Showing posts with label Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar. Show all posts
Showing posts with label Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar. Show all posts

Carpon Tina Buku Basa Sunda
Taman Pamekar Jilid III
"Tumpak Kareta Api ka Jakarta" Volume.II



 Taman Pamekar Jilid III
TUMPAK KARETA API KA JAKARTA VOL.II



VOLUME I NA  DI DIEU >>
Sabot barudak keur ngaromong ka hareupeun Ade aya jelema ngaliwat mamawa bunderan beureum sagede panepak bal di gagangan dina beuheungna guntal-gantel surilit jeung make peci beureum.

"Kang Aman,tukang naon eta eta teh nya,bet mamawa panepak beureum,jeung dikongkorong surilit deuih?"

"Lah Ade mah,dusun teh beakeun ku sorangan," tembal Aman.
"Apan Kapala setatsion eta teh,anu disebut setatsion sep tea. Apan di Cicalengka ge aya.

Sabot barudak galecok cacarita silih tempas,Kapala statsion niup surilitna,mere tanda yen kareta api kudu indit.


Hoooong! hoooong! hoooong! lokomotipna disada.

Geleser kareta te maju.

"Kang Aman,naha nya lokomotip teh beda ieu mah,disadana oge hong-hongan.Apan kareta api nu ditumpakan kamari mah disadana teh:kuikiiik-kuiiik-kuiiii,cenah."

"Enya nya beda jeung kareta api nu ti Cicalengka ieu mah."tembal Aman.

Isah nempas:"Is meureun wae kareta api nu kamari mah lokomotipna nu biasa,nu disuluhan tea,lokomoti[ baheula eta mah.Ari ieu mah lokomotip "disel" buatan ayeuna,tara disuluhan,tapi make minyak solar.


"Euh kitu ceu?" omong Aman jeung Ade meh bareng."Paingan atuh beda,ieu mah ngageleser raraosan teh".
"Enya beda sagala rupana" ceuk Isah. "bangunna beda disadana beda,pabrikna oge beda deuih."
"Buatan pabrik mana Disel teh Ceu?" ceuk Aman ka lanceukna.
"Buatan pabrik Jerman bejana mah" tembal Isah.
"Palinter Ceu nya batur mah,beuki model-beuki model wae buatanana teh" omong Aman.

Apana nempas:"Is urang oge jaga mah tangtu bisa nyieun kareta api sorangan,kawas bangsa Jerman,dapon karenceng karepna jeung galede kadaekna wae".

"Wah Ade mah leutik kenah geus resep ngalamun!"
ceuk Aman bari seuri. "Kamari hayang jadi pilot:mending oge jadi tukang tani,ambeh teu kakurangan dahareun." Cag.




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Carpon Tina Buku Basa Sunda
Taman Pamekar Jilid III
"Tumpak Kareta Api ka Jakarta" Volume.I




TUMPAK KARETA API KA JAKARTA

Isuk-isuk Pa Aman saanak-bojona geus bral arindit ka setatsion Bandung.
Sadatang-datang ka setatsion Pa Aman tuluy ngantay di hareupeun loket rek meuli karcis.Kabeneran nu ngantay teh can sakumaha reana harita mah,lantaran datangna ka satatsion isuk keneh jeung deui lain poe Minggu mah teu sakumaha reana anu nyaraba teh,jadi harita mah rada salse oge di statsion teh, teu raribut teuing. Copet oge kawasna teu pati aya harita mah.

Sanggeus meunang karcis Pa Aman saanak-bojona cat arunggah kana dareksi kelas 3.Kabeneran lowong keneh,jadi bisa milih tempat anu tumaninah,ngariung limaan teu papisah,pa-hareup-hareup sisi jandela:Isah sabangku jeung emana ari Ade jeung Aman sabangku jeung apana.

"Raos nya Ceu kareta Bandung-Jakarta mah !" omong Aman ka Isah
"Is puguh wae ieu mah kareta api istimewa teu kawas kareta api anu ti Cicalengka"
"Euleuh Ceu,itu mah palih ditu make aya mejaan sagala nya "
"Enya paranti dalahar etamah
" tembal lanceukna.
"Ari eta naon Ceu,tah di luhur ya cacangklek beureum dihandapna diaksaraan "rem bahaya".
"Paranti ngerem lamun aya bahaya waktu kareta api keur maju" tembal Isah.
"Ari itu tug aya kamar,paranti naon Ceu bet make aksara WC." ceuk Aman.
"Kamar paranti kahampangan." tembal Isah.
"Kenging urang papang di dinya Ceu?" tembal Ade.
"Is puguh wae meunang mah,anu matak di ayakeun oge paranti sarerea.Ngan hanjakal sok jarorok makena."

