Buku SUnda Nani Resep Maca jilid 3

                 

Biku pelajaran bahasa sunda tempo doeloe
NANI RESEP MACA JILID 3.1984
 

Edah,batur sasakola nani,kabitaeun ku boneka Beben. Edah dipanggihkeun ku bapana. Boneka siga nu Beben. 
Ku bapana dingaranan Si Bageur jeung Si Rajin. Tapi ku Edah diganti Dedi jeung Ucu. Da sagala rupana sarua pisan jeung boneka Beben. Ngomongna oge sarua.
Tapi hanjakal.Sanggeus boga boneka poho kana diajar. Kana memesan tempat tidur bapana oge poho. Pikiranana kana boneka bae.
Ceuk bapana, " Ulah poho kana diajar. Ulah poho kana beberesih di imah. Ulin perelu,di ajar kudu.Kudu bisa ngatur waktu."
Tapi omongna bapana teu dipirosea.ahirna teu naek.

Edah mindeng ceurik.Isineun teu naek kelas.
Ceuk bapana. " Edah teh diuji ku bapa. Edah mah teu kaop boga cocooan alus atawa anyar. Sok tuluy kamalinaan. Poho sagala rupa. Mun digeuing ku bapa,teu daek ngagugu. Pun ayeuna karasa balukarna.Edah sorangan anu ngarasa,anu era.
Yeuh,Bapa boga guguritan. Meunang nyieun tadi peuting.
Apalkeun 

          KINANTI

1. Edah teh isin ku batur,
   numawi gawe ngan ceurik,
   margi henteu naek kelas,
   barang gaduh Ucu Dedi,
   gawe ngan anjang-anjangan,
   diajar kaluli-luli

2. Mun Bapanuju miwuruk,
   Edah sok nutupan ceuli,
   Malah sok ambek-ambekan,
   gara-gara Ucu Dedi,
   nepi ka teu naek kelas,
   isinna kawanti-wanti.

3. Duh,Bapa,Edah kaduhung,
   bongan gawe teh ngan ulin,
   teu inget kana diajar,
   Taya siang taya wengi,
   teu nurut kana piwejang
   duh,bapa,hapunten abdi.

                   Tina:Nani resep Maca 3.1984.




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.