Showing posts with label Buku Bahasa Sunda Umi jeung Udi. Show all posts
Showing posts with label Buku Bahasa Sunda Umi jeung Udi. Show all posts

Buku Bahasa Sunda Umi Jeung Udi - Dongeng Ua


                                                                   
                            
Umi Jeung Udi
UMI JEUNG UDI


umi jeung udi
DONGENG UA
                       
                       (bagean ka 1)

Aya hiji jelema,ngaranna Pa Ondi.
Manehna bogaeun beo geus pinter ngomong.
Mani bentes pisan ngomongna teh. " hoyah,hoya,rek naon...?" cenah. " ieu kuring.ieu kuring...!"
Beo teh rek aya nukeuran ku domba. Tapi ku Pa Ondi teu dibikeun.
Rek aya nu meuli ge teu dibikeun. Sakitu mahal nawarna.
 Lebar,cenah. beunang hese cape ngajar ngomong.Kurungna sok digantungkeun ditepas.
Mun aya jelema ngaliwat,beo teh sok ngomong :
" Hoyah,hoyah rek naon ...? Ieu kuring,ieu kuring...!"
Hiji mangsa Pa Ondi balik ti sawah, Kasampak kurung kosong.
Diteangan teu kapanggih. Ditempo ka kolong,bisi dirontok ucing. Euweuh bulu-buluna acan.
Meureun leupas beo teh. Panto kurungna henteu pageuh.
Atawa aya nu maling.
leos Pa Ondi ka pasar. Muru tempat dagang rupa-rupa manuk.
manuk beo rea dina kurung. Tapi Pa Ondi teu  apaleun nu mana beo manehna. Sabab rupana meh saru.
pa Ondi tempa-tempo. unggal kurung didilikan.
Keur kitu aya nu ngomong gigireunnana : " ieu kuring,ieu kuring...!"
Sidik beo Pa Ondi.Beo nu sejennna mah tacan aya nu bisaeun ngomong.
Atuh manuk beo teh dibikeun deui ku nu dagang ka Pa Ondi. Da loba anu nyahoeun,bener eta teh beo Pa Ondi.
" Beunang meuli lima rupia ti budak angon," ceuk tukang dagang manuk teh.
Kawasna bae beo teh leupaas.
Nu dagang digantian lima rupia ku Pa Ondi.
Tuluy beona dibawa balik.  nyambung ka bag. 2

                 Tina: Umi jeung Udi jilid 2.1975.
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Manuk Ua


                            

 


MANUK UA






Umi keur nenjokan nu ngisikan di balong.
balongna herang.Laukna tinggudibeg. Mani ngagonyok kana cibeas.

Lauk Ua Ajengan mah parelem. Sabab unggal poe diparaban bungkil. jeung balongna sok dipake ngisikan.
Ari Udi cindutrung di juru,handapeun tangkal jambu. Keur nguseup. hayang deui lauk nilem,cenah. Jeung keur ngirim ka apana.

Tapi nguseupna teu beubeunangan.
Sakitu laukna tinggudibeg teh euweuh nu daekeun nganggut. Seubeuheun meureun,da tas diparaban bungkil.
Umi ngelek boboko. Dieusi beas beunang ngisikan.
Barang rek asup ka dapur,aya nu ngomong : " Hoyah,hoya ....... mulih ti mana ...?
Umi luak-lieuk.Tapi euweuh sasaha. ngan aya udi we keur nguseup.

Tapi da Udi mah henteu ngageroan.
Umi ce kana golodog.Gero deui nu ngomong : " Hoyah,hoyah mulih ti mana ...?"
" Saha nu ngageroan teh...? ceuk Umi.
Uana nolol ti dapur. " Kapan eta dina kurung."
Paingan sorana ngosom.
" Beo ti mana ieu teh Ua ...? Lucu tos bisaeun ngomong."
" beo pangirim. Ti sobatna Ua pameget."
Udi nyampeurkeun.
" Kumaha ngajarna ngomong ...?
" teuing. Da geus bisaeun ngomong ti dituna kenah."
" Abdi ge gaduh kerak. Anakna kenah. Bade sina diajar ngomong."
" Enya teu pati bentes cara beo.