Barang Adetungkul,di handapeun meja katenjo aya karanjang kawat.

"Ari ieu karanjang kawat paranti naon Ceu,bet diteundeun di dieu,gigireun bangku?" ceuk Ade.
"Paranti wadah runtah eta mah."tembal lanceukna.
"Mun Ade dahar cau,atawa naon bae,cangkangna kudu dipiceun ka dinya ulah ka mana bae lungna."
Nyambung >>


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Taman Pamekar I Imahna Aman




Buku Taman Pamekar I
TAMAN PAMEKAR JILID I




.
                         

  
Buku Taman Pamekar I
IMAHNA AMAN - TAMAN PAMEKAR JILID I

                       
Imah Aman sisi jalan,katembongna raresik naker.
Bilikna dikapur,jandela-jandelana jeung panto-pantona di cet hejo,tepasna dikacaan.
Diburuanana aya bunderan,pinuh kurupa-rupa kekembangan nu keur meujeuhna mangkak : aya eros,daliah,herbras jeung malati susun. Kembang sedep malem oge aya di sisi pager.

Isuk-isuk samemeh indit ka sakola,Isah sok bebeeresih jeung beberes heula.
Mimiti tengah imahna disapuan,terus tepas hareupna.
Enggonna oge tara kendat disapuan jeung diberesan deuih.
Nya kitu deui paparobatan:korsi,meja,lomari jeung bupet teu aya nu kaliwat,diserebetan nepi ka harerang.

Nempatkeunana parabot imah estu beres jeung merenah,matak betah anu nyemah.
Aman oge sok mantun sasapu di buruan. Runtahna dikeduk,tuluy dipiceun kana lombang.
Kamar hareup sok dipake ngapalkeun ku Isah,da ngarah jongjon cenah,kawantu Isah mah geus kelas 6,ngapalkeunana kudu leuwih getol,diajarna leuwih enyaan,ambeh lulus ujian ka sakola lanjutan.

Ditukangeun imahna aya balong,dipelakan rupa-rupa lauk, aya: lauk emas,tawes,mujaer,nilem jeung gurame.
Aman jeung adina sok ngaruseup di dinya.
Tambakanana dipelakan kacang panjang,diturusan ku regang awi haur. Buahna laleubeut jeung paranjang mani ngagarebay.
Lain ngan kacang jeung paria-belut bae nu dipelak di dinya teh,taleus bogor oge aya.
Daunna keur parab gurame,ngarah tereh galede cenah.
Matak betah nya,cicing di imah Aman mah ...!!!

 Tina:Buku Taman Pamekar ka I bacaan kelas 3 Sakola  Dasar.
     


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Taman Pamekar I - Isah,Aman jeung Ade - Tilu Dulur



       
Buku Taman Pamekar








Barudak,maraneh geus warawuh ka Nyi Isah,ka Jang Aman jeung ka Ade ?
Eta teh tiluanana putra Pa Sastra,Mantri Pasar Cicalengka.
Isah jeung Aman geus sarakola di Sakola Dasar.
Isah geus kelas 6,ari Aman kakara kelas 3.
Ade mah acan sakola,da umurna kakara 5 taun.

Tuh geuning Isah jeung Aman kakara daratang ti sakola,di buruan dipapagkeun ku Ade.Tas buku anu Aman direbut ku adina,dibawa ka tepas.
Buku bacaanana ku Ade dibukaan,diilikan gambarna bari kunyam-kunyem kawas nu maca.
Tapi ku Aman buru-buru direbut deui,da bisi kotor ceunah.
Lamun Isah jeung Aman kakarawihan atawa hahariringan di tepas,Ade sok nurutan.
Geura pek titah ngawih " Tokecang " atawa " Tongtong papatong,apaleun.

Lain ngan kakawihan bae pangabisana teh,gagambaran oge geus bisaeun.
Ari gagambaranana,mimiti sok dina taneuh ku rokrak,atawa dina ubin ku areng.
Tapi sok gancang dipupus ku Isah,da kotor cenah curat-coretdina ubin mah.
Ayeuna mah gagambaranana tara dina taneuh atawa dina ubin,da ku apana geus dipangmeulikeun buku gambar jeung patlotna. Geura yu urang arilikan...!


