Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Dongeng Ua.bag.2







DONGENG UA
(bagean ka 2)

Beo teh diasupkeun deui kana kurungna.
Pantona dipageuhan.
Dina hiji poe Pa Ondi nyaba ka dayeuh jeung anakna. Ari Ma Ondi ka nu hajat.
Memeh indit,kurung beo dipindahkeun heula ka tengah pindah. Da eta bisi aya nu maling.
Aya bangsat,nyahoeun imah Pa Ondi kosong.
Bangsat teh wanian. Acan ge magrib,geus wani asup ka imah Pa Ondi. Sabab nyab nyaho euweuh nu bogana.
Tuluy asup ka imah. Lomari Pa Ondi dibongkaar.
Duitna dicokot,pakean nu wareuteuh digembol kana sarung.
Ti dinya bangsat teh ka luar. jalanna ti panto hareup. Salse pisan kaluarna teh. Teu cara bangsat. Cara semah we.
Barang ce kana golodog,aya nu ngageroan : " Hoyah,hoyah,rek naon ...?"
bangsat reuwaseun. Disangkana aya jelema nyahoeun.
Deregdeg lumpat.Gembolan tikait kana pager,eusina ragragan.
Jelema-jelema heraneun. Aya jelema lumpat teu puguh. Jeung ngelek gembolan,eusina ragragan.
" Boa bangsat," ceuk jelema-jelema teh.
Tuluy diarudag nepi ka beunangna.
Bener we bangsa.Tas maling ti imah Pa Ondi.
Bangsatna di bawa pulisi
Pa Ondi balik ti dayeuh. Nenjo di imah loba jelema.
Ku tatangga dicaritakeun,aya bangsat asup ka imahna. tapi katewak. Sabab reuwaseun ngadenge nu ngomong : Hoyah,hoyah,rek naon ...?
Beo Pa Ondi nu ngomong teh.
Pa Ondi beuki nyaaheun wae ka manukna.

    Tina : Udi jeung Umi jilid ka 2.Cetakan Tarate.1975. 

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!