UMI JEUNG UDI DI UANA
Isuk-isuk keneh Udi jeung Umi geus arindit.
Dibarengan ku piwarangan uana ti Sirnagalih.
Umi henteu mopo. Da di jalanna henteu panas.
Uana mapagkeun ka buruan.
" Wayah kumaha ti Sukamaju...? Isuk keneh geus aya di dieu...?"
Jawab Udi. " Tabuh genep."
" Naraek...?"
" Naek : abdi ka kelas opat. Umi ka kelas dua."
" Sukur ari naraek mah ."
Ua Ajengan bungaheun pisan kadatangan barudak teh.
Umi ku Ua diperesen samping leutik weuteuh. Ari Udi kerepus jeung samping.
" Sing garetol diajar,nya. Jeung ulah poho diajar ngaji jeung shalat.
Umi jeung udi di lemburna sok diajar ngaji.
Umi ngajina pasosore. Ari Udi mah ti peuting.
Umi ngajina tina Tuturutan keneh. Tapi Udi Geus Qur'an.
Saur Ua: " Jig arulin ka kebon. Neangan jeruk nu asak.Ngala we sorangan."
Ceuk Umi : " Ua,hayam abdi tos ageung ...?"
" Tuh geuning diburuan. Nu tukung."
" Tos ageung atuh."
" geus gede,ngan acan ngendog. anu Udi mah itu tuh,nu di sisi balong.Geus jago."
Omong Udi : Hayam abdi sok diadu,Ua...?"
Saur Ua : " Puguh unggal poe diadu bae. Tuh huluna mani barocok. Pek we bawa ka Sukumaju.
Da hayamna geus galede."
Hayam teh ku Umi jeung Udi rek ditewak.
Nu Udi mah giras. Lumpat ka lisung.
Nu Umi lindeuk.Diktkut teh nyampeurkeun.
Tuluy we ditewak.
- Tian Umi jeung Udi jilid ka 2.1975 -