Sejarah Asal-Muasalna Orang Kanekes-Baduy



                    
suku baduy banten
SEJARAH URANG BADUY
ASAL-MUASALNA Urang Badui teh kawasna moal lepat deui asal urang Pajajaran,anu ngantunkeun karaton nalika dayeuh diranjah ku balad Islam. Nagara Pajajaran,dayeuhna karajaan Bramaiya-Maisa Tandraman ayana di palebah Bogor ayeuna. Wewengkon sakuliah tanah Pasundan.ti Banten dongkap kawetaneun Cirebon. 

Urang Cirebon kedah mayar upeti tarasi unggal taun. Anu nyepeng kakawasaan di Banten alam harita pangkatna Pucuk-Umum, ieu teh sanes jenengan,nanging kalungguhan: hartosna kapala nu dipigusti,saderek (putra) Perebu Siliwangi,Raja Pajajaran panutup. 

Dina katompernakaeun Windu kalima-welas, sareng dina wiwitan Windu kagenep-welas, agama Islam nyaliara di Sunda. Cirebon,Banten sareng basisir kaler parantos ragrag kana kakawasaan Gunung Jati:bawahan Pajajaran kasosok ti Kulon,ti Wetan,ti kaler sareng ti Kidul,dikepung buaya mangap. 

Barang parantos singget, nyangkewok kantun tengahna,nembe dayeuh Pajajaran dirurug ku balad Banten.Anu jadi senapati ti Pajajaran jenengannana Prabu Sedah,putra Siliwangi kautus mapag musuh anu ngarurug. nanging kapaksa mundur. 

Kangjeng Prebu Siliwangi sareng sadaya eusi karaton anu tuhu satia karaja,lolos ngantunkeun nagara,sedih tanpa tanding nyungsi tepis wiring,nyorang leuweung luwang liwung, di Gunung Kendeng,nyingkahan bahaya salira. 

Bereyek urang Islam nempuh dayeuh,ngaranjah eusi nagara, nanging kadaton kasondong parantos kosong. Kangjeng Prebu Siliwangi sabaladna mabakan di gunung singkur mandala singkah,anu taya petana kasaba ku jalma sanes,nyaeta Cibeo,Cikertawana anu nelah disebut ku urang ayeuna Baduy tea. 

Anu jadi saksi sareng ngaenyakeun kana tuturan anu bieu,lian ti raratan sajarah,sareng dongeng-dongeng sasakala,aya nya eta numutkeun papayan carios-carios pantun,carios anu natrat teu aya pegatna di kolot di budak di awewe di lalaki:teu aya deui anu jadi pupuhunan,mungguh di urang baduy mah. urang Baduy tarabahna kana pantun,kana mantun teh lancar kacarios-cariosna,digalantangkeun apal sagala jelema,kawas langkung ti bangsa Jawa kana wayang. 

Dupi pokpokannana pantun Baduy boh lalakonna boh basana atanapi haleuangna, teu aya bentenna ti pantun di Priangan atanapi di Sunda anu sanes. Ningal ka dinya tetela Priangan sareng Badui teh pada sapalayangan,asal Pajajaran tea,mung urang badui mah sumujudna teh estu pageu sumarambah dina nyawana sumerep kana getihna eta tawis anu ngaenyakeun kana asalna tea. Malah aya muwuwuhna anu netelakeun tibelatna ka Siliwangi,keiu : Dina hiji waktu suargina kangjeng Bupati Rangkas,Raden Adipati Suria nata ningrat jengkar Baduy. urang Baduy nampina sareng pangakuan ka kangjeng Bupati teh,ih biasa sasamana bae ngawitan mah,teu aya pisan bentenna. 

Kaleresan aya hiji urang Baduy anu jadi kokolotna,asmana Ki Jasma,keur ngariung teh pok naros ka kangjeng Dalem,  kapanasarannana. Ku kangjeng Dalem paralak dicaritakeun,yen anjeunna turunan Cianjur,sarta lajeng ditataan rudayannana mapay ka puhu,dugi ka Prebu Siliwangi,anu ngasta karajaan Pajajaran. Ki jasma bengong hookeun,ngupingkeun turunan Kangjeng Dalem kitu teh,manawi teu nginten sapisarateun tadina mah. Satutasna kanjeng Dalem ngadawuh kitu keleset ki Jasma turun,sarta deregdeg bae lumpat,nyampeurkeun batur-baturna,hariweusweus alewoh nyaritakeun dawuhan kangjeng Dalem kitu. 

Sapasada harita bral bae Baduy-Baduy anu sanes pada ngadeuheusan anu tadi api lain teu barang pirosea teh,barang parantoss nguping yen eta tamu turunan Siliwangi mah,rob bae ngaronom,pating solondo dariuk,pasedek-sedek,ebreh dina ulat beungeutna sari ajrih,bangun sono bangun deudeuh, sawareh mah marahmay bawaning bungah : hih semah nu sanes mah teu dihiding,teu dipalire deui ieu bae geugeut ka tedak Pajajaran ......... 

Naon margina eta jelema-jelema disebat badui,apan ari enyana mah bangsa urang, pituin urang Sunda asal Pajajaran. Tah,kana laratananapang dipingsalkeun kitu, dui ka sapertos misah bangsa ti anu sanes,parantos seueur anu maparin katrangan. Ceuk sapalih,eta kecap Baduy tina asal wasta tempatna di dinya Cibaduy,pedah ayana caket ka hiji walungan anu katelah Cibaduy.
   
Tina:Baduy.Cutatan tina Catetan R.Soeria Di Raja.1949

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.