Sejarah Wayang Bahasa Sunda Bagian 1

    


pertunjukan wayang golek
 Wayang Golek Jaman Baheula

                    

Asal - Muasalna Wayang - Bahasa Sunda.
Lamun urang pareng ngabandungan pagelaran wayang boh dina radio atawa dipanglalajoanan,sok ka kuping galindengna kawih pasinden unina saperti :Kasenian kabudayaan Titinggal karuhun urang.

Kumaha ari kasenian Wayang naha titinggal karuhun urang? Pikeun ngajawab ieu patarosan,bener atawa henteuna,tinangtu mikabutuh anu jembar. Di dieu urang cutat pamendak sareng pedaran para ahli tina bab wayang.

Numutkeun pedaran Bapa M. Wangsaatmaja dina gempungan para Dalang 1952 kaunggel :Kumaha asal-usulna nu mawi di urang (di P.Jawa) aya wayang? ringkesna : Lalakon wayang asal ti India anu kitabna kosohor disebat Mahabharata karangan Abiasa. Leresan ieu poma entong lepat mangartos,sanes model wayang anu saperetos di urang ayeuna:di ditu mah mung dongengna wungkul anu kitabna pohara di-pusti-pustina. Ditariru diconto didaramel misil,manawi ibarat urang didieu kana 'Qur'an'.
Kitab Mahabharata tadi sadongkapna ka Pulau jawa ngahudang kana ngadaramelan wawayanganana anu kawit digambir dina daun lontar,teras dipintonkeun  dianggo 'propaganda' ngaliarkeun agama Budha.

Dina ngawitan ngadegna 'Agama islam',ieu kabudayaan Budha teh ku 'para wali' didaramel padika digulang-gaper kalayan disampurnakeun katut tatabeuhanana:lalakon-lalakonna dilebetan jatining ka-Islaman.
 Geura sindirna oge dina 'murwa'disebatkeun sabada medarkeun aksara anu 20 (Ha-na-ca-ra-ka..sst).

Metukakeun malih
Wianjana Wianjani
Wianjana:Sir rama,Wianjani:
Sir ibu.
Sir kangjeng rama tumiba mareng
Sir kangjeng ibu.
Tumiba malih ning kenya puri
kenya iku wewadah puri: kera
ton.........pundi kang diangg
ge jejer ?
Keraton(Ngasti upa-mina).
 

Tah di dinya parantos rek tembong dunya sagir-na"
 

Kitu numutkeun pamendakna Bapa M. Wangsaatmaja mah. Gelarna kasenian wayang teh sadongkapna Kitab Mahabharata,samemeh sumebarna agama Islam,anu kawitna digambar dina daun lontar.
 

Ari pedaran Bapa Akip Prawirasuganda(almarhum) mah kieu unggelna : Ayeuna mangsa urang teraskeun ku ngawitan gelarna wayang,nanging ti sateu acana urang terangkeun heula,naon hartosna ari kecap wayang. Numutkeun pamendak para bujangga mah ieu teh ayanu kawit tina wayangaya anu nerangkeun deui tina 'wa-hyang'.
 

Wa aya nu nerangkeun hartosna:caang,terang,gambar,aya deui cenah eta teh rarangken di hareup margi aya keneh dina kitab kawi,sapertos : 'wahiri' anu hartosna hiri dengki.
Dupi kecap yang hartosna,teu ajeg atanapi owah-gingsir atanapi hanteu ajeg.

Jadi sami bae kecap wahyang sareng wayang teh hartosna gambar lelembutna,gambar roh,kalangkang jiwa.Sanajan yang sareng hyang benten hartosna,nanging upami nyukcruk diangkar kecapna mah sami bae tina yang hartosna-owah gingsir'.

