Sejarah Majapahit Jeung Pajajaran



" SEJARAH PAJAJARAN JEUNG MAJAPAHIT "
Majapahit! ngaran Majapahit matak narik kana hate urang,sok ras emut ka jaman kerta raja-raja Jawa murba misesa ngereh sakuliah Hindia.

Dongkapna kaayeuna urang Jawa teu aya kendatna aremuteunana ka Majapahit, ka alam lemah caina panjang-punjung kakawasaan sareng kasatriaan jaman gadeg Pajajaran,dayeuhna nelah Pakuan.Dina babad Jawa oge eta karajaan teh kasebat,nanging dianggap ngadegna heulaan Majapahit.

Raden Susuruh,putra Ratu Pajajaran anu panutup,ditundung ku raina anu misah ibu,anu jeunenganana Siung Wenara.
Raden Susuruh angkat sakaparan-paran sumping kana handapeun tangkal maja, ari ditingali buahna ngan hiji-hijina,ana diraosan buah teh raosna pait, lajeng anjeunna ngababakan didinya,nepi ka ngadeg nagara:eta nagara dingaranan Majapahit.

Saparantos lega jajahanana tur tohaga,lajeng nempuh Pajajaran dongkap ka erehna ku anjeunna.Jadi cindekna barang Majapahit ngadeg, Pajajaran runtag.Ari nu mawi kitu,margi babad Tanah Jawi ngukuhan paham yen karajaan-karajaan di Jawa tilem-timbul,tegesna upami timbul karajaan anyar, karajaan nu heubeul narikolot paeh maneh atanapi musna dibasmi ku nu anyar.Ku sabab kitu Pajajaran sareng Majapahit teh,disarangka henteu bareng pada ngadeg, nya eta waktos ngadeg karajaan Majapahit,nagara Pajajaran harita kedah runtag.

Saur sepuh,anu ngadegkeun Pajajaran teh Ciung Wanara : upami nurutkeuneata carios,eta dua karajaan teh diadegkeunana meh sareng.Ayeuna uranga taluntik urang tembongkeun yen eta oge henteu kenging dianggap leres pisan.Dupi anu tetela karajaan Pajajaran sareng Majapahit teh sajaman sarta pacorok urusan.

Katerangan anu lesres tina sajarah anu pangkunana, moal boa tangtos anu aya keneh rengkolna dina batutulis oge, ari pasal sajarah Sunda mah, saeutik pisan pulunganeunana. Batutulis anu pangkunana, nya eta anu kapendak di Ciaruteun.Numutkeun unina eta batutulis,teu lami ti samentas taun 400 di Jawa Kulon ngadeg hiji karajaan Hindu,wastan Taruma.Ayeuna oge aya keneh anu jadi pengeling-ngeling ka eta nagara,nya eta Citarum.

Sababaraha windu lamina les teu aya deui katerangan, kenging-kenging deui katerangan saparantos mendak batutulis di Kebon Kopi, yen kinten-kinten dina taun 932 masih keneh aya kaadaban Hindu di Jawa-Kulon. Dina taun 1030 mimiti mendak ngaran Sunda. Kasebat dina opat batutulis ti Cibadak.Raja anu ngadawuhan nulis dina eta batu, jenengannana Jayahupati basana basa Jawa kuna. Upami nilik kana gelaran-gelaran eta raja, urang tiasa nangenan yen eta karajaan teh kacida pacantelna sareng Jawa.

Sawatawis windu ti harita,mutkeun cariosna nukapendak dina hiji babad,Sunda teh kabawah ku karajaan Sumatra, nya eta karajaan Sri Wijaya,nanging kenging deui beja kabeh dieunakeun,kaunggul dina buku Nagarakertagama karangan raja Kertanagara di Singasari (1268-1292), nya eta hiji karajan di Jawa anu ngadeg samemeh Majapahit.

Tulisan dina batutulis anu pangkunana pisan anu di tulis ku basa Sunda, nyaeta anu kapendak ti Kawali ti Galuh.Di dinya kasebat Prabu Raja Wastu Kancana anu ngereh kota Kawali.Kawasna mah eta raja teh,nya Raja Rahyang Niskala Wastu Kancana tea anu kaungel dina batutulis di Bogor,nya eta eyangna Raja anu ngadegkeun nagara Pajajaran.


Batutulis anu di Bogor tea jadi pitulung ageng pisan kana babad Sunda,margi mere katerangan hal jenengan nu ngadegkeun Pakuan teh.Eta raja nya putra Rahyang Niskala Wastu Kancana anu dikurebkeun di Nusalarang.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.