Naskah Kuno Carita Parahyangan Jeung Pakuan Pajajaran

  
                  

PAKUAN PAJAJARAN
                      
Nepi ka kiwari sajarah Sunda teh tacan dumuk juntrunganana;dicukcruk wuwuh jauh,dipapay tambah anggang; cara nu lumaku di 'Tegal Si Awa-awat',nu teu kaukur palayuna,teu kasasar rubakna,legana upluk-aplak dina cipta. 

Mun di sorang,kakara ge katincak sisina geus linglung,rek mundur kapalang lengkah,rek maju buntu jugjugeun. Celak-celak belah kenca aya cahaya,ari di teang cika-cika;katuhueun aya nu ngempur,ari di jugjug ukur ka mangmang. Tibeh ditu aya nu ngarunggunuk,sugan teh lembur,ari disaba sihoreng patamorgana

Teu jauh ti kitu lalaguan anu nyukcruk sajarah Sunda teh. Dipapay mimiti ti 'Sumedanglarang',anjog ka 'Rahiang Sang Hulun'(geusan Ulun),ka dituna hiaat (lowong),ana jleng luncat ka 'Gunung Jagat' di Sumedang,pangersa 'Sangiang Wenang',Dicukcruk tina sajarah 'Cikundul',datang ka Aria Wangsagoparanana,nu sumare di 'Sagalaherang',ka dituna buntu,teu kapapay kumaha nyambungna ka raja-raja Pajajaran.

Parendene kitu,nyumponan karep sagala darma,darma usik diusikeun,darma obah diobahkeun,malah mandar aya nu kersa rurumpaheun lungsur ka 'Leuwi Sipatahunan Parakan Baranangsiang',ngala sero jeung genggehek,baktikeuneun ka sajarah Sunda. Sakur babad jeung carita nu aya tumalina ka sajarah Sunda urang pedar ti 'Tegal Si Awat-awat'. Sanggeusna kumpul,urang sanggakeun ka ahli sajarah,sangkan disusun disambung-sambung,sugan aya milik urang Sunda,bisa boga sajarah anu ngaruntuy ti wiwitan nepi ka wekasan.
Malah ieu oge jejer Pakuan Pajajaran di luhur,nu baris kahaturkeun,mun papan mah kakara diragaji can disugu can dihapelas,sumawona disirlak mah.bag 1
 Wiwit awit Pajajaran,
 Boh dina carita pantun boh dina babad ditetelakeun yen 'Pajajaran' teh asal ti 'Galuh' (dina Prasasti Batutulis ge nya kitu:jurum). Didieu oge urang nyokot wiwitan ti Galuh.
 Minangka mitembeyan,nu kahaturkeun teh babad 'Galuh' nu asal tina 'Carita Parahyangan' nu diaos sarta disalin kana aksara Laten tina koropak daun lontar(rontal) ku Prof.Dr.R.M. Ng.Poerbacaraka,sarta di dieukeunakeun dibeberes deui recte-versena katut foliona ku Dr.J.Noorduyn Bijdrage Tot de Taal,land en Volkunde deel 118 4de aflevering,van Galenstraat 14 's-Gravenhage.
 Mangga urang ngawitan.
Tumut aslina,jasana 'prof.Poerbacaraka',kieu :

Fol. 11 Verso :
   
              Nde nihan tjarita parahiangan sang resi guru mangjuga
               rajaputra(?)rajaputra(?)miseuweukeun sang kandiawan
               lawan sangkandia-wati sida sapilantjeukan ngangaranan
               maneh rahijangta dewa-radja basa lumaku ngara(ja) resi nga-
               ngaranan maneh rahiangta ri medangdjati inja sang laju-
               watang nja nu njijan sang hiang watang ageung basana
               a(ng)kat sabumi djadi manik sakurungan nu miseuweukeun
               pantjaputra sang apatjian sang kusika sang garga sang
               mestri sang purusan.

