Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Buaya









Dongeng Sunda Sakadang Peucang  Jeung Buaya
Aya buaya geus kasohor galak,katindihan tangkal kai. Geus sapoe adug-adugan tapi teu bisa lesot. Manehna geus leutik hate kana bisa leupas tina kai nu nindihanana.
ku sabab kitu gawena ngan ceurik,nyengceurikan nasibna ku naas luar biasa.Keur kitu lar munding ngaliwat pulang nyatuan ti tegal. Gancang ku manehna digeroan. mimitina munding reuwaseun sabab tara-tara buaya make nyatuan. Ngan sanggeus nempo buaya teu walakaya karek munding daek nyampeurkeun.

Sanggeus deukeut buaya lengas-lengis hayang ditulungan supaya dipangjungjungkeun kai nu nindihanana.
Munding embungeun sabab nyaho adat buaya,upama manehna geus lesot tina kai pasti bakal malik nekuk. Buaya susumpahan moal nepi ka kitu. Sanajan kitu munding tetep embungeun nulungan. Komo lamun inget ka anakna mah si Eneng,paehna dihakan buaya. Sakali deui buaya susumpahan  moal deui nepi ka mergasa ka makhluk nu nulunganana.
Perkara Si-Eneng nu geus paeh ku manehna,buaya menta dihampura sabab cenah harita manehna lapar pisan.
Ku lantaran buaya lengas-lengis bari jeung susumpahan moal mergasa,munding eleh deet daek mangjungjungkeun kai nu nindihan manehna. Kai nu sakitu gedena ku munding meh ukur sakali ngarinduk ngeser.,nepi ka buaya salamet.

Buaya nganuhunkeun ka munding. Ngan waktu munding rek ngaleos ti dinya buaya nyarek,' Keheulaanan Sakadang Munding...!'cenah.
'Rek naon deui,kapan sampean geus salamet,..? ceuk munding.
'Sampean ulah kapalang bela. Sampean geus nyalametkeun nyawa kaula. Tapi ayeuna kaula lapar sabab ti isuk tacan kararaban hakaneun. Wayahna wae kaula hayang punduk andika ..! ceuk buaya.

Munding kacida ambekeunana. Ngan rek ngalawan teu wani da pasti manehna eleh. ukur ngalawan ku omong. Tapi najan munding ngomong panjang lebar,nyecelehkeun,ku buaya teu dianggap. Buaya keukeuh rej nekuk munding.
  
Keur pacungkrengan kitu jol Sakadang Peucang.
Ceuk munding,'tah kabeneran aya Sakadang Peucang. Cing kumaha pihadeeunana upama kieu kajadiana...?'
'Kumaha ceuk peucang pondok.
Derekdek ku munding dicaritakaeun  ti awal nepi ka ahir. ngadenge omongan munding,peucang mah ukur unggeuk-unggeukan. Geus kitu peucang nanya,'bener kitu sakadang buaya...?'
  
'Bener,' tembal buaya.
'Aranjeun satuju lamun kaula hakim ..?' ceuk peucang.
'Satuju,' ceuk munding jeung buaya.
'Upama geus satuju kitu,kaula hayang nyaho,kumaha nindihanana  kai ieu sampean...! Cing sok kumaha tadi teh...?'
  
Buaya ngagibeg-gibeg kai nu nindihanana tapi teu kuateun. ' teu kuat Sakadang Peucang ... ! Beurat... ceuk buaya.
'Wayahna bae Sakadang Buaya kaula teu bisa nulungan deui sampean bakal nekuk ka kaula jeung Sakadang Munding...! ceuk peucang bari ngaleos jeung munding.






DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.