Biografi Bahasa Sunda Dewi Sartika Pahlawan Sunda Bagian 1







"DEWI SARTIKA PAHLAWAN SUNDA"
IBU Dewi Sartika dilahirkeurnana tanggal 4 Desember 1884 di kota Bandung.Ibuna Nyiraden Radjapermas, ari ramana Raden Somanagara, Patih Bandung duanana turunan para bupati anu tedak-tumedak ti jaman Dipati Ukur keneh nepi ka perang dunya kadua.

Ibu Dewi Sartika katelahna ku jalma rea mah Agan Dewi. Agan teh sesebutan ka wargi-wargi dalem anu landes boh prya boh wanita,ari putra-putra dalem disebutna mun priya aom,mun wanita juag. 

Dina ka tompernakeun abad ka-19 wanita Sunda masih dikungkung ku adat istiadat kuna anu turun-tumurun ti jaman ka jaman. 

Wanita harita taya deui ancoanana ngan pikeun jadi „patih goah", tegesna ngurus dahareun jeung sumujud ka salaki, supaya runtut-raut lambat-lambut nya laki rabi. 

Rupa-rupa elmu jeung kapinteran,saperti maca,nulis,ngitung jsb. pikeun awewe mah basana teu perlu, da moal jadi juru tulis. 

Sanajan harita di ungga1-unggal dayeuh geus aya sakola kabupaten hiji,tapi muridna lalaki wungkul,da awewe mah teu meunang loba codeka cenah. Ngan ngaji anu dimeunangkeun teh,kitu oge nu ngaraji teh ngan anak menak atawa nu beunghar sarta ngajina di saimahna-saimahna diadon ku guru ngaji. 

Sapoe-poe teh barudak awewe nu geus rada gede kudu nguprek di imah bae,sagawe-gawe nu sakira perlu pibaringeun. Ana rajeun indit-inditan,lamun dibawa ku kolotna. Cacampuran jeung pamuda babadanana dianggap kalakuan nu goreng kabina-bina. 

Upama nindak kana rumaja putri,komo lamun geus rek dikawinkeun mah, parawan-parawan kudu bae dipingit,teu meunang bijil ka buruan-buruan acan. Kitu biasana di kota. Ari di pasisian,lantaran kaayaan hirup kumbuh beda deui, arang-arang aya nu dipingit teh,ngan cacampuran,sumawonna sakola mah teu meunang. 

Upama aya wanita nu bisa maca nulis teh alam harita mah kacida anehna,teu beda jeung budak ngora buta huruf dina jaman ayeuna. Ari nu sok aya wanita bisa maca,nulis ngan di bangsa menak,tapi lain diajar di sakola,diajar di imah da bisi guyur salelembur ear sajajagat,ari sakola mah. Nyambung ka HALAMAN 2 >>


***    Dijual Buku-Buku Sunda Cetakan Lama Disini>> 
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kumisan Baca Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Hayang Nyusu klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ka Puskesmas Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk Klik Nu Ieu >>
*** Biografi Jenderal Sudirman Bahasa Sunda klik IEU >>



DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!