Folio 40 recto :
             sang patondjala inja sang makuhan sang karangkalah sang
              sadanggreba sang writikandajun.......
Minangka bubuka sakieu bae heula.
  Carita diluhur diaosna ku Dr. Noorduyn keiu :
             Nde(h) nihan carita parahyangan
              sang Resi Guru mangyuga Rajaputra
              Rajaputra mis(eu)weukeun sang Kandiawan lawan sang Kan-
              diawati sida sapilanceukan.
              ngangaranan maneh Rahyangta Dewaraja,basa lumaku nga-
              rajaresi.
              Ngangaranan maneh Rahyangta ri Medang Jati. Inja sang
              layu watang. Na nu niyan sanghyang watang Ageung ba-
              sana a(ng)kat sabumi jadi manik sakurungan
              Nu miseuweukeun pancaputra,pangupatiyan sang Kusika,
              sang Garga,sang Mestri,sang Purusa,
          (2) sang Patanjala,inja: sang Mangukuhan,sang karangkulan,
             (sang katungmaralah),sang Sandanggreba,sang writikandayun.
 

Boh nu nyalinna tina aksara kuna kana aksara Laten,boh nu ngiring memeresna recto-versona,pantes meunang pamuji jeung panghormat ti sarerea,lantaran ieu teh lain pagawean bantrak-bantrak. Ninggang di urang nu ukur tinggal maca jeung ngahartikeun,sakieu aweratna. Najan kitu,sugan moal barendu lamun kuring pipilueun ngahartikeun eta carita ku dasar pamanggih sorangan,itung-itung lauk buruk milu mijah.bag 2
 

Mungguh basa Sunda,sumawonna nu baheula,dalah nu ayeuna oge hese diukurna ku Simasiologie. Upamana dipaksa ditaklukeun kana gramatika Aristoteles,bari jadi basa anu cawerang tur panjang ngayayay. Carita diluhur,aya kasebut ngaran 'Patandjala' dina pancaputra. ngaran kitu meh dina unggal carita kuna kasebut: kayaning dina Tantu Panggelaran ),dina 'Sangiang Kanda Karesian',dina 'Ajian Sastra-gigir','Jampe ngaruat'),dina 'sajarah Baduy'.. jsb).

 Dina sastra gigir,Pantanjala,Kusika,Grega,Mestri (Maitreja),katut Kurusa teh dina harti mistik.
Ari dina sajarah Sunda Baduy,tokoh Batara Patanjala teh,salah saurang ti 7 nu dianggap ngagelarkeun Sunda Baduy,diyugakeun ku Batara Tunggal nganggo kakasih Sang Rama ngayugakeun deui pancaputra,nu baris dipilih jadi Ratu Galuh ku Pasanggiri.
 

Yen Ratu Galuh dipilih ku Pasanggiri ti pancaputra,cocog jeung unggal ieu carita Parahyangan,najan beda kakasihna jeung carana pasanggiri. Di Baduy  kakasihna Pancaputra teh:Sang Tuha,Sang dewa,Sang Rajuna,Sang Hanisnira jeung Candraditia. Caran pasanggiri ku papaheula nepi kana tempat ragragua jamparing panah Rawayang nu dipentang ku Sang Rama. Sarta anu kapilih Sang Candraditia.
 Ari dina carita Parahyangan,anu engke baris kahaturkeun,nu kapilih jadi Ratu Galuh teh 'Sang Wrikandayun',ti antara pancaputra.
 Engang " Pa" dina kecap 'Patanjala' teh dina buku-buku kuna rupa-rupa sebutanana,kayaning:Potanjala,Putanjala,Pritanjala, jst. Tapi di dieu ku kuring bakal disebut " Patanjala " bae, tumut kana fonetik basa sunda Baduy.
 Jaba ti eta,aya deui anu perlu kahaturkeun,nyaeta padalika kakasih atawa ngaran-ngaran karuhun Sunda boh nu ngantik di alam 'Parahyangan' atawa nu geus gumelar,sok robah-robah atawa gunta-ganti nurutkeun sipat jeung perbuatanana.
 Ku kituna,'Carita Parahyangan' di luhur,ku kuring pribadi dibacana kieu :
             Nde(h) nihan carita parahyangan
              sang Resi Guru mangyuga Rajaputra
              Rajaputra mis(eu)weukeun sang Kandiawan lawan sang
              Kandiawati-sida sapilanceukan:ngangaranan maneh
              Rahiangta Dewaraja,basa lumaku nga-rajaresi.
              Ngangaranan maneh Rahyangta ri Medang Jati.Inja
              sanglayu watang, Na nu niyan sanghyang watang Ageung.
              ba-sana a(ng)kat sabumi jadi manik sakurungan; nu
              miseuweukeun pancaputra,pangupatiyan sang Kusika,
              sang Garga,sang Mestri,sang Purusa,
          (2) sang Patanjala,inja: sang Mangukuhan,sang karangkulan,
             (sang katungmaralah),sang Sandanggreba,sang
              writikandayun. 3
       
