Biografi Adang S.
Seniman Sunda



photo_adang_s
ADANG . S 

Adang S. dilahirkeun di Tasikmalaya, tanggal 11 maret 1939(tanpa akte). Mimiti resep ngarang ti keur SD keneh. Kaluar ti sakola Guru B (SGB) Tasikmalaya, geblus teken tentara, dilantik jadi prajurit dua. Ngarang deui sanggeus naek pangkat jadi kopral babakuna dina majalah Mangle, Sari, Langensari,Campaka,Sunda,jeung majalah Wangsit(taun 60'an)dina Gondewa (taun 70'an). Salian ti kungsi jadi redaksi majalah Mangle jeung Gondewa, oge kungsi dua kali unggul dina saembara ngarang cerpon, masing-masing " Dihukum Bener " (1966) jeung " Loceng Gereja Berecoli " (1980), jeung sok nulis dina basa indonesia dina koran PR jeung sawatara koran Jakarta. 
 Buku-buku nu geus diterbitkeun, di antarana: Amanat dina Congo BEdil, ngepung Kahar Muzakkar, Ngungsi, neangan Bapa, Budak Calakan, jeung Dang Umar ti Situraja (basa Sunda): Humor Prajurit, Long March, Pertempuran di Lasape, Pertempuran di Hari Lebaran, Pagar Betis, Operasi Trikora, Menumpas PGRS, Cinta Dirgantara, Surat Berdarah dari Timor Timur, Melacak Jejak Westerling,Angakatan Perang Ratu Adil,jeung Umar Wirahadikusumah Anak Desa Situraja (basa Indonesia). 

.
*** BASA SUNDA WEWENGKON ***

                                                BASA WEWENGKON
  Basa sunda nu ilahar dipake dina kahirupan sapopoe teh nurutkeun  katerangan para ahli basa mah aya dua rupa, nya eta basa indung atawa basa lulugu, jeung basa wewengkon atawa basa dialek. Basa Indung, nya eta basa anu dipake satandar, sarta anu marakena ge leuwih rea. Alatan kitu basa indung atawa basa lulugu pisan anu diparake dina surat kabar, majalah, buku, surat, warta dina radio, katut tulisan ilmiah sejenna.
  Sedengkeun basa wewengkon atawa basa dialek mah ngan diparake ku masyarakat di eta daerah, atawa di wewengkonna sewang-sewangan. Ku lantaran ngan diparake di hiji wewengkon, atuh basa  wewengkon di hiji daerah, tacan karuhan sarua jeung nu aya di daerah sejen. Upamana wae kadaharan anu di Bandung disebut " oncom ", di kuningan mah disebut " dage ". Kitu deui wadah lauk tina anyaman awi anu sok disoren ku tukang nguseuo. Kana ieu barang, aya nu nyebut " korang ", aya oge anu nyebut " kempis " . 
Lauk leutik anu di Bandung disebut " lauk sarebu ". kaasup anu rea pisan ngaranna. Aya nu nyebut gendot, aya nu nyebut berenyit "., aya nu nyebut " endol ", impun, malah aya deui anu nyebut " kulinyar ".
  Pikeun masrakat anu ngagunakeunana, basa wewengkon atawa basa dialek teh teu kudu disapirakeun, jeung entong ngarasa hina ngagunakeunana. Sabalikna masrakat sejenna kudu ngajenan, teu kudu ngageugeuykeun mana komo nyeungseurikeun. Sabab ayana basa wewengkon kitu teh teu bisa dipisahkeun tina kabeungharan basa Sunda.  
Ku:Adang S.
      Tina : TATAKRAMA (Undak-Usuk) Basa Sunda.1991.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.