Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Naek ka Kelas Dua


                                    






NAEK KA KELAS DUA
                                                    

Umi naek ka kelas dua.Raporna aya angka beureuman. Ngagambarna meunang lima. Tapi ngitung jeung maca meunang tujuh.
Barudak teu lila disakolana. Sanggeus Pa Penilik mulih,sakola tuluy bubar.
Umi buru-buru balik.
Ti buruan keneh geus ngageroan.
" Ma ........ Ma ! naek.........Naek !"Emana norojol ti dapur. " Skur naek mah.
Kumaha Udi naek deuih ?"
" Duka,da teu papendak.
Cios ka Bandung teh,Ma..? Da abdi tos naek ."
" Heug,bari mapagkeun Nana. Tapi Umi jeung Udi kudu ka Ua heula di Sirnagalih. Kudu ngendong.saurna. Pakaulan naek. Tuh di dapur geus aya piwarangan Ua. Ngahaja mapagkeun."
" Ari ka Bandung iraha ?"
" Engke balik ti Sirnagalih. Isukan ka ditu jeung Udi. Mana raporna Mi... ?"
" geuning ngagambarna ngan meunang lima. Nu sejenna mah alus."
Umi nyerengeh : " Sesah ngagambar mah,Ma. " Diajar atuh ka Kang Udi...!"
Tuluy Umi ka dapur. Mukaan lomari,tapi teu acan aya naon-naon.
" Sangu mah can asak. Itu we sangu ketan dina meja. Opak dina kaleng. Ti Ua,keur Udi jeung Umi."

               Tian:Umi jeung Udi jilid 2 1975.  


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!