               Tina:Umi jeung Udi jilid 2.1975.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Naek ka Kelas Dua


                                    






NAEK KA KELAS DUA
                                                    

Umi naek ka kelas dua.Raporna aya angka beureuman. Ngagambarna meunang lima. Tapi ngitung jeung maca meunang tujuh.
Barudak teu lila disakolana. Sanggeus Pa Penilik mulih,sakola tuluy bubar.
Umi buru-buru balik.
Ti buruan keneh geus ngageroan.
" Ma ........ Ma ! naek.........Naek !"Emana norojol ti dapur. " Skur naek mah.
Kumaha Udi naek deuih ?"
" Duka,da teu papendak.
Cios ka Bandung teh,Ma..? Da abdi tos naek ."
" Heug,bari mapagkeun Nana. Tapi Umi jeung Udi kudu ka Ua heula di Sirnagalih. Kudu ngendong.saurna. Pakaulan naek. Tuh di dapur geus aya piwarangan Ua. Ngahaja mapagkeun."
" Ari ka Bandung iraha ?"
" Engke balik ti Sirnagalih. Isukan ka ditu jeung Udi. Mana raporna Mi... ?"
" geuning ngagambarna ngan meunang lima. Nu sejenna mah alus."
Umi nyerengeh : " Sesah ngagambar mah,Ma. " Diajar atuh ka Kang Udi...!"
Tuluy Umi ka dapur. Mukaan lomari,tapi teu acan aya naon-naon.
" Sangu mah can asak. Itu we sangu ketan dina meja. Opak dina kaleng. Ti Ua,keur Udi jeung Umi."

               Tian:Umi jeung Udi jilid 2 1975.  


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Dongeng Ua.bag.2







DONGENG UA
(bagean ka 2)

Beo teh diasupkeun deui kana kurungna.
Pantona dipageuhan.
Dina hiji poe Pa Ondi nyaba ka dayeuh jeung anakna. Ari Ma Ondi ka nu hajat.
Memeh indit,kurung beo dipindahkeun heula ka tengah pindah. Da eta bisi aya nu maling.
Aya bangsat,nyahoeun imah Pa Ondi kosong.
Bangsat teh wanian. Acan ge magrib,geus wani asup ka imah Pa Ondi. Sabab nyab nyaho euweuh nu bogana.
Tuluy asup ka imah. Lomari Pa Ondi dibongkaar.
Duitna dicokot,pakean nu wareuteuh digembol kana sarung.
Ti dinya bangsat teh ka luar. jalanna ti panto hareup. Salse pisan kaluarna teh. Teu cara bangsat. Cara semah we.
Barang ce kana golodog,aya nu ngageroan : " Hoyah,hoyah,rek naon ...?"
bangsat reuwaseun. Disangkana aya jelema nyahoeun.
Deregdeg lumpat.Gembolan tikait kana pager,eusina ragragan.
Jelema-jelema heraneun. Aya jelema lumpat teu puguh. Jeung ngelek gembolan,eusina ragragan.
" Boa bangsat," ceuk jelema-jelema teh.
Tuluy diarudag nepi ka beunangna.
Bener we bangsa.Tas maling ti imah Pa Ondi.
Bangsatna di bawa pulisi
Pa Ondi balik ti dayeuh. Nenjo di imah loba jelema.
Ku tatangga dicaritakeun,aya bangsat asup ka imahna. tapi katewak. Sabab reuwaseun ngadenge nu ngomong : Hoyah,hoyah,rek naon ...?
Beo Pa Ondi nu ngomong teh.
Pa Ondi beuki nyaaheun wae ka manukna.

    Tina : Udi jeung Umi jilid ka 2.Cetakan Tarate.1975. 

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Salametan


                         

                      


SALAMETAN
                                                            

UDI sila gigireun Ua pameget.
Umi emok andeprok gigireun Ua istri.Ngariung tumpeng jeung bakakak hayam.
Umi jeung Udi naek kelas. Disalametkeun ku Uana.
Ambeh barudak bungaheun,saurna. itung-itung buruhan getol.
Ua pameget ngado'a heula.
" Pek ayeuna mah geura dalahar. Ngahaja ieu teh numpeng keur Umi jeung Udi."
Deker Umi jeung Udi dalahar.
Paronyo pisan dalahar teh. Eukeur mah lapar,katambah disadiakeun kabeukina. Umi kabeukina pais jeroan hayam. Ari Udi goreng lauk nilem. Mani gararing.
" Hanjakal teu aya Nana,nya...!
Ceuk Udi : " Mun kang Nana naek,bade dipangnumpengkeun deuih,Ua."
" Kumaha engke we. Nanana oge di Bandung keneh."
" Betah ari nganjang di Ua teh. Sok diogo."
" Diogo soteh lamun pinter. Lamun bodo mah jeung kedul,moal diogo.Sok pada mikanyaah anu pintermah."
Nu sejen geus sibanyo,Udi mah ngalimed keneh. Da eta aya goreng nilem,cenah.
" kade kang udi kamerekaan. Heug moal bisa balik."
" Moal," omong Udi bari ngosom.

