Adat Sopan-Santun Urang Sunda:
" Pupuntenan "









                                                          
ADAT SUNDA " PUPUNTENAN "
Tanwande para pamaos parantos sami uninga,yen unggal bangsa sami ngagaduhan adat kabiasaan sewang-sewangan,anu tangtos pada teu sami,masing-masing numutkeun wewengkona sareng perbawa kahirupanana hiji-hiji tempat. Entong boroning sareng bangsa deungeun,dalah di anu sabangsa oge,sapertos pada urang Sunda nu asal sahuluwotan. Kumargi katarik ku pangaruhna kayaan atanapi ageman sareng sajabi ti eta,kedah bae aya bentenna, Kitu nu mawi di urang aya wawangsalan anu unggelna " Jawadah tutung biritna,sacarana-sacarana ".

Di antawis sagala rupi hasil karya tina rasa manusa anu pangmunelna kanggo hirupkumbuh nya eta adat kabiasaan sae nu ilahar sok disebat " Tatakrama ". Hiji jalma anu ninggalkeun tatakrama,eta ibarat uangkertas nu geus teu dipayukeun deui ku pamarentah,najan kertasna anyar gambarna alus,umumna jelema parantos teu mere ajen sapeser goweng.
Maksadna jelema ngayakeun tatakrama teh taya sanes,anging ku gelarna rasa anu lemes,pada mintonkeun kajembaran manahna sareng kaluhuran budina,geusan hirup saluyu sareng babaturan dina hirup kumbuh,anu buahna nimbulkeun kasalametan saraea.

Emutkeun kasauran sepuh-sepuh,hirup kumbuh di urang teh ti jaman baheula mula parantos teu aya kuciwana,estu rukun sauyunan sareng repeh-rapih silih asih,enggoning hirup sareng huripna di alam pawenangan. Numutkeun cukcrukanana ,eiu teh teu aya sanes,anging ku ayana silih raoskeun, anu nimbulkeun ayana babasan " tata titi duduga peryoga ",kumargi masing-masing pada ngukuhan " Hade gogog hade tagog " ka sasamana. Kuwuwuh ku ayana watek atanapi dasar ti karuhun urang mula, nya eta "Gotong-royong",dibasakeun salembur atanapi sadesa. Upami ayeuna mah manawi "sanagara".

Lelemah anu kiat dina hirupkumbuh teh diwangun ku rumahtangga anu tohaga nu eusina  diwangun ku jalma-jalma anu dibasakeun "Cageur-bageur". Saur sepuh tangtungan keiu teh parantos aya ti karuhun urang baheula: malah basa " Cageur-bageur " mah jadi sabagean tina papatah ka seuweu-siwina,dugi ka ayeuna sok kakuping di nu nganasehatan anu pokna:"masing cageur-bageur..." sareng saterasna. Ieu tanwande jadi pawit atanapi modal geusan ngahontal "masyarakat adil dan makmur",sakumaha anu di paangeu-angeu ku Nagara jeung Rakyat Indonesia.

Hiji-hiji rumah tangga pada ngagaduhan wates wewengkon anu tangtu,anu diwangun ku rorompok sareng pakaranganana,boh milikna ku anjeun boh kenging nyewa,teu aya benteuna. Sanajan gaduh nu sanes,ari parantos disewa mah,eta rorompok sareng pakaranganana teh jadi hak anu nyewa satungtung dicumponan sewana:nu nyewa ngagaduhan hak didinya numutkeun aturan atanapi perjanjian " Perjanjian sewa-menyewa " anu jadi cecekelan antawis nu nyewa sareng nu nyewakeun. 

Ku ayana katangtosan nu kaungel bieu,tantos jalma teh teu tiasa sakama-kama sareng henteu tiasa saka wenang-wenang unggah ka imah batur atanapi nincak pakarangan nu sanes. Dina aya kajadian ngarempak papagon teh teh,tinangtu jalma anu ngarempak teh dilepatkeun ngalanggar hakna nu lian,anu tiasa jadi bakal kenging hukuman anu saluyu sareng kalepatanana numutkeun hukum hirupkumbuh atanapi putusan rengrengan desa.

Di urang upami hiji jalma bade nepangan nu sanes,upamina natamu ka tatangga,boh nu parantos kenal boh teu acan,dina dongkapna teh sok nyebat " Sampurasun " atanapi pangapunten " atanapi sok dipondokeun bae " Punten ". Eta kecap " Punten " teh dikeudalkeunana nalika parantos caket,boh pribumi ti lebet ku kecap " Rampes " atanapi " Mangga ", upami teu acan aya pangwaler ti pribumi,tamu teh tara wantuneun unggah atanapi lebet ka rorompok,cicing bae diluar:malah upami parantos kataksir teu aya pribumina mah,sok teras wangsul deui bae.