Naon margina nu mawi wahyang; sareng 'wayang' teh hartosna gambar lelembutan atanapi owah gingsir,margi lelembutan teh ongkoh ceuk kapercayaan bangsa urang kapungkur dipandangna owah gingsir.
Naon margina nu mawi wayang disebat gambar lelembutan ?
Ti baheula dugi ka kiwari teh nyorang 5 jaman:


- Jaman nyembah ka bangsa lelembutan.
- Jaman ngagem agama Hindu.
- Jaman ngagem agama Islam dugi ka ayeuna.
- Jaman kadongkapan bangsa Eropa
- Jaman Merdeka
 

Kapercantenan nyembah ka bangsa lelembutan teh kapungkur mah meh sagala bangsa,najan di Eropa oge nya kitu bae.Di urang tanah Jawa,babakuna pisan di Pasundan percanten,yen urang di deu meh campur pagaliwota sareng lelembut anu langlangbuana sareng lelembut anu matuh aya di padumukanana.

Anu langlangbuana tadi pagaweanana ngan kakalayangan bae ka ditu-kadieu neangan mangsana.
Anu tetep tadi aya anu kumbuh sareng aya anu mencil.


Anu kumbuh cara anu kieuna bae,make ngadegkeun karajaan:aya raja,patih,mantrina..sst,sapertos lelembut Onom,anu di Gunung koromong,Lawang Sanga ...sst.

Dupi nu mencil caricingna dina batu-batu gede,tatangkalan,walungan...sst.
Kajabi ti eta aya deui lelembutan anu ngancik dina pakarang atanapi parabot,nya nu sok nimbulkeun kasiat,sapertos:Kujang,keris,gobang,goong.


Aya deui atuh ngancik dina sasatoan,sapertos ,maung,bagong,buhaya,manuk. nu mawi sok aya basa maung kajajaden bagong kajajaden,sareng kapercantenan : ngetek atanapi nyegik.

Badan manusa oge pangna tiasa kumelendang gaduh kahayang itu-ieu,kulantaran kaancikan lelembut tea,da upami lelembut nyingkah mah teu benten ti lisung,teu daya teu upaya.lelembut dina badan manusa ceuk kapercantenan bangsa urang,kapungkur,aya tilu,nyaeta : pangacian,lelembutan sareng nyawa. 

Pangacian,Kaluarna upama kajadian urang sieun teuing atawa reuwas pohara dugi ka teras teu eling,tah ieu teh ku lantaran pangacian kaluar (kabur,nanging tara lami).Lelembutan ieu mah kaluarna waktu urang sare,ngider ka mana-mana,nya impian tea. Nyawa,ieu mah upami kaluar,nya maot tea,malah lelembutan sareng pangacian oge milu kaluar,marengan nyawa.  

Ieu anu tilu rupi upami kaluar,iwal ti lelembutan mah matuh dina kuburan jasadna,malah sakapeung indit datang ka barayana,nangtayungan kulawargana nu masih keneh aya di kieuna,malah upami hayangeun ngedalkeun kapanasaran,malar kanyahoan,sok nyurup.

Ku lantaran Si-Lelembutan tea sok datang ka imah jeung anggapanana bisa nyieun kasenangan kitu deui kasesahan ka kulawargana,saterasna dina waktu anu mustari   diayakeun sasajen,ku rupi-rupi kadaharan anu dipikaresep keur hirupna.

Upami kenging kererepet,lelembutan teh tiasa oge dihaturanan supaya sumping : dina waktu ngahaturanan atuh kajabi ti disayagikeun rupi-rupi sasajen sareng parupuyan,osok oge diayakeun tatabeuhan sareng boneka,ieu pakeun eunteupna Si Lelembutan: tatabeuhan ngarah senangeun. Sasajen atuh keur katedaanana: dupi menyan tadi kanggo pangayuh supados enggal sumping.

Lami-lami tina boneka,supados sami langkung mikaresepna nya digentos ku wayang,malar tiasa disaluyukeun kana sipat Si-Lelembutan,anu kakalayangan.

Sakitu pamendak Bapa Akib Prawira Suganda(almarhum),dupi pamendak-pamendak anu sanesna urang guar kapayun. Tina : Mangle no.283.tahun 1971.ku : Sajudi 
        
              



                                             
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!