   Jentrena: Sang Resi Guru ngayakeun Rajaputra. Raja-putra miseuweukeun Kandiawan jeung Kandiawati dulur sapilanceukan.
Rajaputra basa lumaku ngaranja resi kakasihna Rahiangta Dewaraja,Aya deui kakasihna ti Medang jati,nyaeta sang layu Watang,basa ngagelarkeun sanghiang Watang Ageung (macro cosmos). Demi keurna lumungsur ka bumi,jadi manik(mustika)dina kurungan manusa:nya harita miseuweukeun pancaputra tina titisan. Kusika,Garga(Gagra).Mestri (Meitreya),Purusa (Kurusa), Patanjala,nyaeta: sang mangkuhan,sang Kurungkalah,sang Sandanggereba,sang katungmaralah jeung sang Writikandayun.
  Ucap: ' basana angkat sabumi jadi manik   sakurungan ',ku Dr. Noorduyn dihartoskeun:toen hij vertrok met zijn huisgezien(?) om te worden een juweel met vatting".
 Ari ku kuring kapaksa diabawa kana mistik,lantaran ieu nu urusan gaib,nu keur diguar teh carita Parahyangan (pa-rahyangan). Ari hiang teh urusan gaib,anu teu kakurung ku ukuran dimensi katilu,tanpa rohang tanpa waktu: usikna teu kahalangan ku anggang,dina rentul,satempasilih sedekeun,ieu mah,asal satingkat jeung samartabat,awor jadi ketunggalan.
 Ucap nu baris kapanggih duei dina fol.6:
  Sang Writikandayan adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi,
  ngangranan maneh Rahiang Tali Men(a)ir,basana angkat sabumi
  jadi manik sakurungan.
  Jadi writikandayun ratu galuh teh,sanggeusna ngarajeresi mah
  Rajaputra nu miseuweukeun Kandiawan jeung Kandiawati. Ana
  lumungsur ka bumi ngancikan dina maink atawa mustika manusa,
  Boh Rajaputra boh Writikandayun diana alam tingkatan Dewaraja
  mah teu silih sedekkeun,parebut tempat,da awor sakatunggalan.
   Ari nu matak ucap " manik sakurungan " dibawa kana mistik,ieu  
  ge kapanggih di baduy keneh nyaeta bagbagan
  tatabasa,tina tatasora(fonetik) bras kana 'dayasora'. Jejerna
  usiking manusa nu disebut 'kungkungan' anu perenahna dina ja-
  jantung. Dayabasa di lebah dinya watekna 'sawadina'. sipatna 'Prihatin'.
Kecap 'kungkungan' jeung 'kurungan',dina harti jembarna mah sarua. nu pentingna mah kecap 'manik' nu hartina ' permata ',sosoca atawa mustika'. jadi ' kunkungan manik' di dieu hartina ' kukungan kurungan manusa'.
   Saterusna urang nuturkeun guluyurna lalakon bae,lantara lamun kabeh folio katut recto versona dikitukeun,iraha pinepieun nana* kana jejerna tulisan 'Pakuan Pajajaran' Demi nu dituturkeurkeun,carita Parahyangan nu geus dibeberes ku Dr.Noorduyn tea. Bedana pamanggih sautak-saeutik jeung nu nulis urang luyukeun bae.
 Tuluy tina carita nu geus dipedar di luhur,nyaritakeun resi Markudia (Makundria).
Kecap paksi 'Si Uwur-uwur' jeung paksi 'Nagarati',nu nyayang dina tra jatra(pasucen)Resi Mankurdia. Ku lantaran anak eta manuk dihakan ku jaluna,bikangna nyeukseukan,basana:'hina urang teh,mun teu boga anak mah,Tuh jeueung Bagawat resi Markundia,hina mana tapa oge da teu boga anak '.
 Ucap manuk bikang teh kahartieun ku Resi Markandia, basana : " Kumaha dek boga anak da pamajikan ge teu boga".
