TAMAN PAMEKAR JILID III
|
AMAN NYABA KA JAKARTA
Setatsion Krawang - Bekasi - Jatinegara - Pasar Senen geus kaliwatan,teu lila jol ka setatsion Jakarta Kota. Reg kareta api teh eureun.
"Setatsioan naon ieu teh Pa,mana ageung-ageung teuing ...? "ceuk Aman ka apana.
"Apan setatsion Jakarta kota tea," tembal apana, " pek beberes kadinyah,kasa aya nu tinggaleun,jeung sing tartih turunna ulah gurunggusuh."
Pa Aman saanak-bojona jut tarurun tina kareta api.
Di setatsion nyampak uana Aman mapagkeun,tuluy Pa Aman sasalaman. barudak oge marunjungan ka uana.
" Euleuh,ieu Ujang,Nyai,mani geus jarangkung nya...!" ceuk uana, "Yu urang kana oplet wae ayeuna mah ngaran gancang...!"
"Mangga ngiringan," tembal Aman. .......................................................
Sajeroning di setatsion,Aman jeung Ade,teu wleh hookeun,ningal laayaan setatsion jakarta anu sakitu sigrongna jeung sakitu ramena. jelema anu rek indit nyaba jeung anu tarurun tina kareta api,mani pabaliut matak kaweur. komo eta mah kuli-kuli anu marawa barang-barang dina gorobag leutik,mani ting gurudug bari teu eureun gogorowokan : "minggir !Minggir ! cenah."
Sanggeus kaluar ti setatsion,barudak teh beuki tambah-tambah bae hookeunna ningal tutumpakan di buruan setatsion sakitu reana,babakuna mobil taksi,oplet jeung beca aya ratusna.
Pa Aman jeung saanak-bojona clak tarumpak oplet,dius maju nyorang jalan anu pohara ramena. Tutumpakan pasuliwer teu aya eureuna.
Sora tuter mobil tatat-tutut patembalan jeung sora empet oplet datdat-dotdot matak kaweur.
Matak paur mah ningal nu tarumpak kareta mesin jeung beca,tingsalier,tingsariet meh pagaris jeung baturna,sok sieun jedak-jedak wae padupak.
Aman jeung Ade sajeroning tumpak oplet teh teu weleh galecok ngaromong bari tanjak-tunjuk,sagala ditanyakeun ka uana.
Ari Aman hookeunana teh nenjo gedong-gedong nu saligring jeung toko-toko nu nu alagreng. Ceuk dina pikirna : " Leuh kutan kieu ari kota Jakarta ... ! Ngan hanjakal ku hawana,panas nyongkab asa direrab.
Gancanging carita,Pa Aman saanak-bojo geus daratang ka nu dijugjug.
Semah jeung pribumi cararita silih tempas nembongkeun kasonoan jeung kabungahan. Selang-selang tina cararita,prak ngaleuleueut.
Aman mah mani regot deui regot deui nginum limun jeung es,geus beak sababaraha gelas.
Isah ngaharewos ka Aman : " Tong kokomoan teuing nginum teh Man,bisi nyeri beuteung...!"
"Atuh da halabhab,Ceu ...!" jawab Aman.
Ari Ade,ngan ngaweswes bae ngadaharan rambutan jeung dukuh,cangkangna mani geus balatak di kolong meja.
"Leuh na aya aramis rambutan sareng dukuh Jakarta mah,nya Ceu ... ?ceuk Ade tamba era.
"Enya,tapi teu kenging seueuer teuing daharna,jeung eta deuih cangkangna teu kenging dibalatakeun kitu,kumpulkeun kadinyah ...! omong Isah.
"Teu sawios atuh Nyai ...! omong pribumi. "Seger puguh oge tuang rambutan di tempat panas mah,nya cep ? "
Ade tungkul,teu nembalan,eraeun meureun.
No comments:
Post a Comment
Note: only a member of this blog may post a comment.