Dongeng Sunda Gagak Hayang Kapuji



Dongeng Sunda Gagak Hayang Kapuji
Gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheungheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggeus anjing aya dihandapeunana, boro-boro ditanya,teu direret-reret acan.

Anjing mikir piakaleun supaya dengdeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong,'Leuh na aya manuk alus-alus teuing. Pamatuk panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naonnya ngarana ? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cenderawasih ge moal eleh.'

 Mimiti mah omongan anjing teu didenge. 
Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cenderawasih,gagak atoheun pisan. Manehna kungsi manggih beja yen cenderawasih teh manuk panghadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh. Kitu nu matak manehna ngarasa ngenah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi dengdeng jeung anjing. ngan ku sabab hese meulahna kahayangna teu dilaksanakeun.
  
Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna. Kusabab kitu pok deui anjing ngomong,'Lamun dekeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan,sare di golodog,kajeun manggih dahar ge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu,atuh ngadenge-denge sorana. Meureun moal panasaran teuing...!'

Barang ngadenge pamuji anjing nu sakitu matak ngeunahna,gagak poho keur ngaheungheum dengdeng,ngan ngong we disada,'Gaaak ! Gaaak ! cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk weh dengdeng tea murag tuluy dihakan di nu bala.
  
Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjongan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan teh hayang dengdeng nu keur diheungheum ku manehna.
Ti dinya mah geleber gagak teh hiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing. 

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...





DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.