Ari kitu mah,keun aing rek ngadeujeus ka sang Resi Guru di Kaindran.
 Sadatangna ka Kaindran dipariksa ku Sang Resi Guru: 'Aya beja naon Bagawat resi,mana datang kadieu ?'
' hapunten bae,nun. Puguh rek nunuhun pirabieun,lantaran meunang beja ti paksi Si Uwur-uwur jeung paksi Si Nagarati,baruk hina cenah teu boga anak teh.
  Saur Resi Guru:'Jung bae ti heula'
harita keneh Sang Resi Guru nyaur Pohatji apsari Jabung:
 ' Anaking,jung tuturkeun bagawat Resi Markundia,keur pibatureun tapa di dunya.
 Ari datang ka tempat resi Markundia,sakitu geulisna,widadari teh teu ditarima. gancang Pohaci Jabung ngajadikeun manjangan dara: ari Resi Markundia ngajadikeun Kebo Wulan.
Geus kitu mah terus bae sacombana.
 Sang Resi Guru nyaur deui Pohaci saurang,kakasihna sangiang Sri,basana : ' Aten,geura turun ka dunya,tuturkeun nyi lanceuk : di idtu nyai kudu mijalma.
Pohaci Sangiang Sri Lumungur ka dunya,nitis jadi putra Resi Markundia,kakasihna Pohaci Bungatak.
 Kocap sang Mangkuhan,ngajak pancaputra ka tegal tempat Resi Markudia. Kasampak aya manjangan dara jeung kebo Wulan. gancang diboro ku pancaputra lantaran sing saha bisa numbak ti heula,baris dijadikeun Ratu Galuh.
 Harita nu pangheulana numbak Sang writikandayun. Ari kebo Wulan jeung manjangan dara sanggeus tatu teh tuluy lumpat ka patapan,di udag ku Writikandayun. Sadatangna ka patapan,kebowulan jeung manjangan dara ngemasi pati. Nu kasampak ku Writkandayun,Pohaci Bungatak keur nyusu ka manjangan dara. Eta budak ku writikandayun dicandak ka galuh disanggakeun ka Ratu Rahiangta ri Medang jati.
 Rahiangta ri Medang jadi Ratu galuh ngan 15 tahun. Diganti ku Sang Writikandayun,prameswarina Pwa(Pohatji) Bungatak.
 Kocap Sang Mangkuhan ngagelarkeun pahuma(tani ngahuma),Sang Karungkalah ngagelarkeun peninggaran,Katumaralah ngagelarkeun Panyadap,Sandanggreba ngagelarkeun padagang.
 Sarengsena ngagelarkeun pahuma,paninggaran,pahuma,panyadap jeung padagang,ku Sang writikandayun opatanana diangkat:Sang mangkuhan jadi Sang Rahiangta(ng) kuli-kuli,Sang Karungkalah jadi Rahiangta Surawulan,Sang Katungmaralah jadi Rahiangta Mpeles awi. Sang Sandanggreba jadi Rahiangta Rawunglangit.
s Sang Writikandayun ngageugeureuhna Galuh 90 taun,terus jadi rajaresi,kakasihna Rahiang Tali Men(i)ar (satingkat jeung rajaputra),dimana lumungsur ka bumi jadi manik dina kurungan manusa. Nya anjeuna nu ngadamel purbastiti.
 Demi nu ngaganti kalungguhan ratu di galuh,Rahiangta Kuli-Kuli,lilana 80 tahun. Diganti ku Rahiangta Surawula,ngan 6 taun,katujuhna panceg,lantaran goreng tuahna. Diganti deui ku rahiangta Mpeles-awi,lilana 122 taun:ieu mah bade tuahna,ti lebah dieu,nu ngasta Galuh teh balik deui ka putra Lolorimeni (Rajaresi Writikandayun),kakasihna Rahiangta Mandiminyak.
