Showing posts with label Buku Pelajaran Bahasa Sunda Pusaka. Show all posts
Showing posts with label Buku Pelajaran Bahasa Sunda Pusaka. Show all posts

Pusaka-Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Tangkuban Parahu





buku pelajaran bahasa sunda


TANGKUBAN PARAHU
Muru Tangkuban Parahu,malibir ka Jayagiri,nyimpangna 
ti lebah Lembang,wetaneun pasar saeutik,mapay jalan pilemburan,mipir-mipir tepiswiring.

Lulurung nu ngabulungbung,ditema ku jalan leutik,mimiti nanjak meueusan,sengkedna ledug lalidig,ngaroyom dangdaunan,bulat-beulit areuy alit.

Duaan teu aya batur,bangun lalugina pikir,ukur kodak nu nyaksian,ngigintil ti barang indit,teu pukah ti barang ingkah,takdir dibawa pelesir. Beuki tonggoh beuki jauh,mapay jurang mipir gawir,nyorang antayan tanjakan,ngajangjang kesang lir mandi,rongheap kana bubulak,narepi ka Jayagiri.

Tonggoheun rungkun kirinyuh,sagigireun tangkal bingbin,handapeun tangkal camara,iuh aya bangku leutik,mumugang datar halegar,panglirenan nu pelesir.

langkung lepus batan dukun,sakti leuwih ti paraji,ngungkulan sagala ubar,istuning teu aya tanding,mungguh kahegaran alam,matihna leuwih ti misti.

Cara anu keur tapakur,buktina teu larak-lirik,jiga arca Rama-sinta,anteng henteu galar-gilir,kagendam ku kahegaran,katajiresmining ati.

        Tina:Pusaka.Tarate.1958.ku.M.I.Adnajaya.
.
*** ARTIKEL BERIKUTNYA ***
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda tempo Doeloe - Pusaka Dongeng Satria





SATRIA
 Aya maung keur ngalungsa wae di handapeun kiara,geus teu bisa walakaya,tina kakolotan jeung gering ripuh deuih.
 beurang peuting gawena ngan humaregung,kahujanan kapanasan teh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah,geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna mah ngan empes-empes wae,sahoseun teh estu lain bobohongan.
 Tadina mah sato-sato sejen teh mani gigis sarieuneun,euweuh anu wanieun deukeut-deukeut acan,ngadenge gaur maung teh. 
 Tapi,barang geus kanyarahoan mah,yen eta maung keur sakarat,rob wae pada ngaronom,pada narempo pada nalokeran sagala.
 "Euleuh,kutan kitu cucungikna nu sok nekuk batur aing teh! Cik pek aing udag,deuleu!" omong peucang ditompokeun kana ceulina,bari keletrak tarang maung teh ditakol."Hajoh sia,ari wani mah urang jogol jeung aing,montong make pepeleyean!" ceuk munding,bari jekuk wae digadil ku tandukna.
 Rupa-rupa tingkahna sasatoan teh pada-pada hayang mulangkeun kanyeri,nembongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya.
 Ngan sakadang kuda nu ngahuleng wae teh,teu lemek teu nyarek,gawena ngan gogodeg wae ti kanggangan.
 " NA sakadang kuya ngan dikir wae,mun jeplak wae kadinya,sepak tah lebah iga-burungna! Na teu inget bareto anak sampean si belo,dikerekeb ku ieu mangkeluk teh?" ceuk peucang.
 Kuda malengos bari cumalimba,omongna:"Kadongdora wani oge ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing,ulah dipaparin tekad hayang nganiaya ka nu lian,sumawonna ka nu teu aya tangan pangawasana geusan ngalawan mah!"