Naon margina anu mawi kitu..? Sareng naon hartosna eta kecap " Punten teh...?
Kecap "Sampurasun" teh robahan tina " hampura isun ",hartosna " hampura kuring (kuring-abdi). ari "pangapunten" lemesna tina "Hampura". "Hampura kuring" teh wangunan ungkara-parentah,anu ngandung maksad:"mugi anjeun kersa ngahapunten ka simkuring" atanapi ringkesna mah: " menta dihampura".

Ayeuna jadi patarosan. Naon hartosna anu mawi eta jalma nyuhunkeun dihampura mah kedah anu gaduh dosa,sanes..?
Keiu kateranganana:
Upami urang henteu terang rentetannana mah,tangtos teu matak ka hartos,bet aya adat kabiasaan kitu di urang.

Numutkeun kasauran sepuh-sepuh,karuhun urang baheula teh gaduh anggapan,upama aya jalma nincak pakarangan batur henteu bebeja atanapi henteu permisi heula,eta hiji dosa anu pohara,sumawonten upami dugi ka unggah ka rorompokna mah,kalepatan teh aya dua rupi,nya nincak pakarangan batur nya unggah karorompok nu lian,sasat ngalanggar hakna nu sanes,tegesna parantos wantun ngaganggu ka nu lian.

Upami nincakna pakarangan atanapi unggahna ka rorompok batur bari disaluyuan ku nu gaduhna mah henteu jadi kalepatan,teu jadi dosa,nya ieu anu disebat rukun, runtut atanapi saluyu teh antawis tamu sareng pribumi,moal jadi matak kitu kieu. Tawis disaluyuan ku pribumi teh nyaeta ku kedalna ucapan pribumi "Rampes" atanapi "Mangga". Kecap " rampes " sami sareng "mangga" ,anu ngandung hartos:Kuring daek ngahampura kana kasalahan anjeun (wani ngagangu hak kuring).

Minangka pangwuwuh perlu di dieu bade diterangkeun:Numutkeun katerangan ti sepuh-sepuh,kawitna di urang mah henteu aya tatakrama " Keketrok ". Adat kabiasaan di urang kapungkur ninggang jelema cageur-bageur mah tara keketrok atanapi ngetrokan panto,dimana bade lebet ka rorompok batur teh,boh natamu boh kaperluan sanesna,da cara nu kitu mah (keketrok) kalakuan bangsat(maling), hiji bangsat,lamun rek maling teh sok ketrak-ketrok kana panto atawa bilik:dimana nu gaduh rorompok dedeheman,bangsat tea ngejat ngajauhan,lamun euweuh anu dedeheman atawa katangen euweuh jalmaan,kakara bangsat teh waniaeun ka jero metakeun kadurjanaanana.keketrok kana panto teh neplak ti bangsa deungeun. Ayeuna di urang,pangpangna di urang kota atanapi golongan modern,parantos jadi adat-kabiasaan nu henteu kalebet awon,malah jadi panganteb,nya pupuntena nya keketrok.

Adat kabiasaan atanapi tatakrama sapertos anu diterangkeun bieu teh dugi ka jaman ayeuna masih keneh diaranggo di urang. Dina umumna nu dianggo teh kecap nu ringkesan bae,nya eta " Punten ". (Kecap " Sampurasun sareng " Rampes " ayeuna parantos meh teu dianggo deui). Kecap " Punten " sok jadi kecap pagawean:

pupuntenan/nyebat punten sakali atanapi sababarahakali.
Pupuntenan teh dina jaman ayeuna parantos diangken ku masyarakat kelebet kana tatakrama anu pang-saena. Wewengkonna teu kinten jembarna,ngalangkungan wates anu parantos diterangkeun ti payun. teu kinten saena kalakuan atanapi " pagawean " anu perlu disarengan ku nyebat " punten ",sapertos bae dina:

 - Bade miheulaan anu ngalangkung
 - Bade ngiring calik ngarendeng sabangku
 - Bade nambut naon-naon
 - Bade megat kalimah
 - Bade miwarang (nyuhunkeun tulung)
 - Bade tumaros
 - Bade ngasongkeun naon
 - Bade nampaan naon-naon
 - Ngasongkeun atanapi nampaan ku panangan kiwa (kenca)
 - Kalepasan nyarios anu kirang sae
 - Teu dihaja ngadupak batur
 - Nolak karep batur
 - Megatkeun paguneman atanapi natamu...

 Leresan pagawean anu kasebat bieu,ngedalkeunana kecap "punten" teh aya oge anu diwuwuhan ku kecap sanesna anu saluyu sareng pamaksadannana numutkeun tempat sareng kaayaannana,supados merenah sareng sae larapna,dugi ka karaosna ku nu dipuntenan teh sugema taya kuciwana, Dina leresan ieu tangtos henteu kantun undak-usuk basa,lentong rengkuh anu merenah munasabah ngalarapkeunana,margi ieu teh aya patula-patalina sareng adat tatakrama kahormatan Sunda.
 Mung sakitu. Dina aya tutus langkung kepang halang,bobor sapanon carang sapakan,ka para pamaos disunkeun sih hapuntenna. timpah nuhun.

 (Tina:Baranangsiang.No.1.1963 ku-S.Sauni)
               

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.