 Demi putra Lolomeni teh tiluan. Nu cikal kakasihna Rahiang Sempakwaja,-jadi Dangiang guru Galunggung,nu kadua (Rahianta(ng) Kedul,- jadi Batara Hiang Buyut di Denuh,bungsuna,-Rahiangta Mandiminyak nu kaselir jadi Ratu Galuh.
 Kecap Sang Resi Guru,nyaur pwa(Pohaci) Rababu,basana:'anaking,karunya ku Rahiang Sempakwaja teu bogaeun pamajikan. Jung geura turun ka dunya,baturan Rahiang Sempakwaja!'
 Sabada sasauran Sang REsi Guru ngagisik undengna,jangelek jadi jaralang bodas,anu turun ka dunya nyampeurkeun Rahiang Sempakwaja.
 ' naon etah,karah jalarang bodas !'ceuk Rahiang Sempakwaja bari ceg kana sumpit sarta ngudag jalarang bodas. Ari nu kapanggih bet pohaci Rababu keur mandi di talaga Candana.
 Carek Rahiang Sempakwaja:'Ti mana karah datangna eta nu mandi ?'
 Gancangna sinjang pohaci Rababu teh dileled ku sumpit.
Manahoreng aya deui baturna para apsari,nu harita lalumpatan ka tegal. Pohaci Rababu dipirabi ku Rahiang Sempakwaja nepi ka kagungan putra Rahiang Purbasora jeung Rahiang Demunawan,adi lanceuk.
 Kocap di Galuh jeur pesta rame pisan,tatabeuhan munggah ngaguruh. Ngareungeu tatbeuhan,pwa Rababu angkat ka Galuh,keleter ngigel di buruan ageung(alun-alun).
 Carek Rahiang mandiminyak:' Sang Apatih,saha bejana eta nu ngigel di buruan ageung teh? Bikeun ieu sinjang eta nu ngigel bawa ka dieu!'
 Gancangna sanggeus Apatih angkat ka buruan ageung,sarta nyandak pohaci Rababu ka kadaton. Pohaci Rababu dipirabi ku Rahiangta mandiminyak,nepika kagungan putra,nu kakasihna Sang Salah.
 Ana mulih ka Galunggung,carek Rahiang Sempakwaja:'Rababu,anteurkeun ieu budak ka Rangiangta Mandiminyak,has
hasil maraneh sapatemon,Sang Salah tuah'.
 Sadatangna ka Galuh,carek Pwa Rababu: ' Kuring dijurung nganteurkeun ieu budak,bubuatan anjeun waktu miasih ka kuring,'.
 Carek Rahiangta Mandiminyak:'Heueuh anak urang,Sang Salah.' Rahiangta Mandiminyak nyaur Patihna: Sang Apatih,teundeun ieu budak dina jambangan sarta bawa ka tegal...!'
 Eta budak ku Patih dibawa ka tegal,sapulangna sang apatih,ti asrama aya (cahaya) mancur ka langit.Kabireungeuh ku Rahiangta mandiminyak.
 Barang diteang,kasampak budak teh hirup keneh,ku Sang Apatih dideuheuskeun ka Rahiangta Mandiminyak. Sarta dipaparin jujuluk Sang Sena.
 Rahiangta Mandiminyak jadi Raja Galuh,7 tahun: diganti ku Sang Sena .Sang Sena oge ngasta Galuhna ngan 7 taburu direbut ku rahiang Purbarosa. Ari Sang Sena dibuang ka Marapi.
 Sang Sena Kagungan putra kakasihna Rakean Jambri. Ieu putra raja nu dibuang,ku para mantri dicandak ka Denuh disumputkeun di Rahiangtang Kedul.
 Carek Rahiangta:'para putu,aing teu sanggup kacicingan ku maraneh,bisi maraneh kanyahoan ku ti Galuh. Leuwih hade geura arindit ka Sang Wulan sang tumanggal sang Pandawa di Kuningan,jeung ieu budak pahatu bawa ka ditu...!'
 Carek rakean Jambri:'Aki,uing teh anak Rahiang Sang Sena,' nu diturunkeun tina karatuan sarta dibuang ku Rahiang Purbasora'. 

(Tina: Baranangsiang: Tegal si awat-awat No.1.1963.ku:pa Sursa)
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.