Tah ieu gambar japati dina pagupon(kandang japati),nu ieu mah lauk emas.
Ari eta anu siga karung beas,tapi aya huluan ... ?
Euh,jelema keur diuk geuning eta mah ... !
Leuh bisaan nya,Ade mah,cacakan acan sakola.
Komo engke mah mun geus sakola,tada teuing pinterna.
Cing saha nu hayang boga adi kawas Ade ? (abdi mah alim).

- Carpon Tina Buku Basa Sunda Taman Pamekar Jilid III "Tumpak Kareta Api Ka Jakarta" klik Nu Ieu >>




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar III : Di Jakarta




TAMAN PAMEKAR JILID III











AMAN NYABA KA JAKARTA
Setatsion Krawang - Bekasi - Jatinegara - Pasar Senen geus kaliwatan,teu lila jol ka setatsion Jakarta Kota. Reg kareta api teh eureun.
 "Setatsioan naon ieu teh Pa,mana ageung-ageung teuing ...? "ceuk Aman ka apana.
"Apan setatsion Jakarta kota tea," tembal apana, " pek beberes kadinyah,kasa aya nu tinggaleun,jeung sing tartih turunna ulah gurunggusuh."

Pa Aman saanak-bojona jut tarurun tina kareta api.
Di setatsion nyampak uana Aman mapagkeun,tuluy Pa Aman sasalaman. barudak oge marunjungan ka uana.
" Euleuh,ieu Ujang,Nyai,mani geus jarangkung nya...!" ceuk uana, "Yu urang kana oplet wae ayeuna mah ngaran gancang...!"
"Mangga ngiringan," tembal Aman. .......................................................
Sajeroning di setatsion,Aman jeung Ade,teu wleh hookeun,ningal laayaan setatsion jakarta anu sakitu sigrongna jeung sakitu ramena. jelema anu rek indit nyaba jeung anu tarurun tina kareta api,mani pabaliut matak kaweur. komo eta mah kuli-kuli anu marawa barang-barang dina gorobag leutik,mani ting gurudug bari teu eureun gogorowokan : "minggir !Minggir ! cenah."
Sanggeus kaluar ti setatsion,barudak teh beuki tambah-tambah bae hookeunna ningal tutumpakan di buruan setatsion sakitu reana,babakuna mobil taksi,oplet jeung beca aya ratusna.
 Pa Aman jeung saanak-bojona clak tarumpak oplet,dius maju nyorang jalan anu pohara ramena. Tutumpakan pasuliwer teu aya eureuna.

Sora tuter mobil tatat-tutut patembalan jeung sora empet oplet datdat-dotdot matak kaweur.

Matak paur mah ningal nu tarumpak kareta mesin jeung beca,tingsalier,tingsariet meh pagaris jeung baturna,sok sieun jedak-jedak wae padupak.
  
Aman jeung Ade sajeroning tumpak oplet teh teu weleh galecok ngaromong bari tanjak-tunjuk,sagala ditanyakeun ka uana.

Ari Aman hookeunana teh nenjo gedong-gedong nu saligring jeung toko-toko nu nu alagreng. Ceuk dina pikirna : " Leuh kutan kieu ari kota Jakarta ... ! Ngan hanjakal ku hawana,panas nyongkab asa direrab.

Gancanging carita,Pa Aman saanak-bojo geus daratang ka nu dijugjug.

Semah jeung pribumi cararita silih tempas nembongkeun kasonoan jeung kabungahan. Selang-selang tina cararita,prak ngaleuleueut.
 Aman  mah mani regot deui regot deui nginum limun jeung es,geus beak sababaraha gelas.
 Isah ngaharewos ka Aman : " Tong kokomoan teuing nginum teh Man,bisi nyeri beuteung...!"

"Atuh da halabhab,Ceu ...!" jawab Aman.
Ari Ade,ngan ngaweswes bae ngadaharan rambutan jeung dukuh,cangkangna mani geus balatak di kolong meja.
"Leuh na aya aramis rambutan sareng dukuh Jakarta mah,nya Ceu ... ?ceuk Ade tamba era.

"Enya,tapi teu  kenging seueuer teuing daharna,jeung eta deuih cangkangna teu kenging dibalatakeun kitu,kumpulkeun kadinyah ...! omong Isah.
"Teu sawios atuh Nyai ...! omong pribumi. "Seger puguh oge tuang rambutan di tempat panas mah,nya cep ? "
Ade tungkul,teu nembalan,eraeun meureun.



DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Basa Sunda Taman Pamekar
Pelesir Ka Puser Kota




PELESIR KA PUSER KOTA
 
Pasosore sabada asar pa Aman saanak-bojona ngabring pelesiran di puseur kota Mimiti mapay-mapay jalan anu lalega sarta raresik, tapi harita mah teu tutumpakan,da resep cenah jalan-jalan bari rarat-reret nenjoan gedong-gedong anu saligrong.

Barang nepi ka hareupeun Istana Merdeka,Aman ngarandeg bari nanya ka apana : " gedong saha eta teh pa,mana ageung-ageung teuing ? Tuh dipayuna oge nganggo bandera indonesia sareng unggal lawang dijagi ku tentara nyepeng bedil.

"Kapan nya eta nu disebut Istana Merdeka teh,panglinggihan Presiden Republik Indonesia."
" Dupi nu disebut gedong Arca teh palih mana, Pa ... ?" , " Beulah ditu gedong Arca mah,geura yu urang ngaliwat ka dinya !".

Pa Aman saanak-bojona bring arindit ngajugjug ka gedong Arca.
" kenging Pa urang lalebet kadinya ...? " ceuk Aman,"abdi mah hayang terang kaayaanana."
" Atuh geus tutp ayeuna mah," tembal apana," kudu isukan ti beurang."

" langkung sae urang ka ditu wae ayeuna mah Pa, ka Pasar Baru,urang mapay-mapay toko anu arageung,"omong Isah.
Emana nempas : " Wahlelewa teh kawas nu rea duit wae isah mah,make rek mapay toko sagala."

 " Ih ari ema atuh hayang terang wae kumaha ramena Pasar Baru Jakarta," tembal Isah, " sareng eta abdi mah sok resep teh ningal psang-petana neundeun barang-barang dina etalase."
" naon etalase teh ceu ...? " ceuk Aman.
" Ari etalase teh pamidangan barang-barang di toko bagian hareupna."
" atuh kudu tumpak oplet atawa taksi ari rek ka Pasar Baru mah,da rada jauh,Ade bisi mopo," omong pa Aman. " Sumuhun Pa," ceuk Ade, " Ade mah parantos cape,langkung sae kana oplet wae."

Pa Aman tuluy ngeureunkeun oplet,clak sarerea tarumpak oplet,dius ka Pasar Baru. Teu lila geus nepi ka nu dijugjug.

Pa Aman saanak bojona tuluy ngabring mapay-mapay toko anu galede,barang-barangna marodel tur pasang petana neundeun barang matak narik kana hate,matak moho anu nenjo,da puguh beunang nyusurup,mani jiga aralus kabeh.

hareupeun " Toko karajinan " pa Amanngajanteng rada lila,bari omongna ": leuh ku alus eta padudan,mani leucir kitu...!!!"
" Wah padudan mah di Cicalengka oge seueur," tembal emana Aman. " itu tuh wadah lemareun nu sae mah,aya ku lucuna ukiranana.
 " Sumuhun Ema," omong Isah," itu deuih nu sarae teh tuh kelom geulis,disurupkeun sareng sinjang rereng daun peuteuy,na aya manis ...!" 
" Euleuh kakareta-apian alit bisaeun maju ku manehnya Kang Aman..!" ceuk Ade. " ku naon nya majuna ... ?"
" Diputer perna,kawas muter beker atawa jam...! tembal Aman.
" Enya alagreng toko-toko di jakarta mah,jeung barang-barangna aralus," omong Pa Aman, "ngan hanjakal..." . Hanjakal kumaha Pa ?
Iasah nanya ka apana. Hanjakal wae lain nu bangsa urang," jawab bapana,"Karereanana nu bangsa asing."
" Sumuhun," tembal Isah, " na iraha atuh nya,bangsa urang garaduheun toko cara bangsa deungeun ... ?

" jaga mah bangsa urang oge tangtu barisaeun ngaradegkeun toko gede cara kieu,sok mun karenceng-karepna sarta galede kadaekna bae," omong apana. " cara Tasikmalaya,kapan karereanana toko teh nu bangsa urang."

" Sumuhun nya Pa,upami sadayana toko teh nu garaduhna mah panginten bangsa urang mah panginten langkungsugema balanjana oge," omong Isah.
" Ih geuning geus burit ieu teh," omong bapana, " hayu urang baralik,bisi kaahiran shalat magrib...!"
             - Wilujeng ngawawaas anjeun -         
           
 Tina: Buku Taman Pamekar jilid ka III bacaan kelas 5 
       Sakola  Dasar 1970.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!