Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Pusaka Carita Semah






SEMAH
                                                   
 Lili sa-datang-datang ti sakola teh,tuluy bae ka kebon,da katenjoeun indungna keur ngala daun.
 " Ema,enjing mah pere " cena.
 " Naha pere naon?" jawab indungna,bari tanggah milih daun cau kolot,alaeun.
 " Apan ping 12 Mulud".ceuk Lili.
" Aeh heueuh. Jung ulin we heula,da acan asak nanaon".
" Mangga",ceuk Lili,berebet lumpat ka imah,neundeun buku,leos bae ka sawah,rek neang bapana,sugan aya di saung sakalian hayangeun ngilikan beubeunangan dibuat poe eta. Lili kakara oge mengkol ka pipir,jol aya semah awewe,hajjji,da kaciri make mudawarah.
  " Punten embok,aya linggih?--Punten? " semah teh pupuntenan. Ku sabab euweuh bae nunembalan,gero rada tarik: Embok!Punten Embok !"
 "Saha?" ceuk nu di kebon bari nyelang ngalieuk heula.
 "Abdi,Embok ti girang."
 "Nyi Haji Omah?" Euh,ke antosan sakedap,Nyi Haji." 
 " Paingan  simpe,da keur ngala piartoseun"ceuk Haji Omah,bari nyampeurkeun ka kebon.
 " Ieu puguh babah Kwi Tji meser daun,Nyi Haji,"ceuk Embok Tiah,bari tanggah. Keset-keset ngala daun cau manggala ku peso nu ditalian,diselapkeun kana congo gantar awi. 
keset guprak,keset guprak. Siriwik-siriwik ku awewe nu nuturkeun daun daun teh disebetan tina ponggolanana,tuluy ditilep-tilep,dikompetkeun.
 " Geus sabaraha kompet,Inem ?" ceuk nu keur ngala,bari eureun,tuluy malik,milang kompetan daun ku panonna,pok deui nyarita :"Geuning geus leuwih dua. Keun bae,bejakeun ka babah nu dua mah mere kituh,nya."
 "Naha iraha pabaru,nya Embok?"
 "Ih,sanes anggoeun pabaru,Nyi haji. Kapan babah Kwi Tji mah kawas bangsa urang bae,sok hajat rewah Mulud," tembal Embok Tiah bari kecrot ngaluah.
 " Kutan?"ceuk haji omah bari unggeuk-unggeukan.

    Tina:Pusaka.Tarate.1958.R.Sadelie Suriagandaatmaja.

No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.