Buku pelajaran Bahasa Sunda tempo Doeloe - Umi jeung Udi : Udi ge Naek




UDI GE NAEK

Udi ge naek ka kelas opat.
Tina pekerjaan tangan meunang dalapan. Sabab Udi mah sok resep barang jieun sorangan.
Usum papanggalan,Udi mah tara meuli panggal.
Sok nyieun sorangan.

Mun usum langlayangan,nyieun sorangan.
tara meuli ti warung.Ngagambarna meunang tujuh. Ngan ngitung na meunang genep. Sedeng we sakitu mah. Teu kasaup goreng.
Umi geus balik,tapi udi can jol keneh bae.
Ceuk Ma Suma : " Ka mana  heula Udi teh ...? Sakieu geus beurang can balik.

Batur mah buru-buru balik tas samen teh. ari ieu anggur luas-leos. Boa teu naek."
Wanci asar Udi kakara datang.
Tas samen teh teu buru-buru balik. Diajak ku ono neang anak kerak di sisi huma. Lamun ono naek,Udi rek dibere anak kerak hiji.

Ayeuna ono naek. Sanggeus sakola bubar,tuluy we ka kebon sisi leuweung.
Udi balikna mawa anak kerak.
Ku emana digelendeng: " Kudu pupulih heula,engke deui mah. Atawa talatah ka Umi."
" Eta ge bade talatah ka Umi. Ngan Umina tos wangsul.
Ono naek. Abdi ge naek. Pekerjaan tangan kenging dalapan."
" Sukur.Tuh di dapur aya numapagkeun. Isuk kudu ka Sirnagalih. Jig we,da geus naek."

               Tian : Umi jeung Udi jilid 2.1975. 

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.