                Tian:Umi jeung Udi jilid ka 2.1975.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe:Umi jeung Udi-Di Uana

                        

                    UMI JEUNG UDI DI UANA

Isuk-isuk keneh Udi jeung Umi geus arindit.
Dibarengan ku piwarangan uana ti Sirnagalih.
Umi henteu mopo. Da di jalanna henteu panas.
Uana mapagkeun ka buruan.
" Wayah kumaha ti Sukamaju...? Isuk keneh geus aya di dieu...?"
Jawab Udi. " Tabuh genep."
" Naraek...?"
" Naek : abdi ka kelas opat. Umi ka kelas dua."
" Sukur ari naraek mah ."
Ua Ajengan bungaheun pisan kadatangan barudak teh.
Umi ku Ua diperesen samping leutik weuteuh. Ari Udi kerepus jeung samping.
" Sing garetol diajar,nya. Jeung ulah poho diajar ngaji jeung shalat.
Umi jeung udi di lemburna sok diajar ngaji.
Umi ngajina pasosore. Ari Udi mah ti peuting.
Umi ngajina tina Tuturutan keneh. Tapi Udi  Geus Qur'an.
Saur Ua: " Jig arulin ka kebon. Neangan jeruk nu asak.Ngala we sorangan."
Ceuk Umi : " Ua,hayam abdi tos ageung ...?"
" Tuh geuning diburuan. Nu tukung."
" Tos ageung atuh."
 " geus gede,ngan acan ngendog. anu Udi mah itu tuh,nu di sisi balong.Geus jago."
Omong Udi : Hayam abdi sok diadu,Ua...?"
Saur Ua : " Puguh unggal poe diadu bae. Tuh huluna mani barocok. Pek we bawa ka Sukumaju.
Da hayamna geus galede."
 Hayam teh ku Umi jeung Udi rek ditewak.
Nu Udi mah giras. Lumpat ka lisung.
Nu Umi lindeuk.Diktkut teh nyampeurkeun.
Tuluy we ditewak.

                                - Tian Umi jeung Udi jilid ka 2.1975 - 

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku pelajaran Bahasa Sunda tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Udi ge Naek




UDI GE NAEK

Udi ge naek ka kelas opat.
Tina pekerjaan tangan meunang dalapan. Sabab Udi mah sok resep barang jieun sorangan.
Usum papanggalan,Udi mah tara meuli panggal.
Sok nyieun sorangan.

Mun usum langlayangan,nyieun sorangan.
tara meuli ti warung.Ngagambarna meunang tujuh. Ngan ngitung na meunang genep. Sedeng we sakitu mah. Teu kasaup goreng.
Umi geus balik,tapi udi can jol keneh bae.
Ceuk Ma Suma : " Ka mana  heula Udi teh ...? Sakieu geus beurang can balik.

Batur mah buru-buru balik tas samen teh. ari ieu anggur luas-leos. Boa teu naek."
Wanci asar Udi kakara datang.
Tas samen teh teu buru-buru balik. Diajak ku ono neang anak kerak di sisi huma. Lamun ono naek,Udi rek dibere anak kerak hiji.

Ayeuna ono naek. Sanggeus sakola bubar,tuluy we ka kebon sisi leuweung.
Udi balikna mawa anak kerak.
Ku emana digelendeng: " Kudu pupulih heula,engke deui mah. Atawa talatah ka Umi."
" Eta ge bade talatah ka Umi. Ngan Umina tos wangsul.
Ono naek. Abdi ge naek. Pekerjaan tangan kenging dalapan."
" Sukur.Tuh di dapur aya numapagkeun. Isuk kudu ka Sirnagalih. Jig we,da geus naek."

               Tian : Umi jeung Udi jilid 2.1975. 

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!