UMI JEUNG UDI |
DONGENG UA |
(bagean ka 1)
Aya hiji jelema,ngaranna Pa Ondi.
Manehna bogaeun beo geus pinter ngomong.
Mani bentes pisan ngomongna teh. " hoyah,hoya,rek naon...?" cenah. " ieu kuring.ieu kuring...!"
Beo teh rek aya nukeuran ku domba. Tapi ku Pa Ondi teu dibikeun.
Rek aya nu meuli ge teu dibikeun. Sakitu mahal nawarna.
Lebar,cenah. beunang hese cape ngajar ngomong.Kurungna sok digantungkeun ditepas.
Mun aya jelema ngaliwat,beo teh sok ngomong :
" Hoyah,hoyah rek naon ...? Ieu kuring,ieu kuring...!"
Hiji mangsa Pa Ondi balik ti sawah, Kasampak kurung kosong.
Diteangan teu kapanggih. Ditempo ka kolong,bisi dirontok ucing. Euweuh bulu-buluna acan.
Meureun leupas beo teh. Panto kurungna henteu pageuh.
Atawa aya nu maling.
leos Pa Ondi ka pasar. Muru tempat dagang rupa-rupa manuk.
manuk beo rea dina kurung. Tapi Pa Ondi teu apaleun nu mana beo manehna. Sabab rupana meh saru.
pa Ondi tempa-tempo. unggal kurung didilikan.
Keur kitu aya nu ngomong gigireunnana : " ieu kuring,ieu kuring...!"
Sidik beo Pa Ondi.Beo nu sejennna mah tacan aya nu bisaeun ngomong.
Atuh manuk beo teh dibikeun deui ku nu dagang ka Pa Ondi. Da loba anu nyahoeun,bener eta teh beo Pa Ondi.
" Beunang meuli lima rupia ti budak angon," ceuk tukang dagang manuk teh.
Kawasna bae beo teh leupaas.
Nu dagang digantian lima rupia ku Pa Ondi.
Tuluy beona dibawa balik. nyambung ka bag. 2
Tina: Umi jeung Udi jilid 2.1975.
No comments:
New comments are not allowed.