REK MALIDKEUN MANEH |
„Aaah,"cek si Istan bari humandeuar,„Naha kira-kirana luas,maneh ditinggalkeun ku kami?"„Teu luas ku naon? Barina oge maneh aya di dieu teh matak heurin bae. Hayoh aing serahkeun! Serahkeun! Aing teh geus euweuh duriaaaat!"
„Aeh,aeh,"cek si Istan.„Geuning tuluy ngambek,da aing oge geus euweuh kasukaan ka sia teh. Jeung deui entong ngarep-ngarep bisa panggih deui,lantaran aing ayeuna rek malidkeun maneh."
Leos si Istan indit bari ngusap birit,maksudna rek malidkeun maneh tea. Barang datang ka walungan, caina nyampak gede. Ngan tuluy bae manehna cinutrung sisi cai. Sihoreng pamajikanana oge harita teh nuturkeun,da sieun enya rek malidkeun maneh.
Barang geus kitu mah,terus bae ku pamajikanana digeunggeureuhkeun,pokna:,Euy,nu nyanghareup ka ditu,nu nukang ka dieu,lain rek malidkeun maneh?"
Si Istan malik bari ngadilak,omongna: "Lah loba teuing omong,na teu ka deuleu caina gede?
DONGENG SI KABAYAN GEDE AMBEK klik nu ieu ...
Tina:Landong Baeud.Kumpulan Lulucon.1986.
Pustaka Karsa Sunda.
No comments:
Post a Comment
Note: only a member of this blog may post a comment.