Dongeng Sunda Gajah Jeung Sireum



Dongeng Sunda Tempo Doeloe
GAJAH JEUNG SIREUM



Dongeng Sunda Gajah Jeung Sireum
Di hiji leuweung aya gajah kacida badagna. Upama leumpang teh tonggongna antel kana dahan kai. Kabeh sato nu aya di leuweung eta teu aya nu wani ngalawan.Sumawona manehna bener,dalah salah ge sok digarugu we da nyaeta ku sieun tea.


Ngan pedah teu aya nu wani tea kalakuanana sawenag-wenang. Upama baranghakan tara ieuh inget ka batur,jukut teh dihakan ku sorangan we. Nepi ka sato leutik saperti landak,peucang,mencek beakeun. Lain ukur kitu upama leumpang tara nenjo tincakeun. Loba sato leutik nu paraeh katincak kumanehna.


Hiji mangsa mah aleutan sireum nu harita keur ngarak rajana,leye-leye we ditincakan.Sakitu pangawal raja gogorowokan ka gajah kudu ati-ati leumpang sabab loba sireum nu cilaka katincakan,teu pisan didenge. Padahal piraku teu kadengeun sakitu ceuli erbingna.


Barang kajadian eta kauninga ku raja sireum,kalintang benduna. Harita keneh gajah teh ditantang perang. Ngadenge panangtang kitu gajah kalahka seuri. Majar teh ' Hayu wae Sakadang Sireum hayang perang mah.Rek iraha,ayeuna isukan atawa iraha ? Kumaha sampean ! Hayang beurang hayu,hayang peuting hayu !'Tong loba omong Sakadang Gajah...! Upama enya mah sampean wani,saminggu deui ti ayeuna ...!'ceuk raja sireum.


'Heug ! ceuk gajah pendek. Ngomongna kitu bari ngger seuri da puguh nguntup tea. ' Di mana tempatna ? gajah nanya.

'Di dieu ...!' tembal gajah.


Sanggeus gajah ngaleos ti dinya,raja sireum marentahkeun rahayatna nyieun lombang gede. Teu kudu mindo marentah harita keneh rahayat sireum obyag digarawe nyieun lombang beurang peuting. Kusabab sararea digarawe suhud isukna rek ger perang teh geus anggeus.


Raja sireum jeung rahayatna geus noyek wetaneun lombang nu gedena kira-kira sagede leuit bari jeung jero deuih. Tapi ti luhur mah teu katara aya lombang,jukutan biasa we,da puguh dijieuna dikorowot.Nu matak sireum-sireum caricing wetaneun lombang pedah pidangeun gajah ti beulah kulon.

Kacaritakeun isukna jol gajah dugla-digleu bari ngapit-ngapit tulale,nembongkeun paroman taya kagimir. Rada jauh keneh oge gorowok raja sireum nangtang, ' Sook Sakadang Gajah lamun enya mah sampean lalaki langit sampeurkeun kaula...

Eta mah gajah barang ngadenge omongan raja sireum kitu, sebrut lumpat maksudna rek ngabantingkeun raja sireum ku tulalena, bari rek ngirik-nigirik sireum sejenna. Tapi tacan nepi ka raja sireum,gajah tigebrus manten kana lombang nepi ka laput. Atuh ger sireum-sireum sarurak bari breg ngaronom gajah terus pada ngegelan. Gajah sombong teu bisa walakaya gegerungan dina lombang nepi ka paehna.

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.