Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Beuebeur Batara Guru





Dongeng Sunda Tempo Doeloe
Sakadang Peucang 
Jeung Batara Guru  


Dongeng Sunda  Sakadang Peucang Jeung Beuebeur Batara Guru
Sakadang Maung nu kungsi ditipu ku peucang manggih beja ti monyet yen peucang aya di leuweung peuntas walungan beulah ditu. ku maung disusul. Beja maung keur nyusul-nyusul geus nepi ka Sakadang Peucang,sabab manehna loba sobatna. 

Peucang teu cicingeun malah geus badami jeung oray sanca.
Peucang teu nembalan ukur unggut-unggutan bari ngomong ngagerenyem,'Kaula keur nungguan beulitan Batara Guru...!n
Waktu maung geus deukeut ka tempat peucang,oray sanca geus ngaringkel hareupeunanan. Ari peucang menekung bari peureum hayam da peureum enya mah aringgiseun maung ujug-ujug ngarontok.

Barang jol maung kadinya ujug-ujug ngomong. ' Tah ayeuna mah sato licik teh moal bisa kabur...! Sakedeung deui bakal jadi eusi peujit kaula...! Pek rek kabur kamana siah...! ngomongna kitu bari morongos.
gomongna kitu bari nunjuk kana oray nu keur ngaringkel hareupeunana.

Jaman harita mah cenah maung teu nyahoeun nu ngaringkel teh oray. Duka bakat ku bodo atawa pedah tara ruang-riung cara sato sejena. Nu matak basa ceuk peucang nu ngaringkel teh beulitan Batara Guru ujug-ujug hayang nyobaab we. Majar teh resep ku lemesna jeung bangun hipu upama dipake matak genah kana cangkeng. Puguh we mimitina mah ku peucang diidinan,ngan manehna rek nyingkah heula.

Sangggeus peucang ngabecir ti dinya,maung nyokot Beubeur Batara Guru tuluy dibeulitkeun kana cangkengna. Sakumaha nu geus dibadamikeun jeung peucang,ret weh oray sanca teh meulit beuteung maung satakerna.Puguh we maung teh nyerieun pisan. Abrug-abrugan nepi ka jrot-jrot ngising. Sanajan kitu oray sanca teu dikendoran sumawona dilesotkeun. Maung gulang-guling hayang lesot tina beulitan Batara Guru. Tegal saliara jeung gayang nepi ka leyeh kadupakan ku nu gegerelengan nyerieun cangkeng dibeulit oray sanca.

Bakat ku lila abrug-abrugan maung nepi ka leuleus. Manehna ngagoler handapeun tangkal kai teu walakaya,ambekanana ngahegak. Geus kitu mah ku oray sanca dilesotkeun. Leos we oray ngaleor nyampeukeun sakadang peucang nu keur nungguan di tempat nu geus dibadamikeun.

KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.