Dongeng Sunda
Ujang Kusen



bandung tempo dulu
CONTO KOLOT NU TEU NYAAH KA ANAK

Upama kubapana dibengisan Ujang Kusen sok ulas-iles,dua tilu peuting tara daek balik ka imah.

Atuh kudu ger Haji Samsudin nitah neangan ngubek ka unggal lembur,da ari acan jol mah datang,indungna tara repeh ceurik,kawantu anak pangsujudan (anak anu paling dipikanyaah).

Estuning Ujang Kusen teh matak ngajuwetkeun pikir kolot sa-umur-umur,geus puguh keur orok keneh ngingetkeun kageuleuh,teu ngingetkeun kacape,ku kituna nyaah ka anak.

Keur sare tibra kudu hudang,da anak ceurik hayang nyusu, keur dahar remen ditunda,diselang heula nyecewokan. Geus puguh mun anak gering,indung kurang sare kurang dahar, katambah ku rempan pikir,sieun budak pondok umur. 
Tah sakitu karipuhan indung miara anak teh.

Ari ieu nepi ka sakitu gedena masih keneh matak pusing, beunang oge disebutkeun teu aya timbangan ka kolot, kilangbara mulang tarima.

Tapi dalah dikumaha da asalna mah Ujang Kusen teh budak pibageureun pisan,ngan geus kitu bae dihin pinasti anyar pinanggih,teu kuhanteu lantaran meunang kanyeri ti pamajikan,tungtungna kitu adatna. Ngan salahna manehna teh teu bisa nahan kasabaran,rek ngubaran kanyeri ku kagorengan
rek ngagantian cilaka ku picilakaeun,atuh tutup lobang gali lobang. Ari mistina kudu sabar dina keur nandangan balai,kudu pasrah ka Anu Murba ka diri,tangtu engke dibales kangeunahan. BACA SELANJUTNYA >>

Tina:Baruang ka nu ngora.
Karangan:D.K. Ardiwinata

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.