BASA WEWENGKON (DIALEK)
Basa (Bahasa) Sunda anu ilahar dipake dina kahirupan sapopoe teh nurutkeun para ahli basa mah aya dua rupa,nya eta 'basa indung' atawa 'basa lulugu',jeung 'basa wewengkon' (basa dialek).'Basa indung' atawa basa lulugu, nya eta basa anu dipake standar,sarta anu marakena ge leuwih rea. Alatan kitu 'basa indung' atawa 'basa lulugu' pisan anu diparake dina surat kabar,majalah,buku, surat, warta dina radio,katut tulisan ilmiah sejenna.
Sedengkeun 'basa wewengkon' atawa 'dialek' mah diparake ku masyarakat di eta daerah ,atawa di wewengkonna sewang-sewangan. ku lantaran ngan diparake di hiji wewengkon,atuh basa wewengkon di hiji daerah,tacan karuhan sarua jeung nu aya di daerah sejen. Upamana wae kadaharan anu di Bandung disebut 'oncom'.di Kuningan disebut 'dage'. Kitu deui 'wadah lauk' tina anyaman awi anu sok disoren ku tukang nguseup. Kana ieu barang,aya anu nyebut 'korang',aya oge anu disebut 'kempis'. Lauk leutik anu Di Bandung disebut 'lauk sarebu',kaasup anu rea pisan ngaranna. Aya anu nyebut 'gendot',aya anu nyebut 'berenyit',aya anu nyebut'endol', 'impun',malah aya deui anu nyebut 'kulinyar'.
Pikeun masrakat anu ngagunakeunana,'basa wewengkon' atawa basa dialek teh teu kudu disapirakeun,jeung entong hina ngagunakeunana.Sabalikna masyarakat sejenna kudun gajenan,teu kudu ngageuyeuhkeun mana komo nyeungseurikeun. Sabab ayana basa wewengkon kitu teh teu bisa dipisahkeun tina kabeungharan 'basa Sunda'.
Basa Sunda wewengkon Tasikmalaya
Abi - Abdi
belenik - tolombong leutik
botram/mayor - dahar,balakecrakan
babancik - golodog
gendot - genjer
endangan - ucing-ucingan
hilang - maot
kumeli - kentang
kulinyar - lauk sarebu/impun
olet - panitik
salut - lasut
minyak keletik - minyak kalapa
minyak lantung - minyak tanah
wangkong,ngawangkong - ngagambar langlayangan
Basa Basa wewengkon Kuningan
Api - seuneu
benten - sabuk,beubeur
cawene - parawan
ceceting - boboko leutik
celem - angeun
ceplek - sendal capit
dage - oncom
endi - mana
empan - daek,purun
eskan - teko
endong - saku,pesak
gegeh - gancangan,buru-buru
gemet;dage saemet - comro
gili - jalan
heheom - kabogoh
hahajaan ujur - ngahajakeun pisan
ilok - na enya
pineuh atawa nare - sare
kendi,tina ka endi - kamana
kapiak - katincak
kacapeu - sampeu
kagila-gila keding - kacida pisan
karang hulu - bantal
ka - sing
katarik - sing tarik
kegede - sing gede
kagugu - hayang seuri
mungkal - batu
meong - ucing
menit - rieut
mecak - ngeunah,ngeunaheun
tindi,tina endi - ti mana
teoh - handap,landeuh
nembok - nyeduh,ninyuh
temenan - enyaan
senteng - palangdada
serewal - calana
jenuk - rea,loba
bapa kolot - aki
(Tina: TATAKRAMA (Undak-usuk)Basa Sunda 1988-Adang S)
No comments:
Post a Comment
Note: only a member of this blog may post a comment.