metik daun salambar tuluy dipuragkeun kana deukeut engang tea. Nempo daun ambang-ambangan engang teh gede hate deui. Tuluy maksakeun maneh ngeleperkeun jangjangna ngadeukeutan daun. Alhamdulillah engang bisa ngahontal daun. Manehna ngadekul di dinya,moyan nuhurkeun jangjangna.
Engang nyahoeun nu muragkeun daun teh tikukur nu keur eunteup dina dahan luhureunana. Ku manehna direret. Tikukur imut tuluy ngomong,'Sukur sakadang engang salamet mah...!'

'Berekah pitulung sakadang tikukur,'ceuk engang sorana dumareuda,'Nuhun Sakadang Tikukur,'ceuk engang deui.
'nganuhunkeun mah ka Nu Mahakawasa,Sakadang Engang...! jawab tikukur,Engang unggeuk.
Sanggeus tuhur mah jangjangna geleber engang hiber neangan hakaneun.

Kacaritakeun ka dinya jol aya jelema ngajingjing bedil. barang ngareret dina dahan aya tikukur keur nundutan,gancang jelema teh ngecengkeun bedilna dilempengkeun kana tikukur tea. Ari tikukur mah teu ngarasaeun pisan nyawana aya anu ngancam.

Barang rek beledag pisan dibedil,hieng engang nu tadi hiber,jeletot nyeureud tarang jelema nu rek ngabedil. Bakat ku reuwas jeung nyerieun jelema teh ngajengkang,ari bedilna murag. Tikukur nu keur nundutan tea barang ngadenge nu ngagedebut,hiber. Ku sabab kitu tikukur teh salamet,disalametkeun ku sato nu tadi 
kungsi ditulungan.

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Akal Sakadang Careuh




Sakadang Careuh
AKAL CAREUH


Dongeng Sunda Sakadang Careuh
Di hiji balong aya entog keur neangan hakaneun. Upama aya nu ngocopok gancang diburu. Biasana lauk naon wae upama diudag ku entog sok beunang. Sabab Sakadang Entog upama ngudag lauk ngan wungkul di beungeut cai tapi di jero cai ge bari teuleum bisa. Ku sabab di balong eta loba laukna mokaha we poe eta entog beubeunanganana loba.

Cape neangn hakaneun entog teh mandi tuluy nyaliksik. Bulu-buluna nu kusut dibeberes ku pamatukna nu jeber nepi ka lemes. Malah harita mah sanggeus mandi teh tuluy nundutan dina nusa di tengah balong. Rada lila nundutanana nepi ka karasaeun beuteungna geus lapar deui.

Kacaritakeun di sisi balong di nu bala aya careuh ngintip. Saenyana ti barang entog datang kabalong eta ge careuh teh geus aya. Ngan teu aya kasempetan ngarontok da nu rek dirontokna di tengah balong wae.

Geus lila careuh neangan akal supaya bisa newak entog ngan teu manggih. Waktu entog ngojay deui. Careuh ngeteyep ka sisi balong,tuluy nyumput di nu bala. Ceuk pikir careuh upama entog ngojay kadeukeut tempat panyumputan ku manehanana rek dirontok. Kajeun teung cenah tigejebur kana balong  oge. ngan nyaeta entog teh kawas nu nyaho aya bahaya teu daekeun ngadeukeutan ngna paeh.

Mokaha we poe eta careuh balik ka imahna mawa oleh-oleh daging entog pungkil pisan. Anak-anakna aratoheun dahar bareng balakecrakan. 

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




          
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda Sakadang Bango Tapa Keur Nipu

  

BANGO TAPA KEUR NIPU



Dongeng Sunda Sakadang Bango Tapa Keur Nipu.
Aya bango geus sababaraha poe kukurilingan sisi talaga kabitaeun ku lauk nu sakitu loba jeung lalintuhna. Ngan edas we cenah ku palinter ngojay. Jadi boro-boro bisa dipacok,karek ngaringkang ge geus lalumpatan nyarumput kana handapeun batu. Ku sabab kitu geus sababaraha poe bango neangan akal,kumaha carana sangkan lauk tea lalindeuk. Sanggeus manggih manehna nangtung dina batu ditengah-tengah talaga,peurang peuting,bari sukuna sabeulah diperengkelkeun.

Basa barang mimiti nangtung mah meunang sababara poe teu aya lauk nu wani ngadeukeutan. Ngan sanggeus opat poe bango kitu peta bari sirahna tanggah  k langit,karek aya lauk laleutik nu ngadeukeutan,hayang nyaho maksud bango. Ceuk mujaer ka baturna,'Nanaonan bango nya geus sababaraha poe nangtung di dinya...?

Jawab babaturanana,'Meureun bango paeh mah' ceuk baturna deui. Sihoreng nu nyaritakeun bango eta teh lain ukur lauk laleutik,lauk galede ge saperti kancra,nila,nilem,tamakang jeung nu sejen-sejen geus leuwih ti heula. Malah lain ukur nyaritakeun tapi nepi ka ngadiskusikeun.

Ceuk kancra,'Herana teh kamari mah aya mujaer lieur ngaglisir kana sukuna,da teu dikkumaha !.
'Puguh enya kuring ge ngadenge beja kitu,' ceuk nila.
'Lamun kitu rek naon atuh maksudna Sakadang Baango teh ? ceuk nilem.
'Cing saha atuh nu wani,pek tanya ...! ceuk tamakang.

Sanggeus silih tuduh diptuskeun ku sarerea Sakadang Kakap jadi utusan. Sanajan tadina mah horeameun,tapi barang ngadenge sora saur manuk kitu mah,kakap kapaksa indit.

Bari rumpad-rempod kakap noelan suku bango. Ari lauk-lauk nu sejen kabeh nyerangkeun ti kajauhan. Katempo ku sarerea bango teh ngareret ka Sakadang Kakap,tapi teu aya pikasieneun,malah  siga nu deudeuh. Dina obrolan jeung kakap bango mopoyankeun yen moal lila deui talaga eta bakal dibedahkeun ku raja manusa. Ku sabab kitu pasti lauk gede lauk leutik bakal diala,mungkin engkena aya nu digoreng,dipais,dibeuleum,diacar,dipindang jeung rea-rea deui.

Nu matak bango geus sababaraha poe nengtung didinya,saenyana keur tapa,napaan nasib lauk satalaga eta. Ceuk bango watir ari kabeh kudu carem mah. Ceuk bango deui puguh manusa mah sato nu pangjahat-jahatna. Kuring mah cenah lamun ngahakan lauk ukur opat lima siki,ari manusa satalaga beak.

Karuhan we beja pikasieuneun eta sakeudeung ge geus nyebar di sakuliah talaga. Kabeh lauk luad-liud galeumpeur. Malah lubang,lele,bogo nu biasana cicig dihandapeun batu harita mah kalaluar.
Nurutkeun hasil babadamian,teu aya deui nu kudu hese neangan hakaneun,sabab lauk kabeukina daratang sorangan. Atuh cok geleber dibawa ka awang-awang,lek diteureuy. Kitu saterusna.

Ngan kituna teu lila,sabab sanggeus wates waktu majar talaga tea rek dibedahkeun beak,tapi buktina teu dibedahkeun wae,lauk-lauk teu percayaeun ka bango.
Ti harita teu aya deui lauk ngelol. Ku sabab kitu kapaksa bango neangan bancet atawa cacing.
Keur kabeh lauk di talaga eta,pangalaman katipu ku bango teu weleh jadi pikiran. 

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...



 
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!