KAMPUNG BADUY DI BANTEN |
Jaba ti desa Kanekes aya deui urang Baduy nu caricing di tanah dangka,nya eta ti Cisimeut,Cibungur jeung Karangcombong, desa anu ngawates ka Kanekes. Anu caricing di dinya oge disebutna urang panamping campur jeung urang Sunda nu sejen.
Kampung jero aya tilu ; Cikeusik, Cikartawana jeung Cibeo. Ari kampung-kampung nu kaasup ka panamping, nya eta ; Kaduketug,Gajeboh,Cikopeng,Ciput,Cikadu,Cipeucang,Cikokol,Curugsear,Cibalegar jeung rea-rea deui.
Urang Baduy dedeg pangadegna cara urang Sunda nu ilahar bae ; pakulitanana semu koneng atawa hideung santen,warugana seseg sarta kuat ; daweungna ludeung,legegna ajeg tara gumingsir, teu payangkad-poyongkod atawa keukang, najan adu hareupan jeung saha bae oge.
Paromanna lugina, nandakeun jiwa anu bebas henteu kagubed ku sarakah, bubuhan hawa napsu dikali ku rupa pamali.
Papakeanana estu sahinasna teu kajurung ku napsu hayang alus atawa hayang punjul ti batur. Sampingna,jeung totopongna, bodas atawa bulao beunang mareuli. Urang girang totopongna bidas,ari urang panamping bulao.
Urang Baduy tara sumaba jauh ti lemburna, kajaba ti samemeh perang ka Rangkas atawa ka Serang dimana Bupati pepestaan.
Ayeuna di jaman merdika sok rajeun aya urang Baduy ti panamping, anu lumanto ka Jakarta atawa ka Bandung.
Imah-imahna urang Baduy teu beda ti imah urang Sunda baehula nu aya ti pasisian atawa pagunungan ; tihangna kai, make bilik, hateupna kiray, ari wuwungna injuk ; kolongna luhur sarta sok dipake paaranje(kandang hayam);pikeun turn unggahna make tangga atawa taraje. Pantona leutik, tengah imahna ngoblog bae ; beulah tukang di sisi bilik aya parako. Di para-seuneuna kudu bae aya kusi,sabangsa salipi atawa kaneron, dijieuna tina daun cangkuang ; eta kusi teh uyah nahun.
Di sisi bilik aya sama ngagelar jeung anggelna paragi sare. urang luar, saperti di Gajeboh padumukan jaro Kanekes, sarerea baroga anggel. Tapi ari urang girang sararena tara tara disamak tara dianggel, sabab bisi ngeunah teuing sare cenah. Rajeun oge sirahna diganjel ku kai nu dilegokeun.
Di jero imah paroek jeung mulek ku haeup, da tara di jandela, ngan aya lolongok leutik minangka jandelana. Imah Puun (kapalana) oge nya saperti kitu bae, ngan leuwih gede.
Ari leuitna luareun lembur, ngagunduk leuit hungkul.
Puun maratuhna di Cikeusik, Cikartawana jeung Cibeo. Di Cikartawana imahna ngan aya tujuh kadalapan bale. Lobana wawangunan henteu diwatesan.
Bale gunana pikeun kumpulan,mantun,hahajatan,mutus perkara jsb. Bale pantona aya dua, kenca katuhu. Panto nu kahiji leuwih luhur tibatan nu kadua, nya eta paragi Puun asup. Di jerona aya dua hambal,sapotong luhur sapotong handap.
Jaba ti puun nu maratuh di kampung girang, nya eta ; Girang Seurat (iwal ti di Cikartawana), Jaro Tangtu, jaro Tujuh katut Jaro Wrega jeung Kokolot, jumlah-jamleh aya 40.
Sajaba jaro nu disebut bieu aya deui jaro kanekes, disebutna Jaro Pamarentah . Jaro Pamarentah diayakeunana ti barang Banten dijajah ku Walanda, baheulana mah cukup ku Jaro Wrega bae.
No comments:
Post a Comment
Note: only a member of this blog may post a comment.