Biografi Bahasa Sunda Dewi Sartika Pahlawan Sunda Bagian 2

              

DEWI SARTIKA PAHLAWAN SUNDA

Bagian Pertamanya klik DISINI >>
Kitu kaayaanana masarakat wanita di Pasundan dina waktu Ibu Dewi dilahirkeun.Ti keur leutikna keneh geus katembong,yen Ibu Dewi ngabogaan sipat nu langka kapanggih di barudak awewe jaman harita:sajaba ngoprek jeung tetelepek,resep ka nu anyar-anyar,aya sumelap sipat-sipat pamingpin deuih.

Rama Ibu Dewi,Raden Somanagara tea kaasup ka menak anu resep kana kamajuan bob pikeun awewe boh pikeun lalaki. Ku andjeunna kamanah,yen pangarti teh sarat mutlak pikeun kamajuan sewangsewangan jeung kamajuan masarakat. 

Jaba ti eta anjeunna tingali deuih,yen masarakat wanita Sunda disengker ku adat kuna. Sing saha anu kaluar tina eta sengkeran tangtu diaromongkeun,disebut nirca tina kaSundaan,teu mustail disebut nyorang paharaman. Tapi sanajan kitu awahing nyaah ka putra, Ibu Dewi geblus disakolakeun ka sakola Walanda. 

Di sakolana Ibu Dewi kaasup kana murid maju,saregep jeung dipikaresep ku babaturanana, anak-anak Walanda. 

Sanggeus ramana pupus,Ibu Dewi diurus ku uana ti ibu,nya eta Patih Aria Cicalengka. Didikan kaSundaan utama nu dihanca di kapatihan Bandung,diteruskeun di kapatihan Cicalengka. Jaba ti eta Ibu Dewi sok diwurukan paham-paham barat ku nyonya asisten residen.

Beuki gede beuki tembong bae,yen Ibu Dewi teh ngabogaan bakat pikeun ngatik barudak, sarta karep nu cengeng kana hayang maju. Di pipir gedong kapatihan anjeunna sok mindeng pisan sasakolaan,ngajar maca nulis ka anak-anak badega kapatihan,malah sakecap-kecapeun basa Walanda. Ari minangka borna panto kandang kareta,nulisna ku areng, minangka sabakna beubeulahan kenteng,nulisna ku areng deuih. 

Sanajan disebutna sasakolaan sarta ngajarna jeung dialajarna bari ulin,ku sabab aya topek bawa ngajadi di nu jadi guruna,teu burung aja hasilna:sababaraha urang anak-anak rencang nu barisaeun maca jeung nulis.Ku kituna atuh dieuleuh-euleuh ku urang dayeuh,anak gandek bisa maca nulis,tur guruna budak umur 10 taun. Da umumna mah istri-istri priyayi oge loba anu „lalolong".

Ti barang aya pikiran hideng oge,Ibu Dewi ujug-ujug katarik bae ku pagawean guru,basana resep.Komo sanggeus sok sasakolaan mah,geus ngarasakeun hasil pagaweanana,kana jadi guru teh beuki manteng bae.BACA BERIKUTNYA >>


***    Dijual Buku-Buku Sunda Cetakan Lama Disini>> 
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kumisan Baca Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Hayang Nyusu klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ka Puskesmas Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk Klik Nu Ieu >>
***   Dewi Sartika Putri Bangsawan Sunda ADA DISINI >>



DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!