         Tina:Pusaka.Tarate.1958.ku.M.Suriadiraja.    
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda tempo Doeloe - Pusaka Carita Wayang





               " PAGUNEMAN HIJI JELEMA JEUNG 
                ANAKNA NYARITAKEUN BAB WAYANG "

  Si Salim anak urang lembur,baudak bageur pisan,getol diajar,tur parigel kana pagawean. Tapi bubuhan budak,nya rajeun wae aya carekeun kolotna mah nya etak sok kamalinaan teuing lalajo tipeuting. Ari karesepna babakuna kana wayang.
Upama ngadenge cengkung-cengkung goong wayang teh,sarta deukeut,geus curinghak bae malah tampolana mah tara ngadagoan asak sangu heula,kelenyep wae lalajo,da sieun kaburu heurin deukeut kotak . Ku sabab eta ku kolotna sok disebut " si Gungco ". upama meneran malem Ahad atawa maleman pere jeung salian ti eta,dalangna bisa,tur lalakonna rame,lalajona teh sok sapat sapeuting. Dina hiji mangsa,waktu pecat sawed,kakara lugay ti enggonna,ari hudangna kawas satengah ngalindur,sabab gesat-gesut bae ka cai,tuluy dangdan saadat biasana rek ka sakola.
 Bapana mireungeuh polah si Salim kitu,imut bae ngagelenyu,tina geus kacipta,yen eta budak pohoeun kana poe Ahad. Tapi diantep bae,teu digeunggeureuhkeun. Barang jut ka golodog,kakara ku bapana dijelukan,bari dititah neundeun paparabotan. Budak teh tayohna asa dingetan,yen harita poe Ahad,tuluy ka imah bari kalamas-kelemes. Ari enggeus barang tendeun jeung cucul-cucul,dicelukan deui dititah baranghakan.

               Tina:Pusaka.Tarate.1958. 


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe - Pusaka Carita Semah






SEMAH
                                                   
 Lili sa-datang-datang ti sakola teh,tuluy bae ka kebon,da katenjoeun indungna keur ngala daun.
 " Ema,enjing mah pere " cena.
 " Naha pere naon?" jawab indungna,bari tanggah milih daun cau kolot,alaeun.
 " Apan ping 12 Mulud".ceuk Lili.
" Aeh heueuh. Jung ulin we heula,da acan asak nanaon".
" Mangga",ceuk Lili,berebet lumpat ka imah,neundeun buku,leos bae ka sawah,rek neang bapana,sugan aya di saung sakalian hayangeun ngilikan beubeunangan dibuat poe eta. Lili kakara oge mengkol ka pipir,jol aya semah awewe,hajjji,da kaciri make mudawarah.
  " Punten embok,aya linggih?--Punten? " semah teh pupuntenan. Ku sabab euweuh bae nunembalan,gero rada tarik: Embok!Punten Embok !"
 "Saha?" ceuk nu di kebon bari nyelang ngalieuk heula.
 "Abdi,Embok ti girang."
 "Nyi Haji Omah?" Euh,ke antosan sakedap,Nyi Haji." 
 " Paingan  simpe,da keur ngala piartoseun"ceuk Haji Omah,bari nyampeurkeun ka kebon.
 " Ieu puguh babah Kwi Tji meser daun,Nyi Haji,"ceuk Embok Tiah,bari tanggah. Keset-keset ngala daun cau manggala ku peso nu ditalian,diselapkeun kana congo gantar awi. 
keset guprak,keset guprak. Siriwik-siriwik ku awewe nu nuturkeun daun daun teh disebetan tina ponggolanana,tuluy ditilep-tilep,dikompetkeun.
 " Geus sabaraha kompet,Inem ?" ceuk nu keur ngala,bari eureun,tuluy malik,milang kompetan daun ku panonna,pok deui nyarita :"Geuning geus leuwih dua. Keun bae,bejakeun ka babah nu dua mah mere kituh,nya."
 "Naha iraha pabaru,nya Embok?"
 "Ih,sanes anggoeun pabaru,Nyi haji. Kapan babah Kwi Tji mah kawas bangsa urang bae,sok hajat rewah Mulud," tembal Embok Tiah bari kecrot ngaluah.
 " Kutan?"ceuk haji omah bari unggeuk-unggeukan.

    Tina:Pusaka.Tarate.1958.R.Sadelie Suriagandaatmaja.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!