Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Bagong



Sakadang Peucang Jeung Bagong
SAKADANG PEUCANG JEUNG BAGONG



Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Bagong
Di hiji leuweung aya bagong jalu,bagong nunggal,sihungna geus ngeluk buluna bodas,awakna badag. Boro-boro bangsa bagong deui dalah sato-sato sejenna oge teu aya nu wani ngadeukeutan,sarieuneun.
Hiji mangsa Si Bagong teh panggih jeung sakadang peucang. Barang prok barang sesegrok we bari ngomong. ' Hey sakadang peucang !
kadieu dakeudeung !'

Mimiti mah peucang ge kacida reuwaseunana,sabab teu sangka palebah dinya manehna panggih jeung bagong. Ngan dasar peucang bisa neger-neger maneh. PEucang ngajawab bari tenang, 'Rek naon Sakadang Bagong ?'

'Maneh nyaho ayeuna nya  Yen di saleuweung ieu teu aya deui nu wani ka kaula ! Kabeh sato-sato sarieuneun !' ceuk bagong bari sombong.
'Bener!Bener! tembal peucang bari unggeuk-unggeukan. 'Ngan...!'
'Ngan naon ? ceuk bagong bari mureleng.
'Ngan jigana sampean ge moal wani ka manusa mah,'ceuk peucang.
 'Hah ! Siga kumaha sato nu ngaranna manusa teh ? bagong nanya.
'Awakna mah sedeng we,gede henteu leutik henteu . Leumpangna ku dua suku teu cara urang. Ngan pinter loba akal' tembal peucang.
'Cing hayu ayeuna urang teangan...! Ku aung rek diamuk ..! ceuk bagong ujug-ujug napsu sabab aya sabab aya makhluk nu cenah leuwi gagah batan manehna.

'Hayu ..! ceuk peucang,'ngan kudu jangji heula. Upama engke aya naon-naon ulah ngambek ka kaula. Da kaula mah darma nuduhkeun ...!'
 'Moal..! Malah sampean jadi saksi,kumaha jajaten kaula..!' ceuk bagong.Peucang jeung bagong nyarumput di nu buni  sisi jalan nu sok diliwatan ku jelema.

Teu lila lar budak sakola,make pakean seragam bari nyorendang tas dieusi buku,kawasna rek ka sakola. Bagong nanya ka peucang lalaunan,'Ieu manusa teh? ' Tembal peucang,'Eunya ieu. Ngan ieu mah pentil keneh. Pimanusaeun. ' Bagong unggeuk.
Teu lila jol deui aki-aki,takrah-tokroh kundang iteuk bari nyorendang koja. ' Ieu nya manusa mah ? Baong nanya deui.
Peucang gancang ngajawab,' Is bener. Ngan ieu mah geus buruk mun cara buaha mah. Ke sabar. Moal lila ge datang geura ...!
Bagong unggeuk.

Teu lila ti harita jol panigaran ngajingjing bedil,leumpang dangah bari rurat-reret ka kenca-kakatuhueun jalan.
'Tah mun bener ieu manusa nya .. ? baagong nanya bari kawas nu teu sabar pisan.
Peucang gancang ngajawab,' Bener ieu manusa ...!'

Barang ngadenge jawaban peucang kitu,bagong teu antaparah deui,sebrut lumpat ti panyumputanana nuju manusa maksudna rek ditubruk. Paninggaran tea barang nempo bagong rek nubruk,gancang ngecengkeun bedilna ditujukeun ka bagong. barang geus deukeut,beledag sora bedil disada,pelorna beunang kana awakna. Bagong nu tadi keur mempeng lumpat nambru teu hudang deui. paninggaran nyampeurkeun ka bagong nu geus ngagoler bari ngomong, ' ieu yeuh sato nu sok ngaruksak pepelakan aing teh ..!' cenah.
 Ari peucang mah nempo kajadian kitu ukur gogodeg tuluy ngaleos ka leuweung.

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...
KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.