Buku Pelajaran Bahasa Sunda tempo Doeloe - Pusaka Dongeng Satria





SATRIA
 Aya maung keur ngalungsa wae di handapeun kiara,geus teu bisa walakaya,tina kakolotan jeung gering ripuh deuih.
 beurang peuting gawena ngan humaregung,kahujanan kapanasan teh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah,geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna mah ngan empes-empes wae,sahoseun teh estu lain bobohongan.
 Tadina mah sato-sato sejen teh mani gigis sarieuneun,euweuh anu wanieun deukeut-deukeut acan,ngadenge gaur maung teh. 
 Tapi,barang geus kanyarahoan mah,yen eta maung keur sakarat,rob wae pada ngaronom,pada narempo pada nalokeran sagala.
 "Euleuh,kutan kitu cucungikna nu sok nekuk batur aing teh! Cik pek aing udag,deuleu!" omong peucang ditompokeun kana ceulina,bari keletrak tarang maung teh ditakol."Hajoh sia,ari wani mah urang jogol jeung aing,montong make pepeleyean!" ceuk munding,bari jekuk wae digadil ku tandukna.
 Rupa-rupa tingkahna sasatoan teh pada-pada hayang mulangkeun kanyeri,nembongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya teu upaya.
 Ngan sakadang kuda nu ngahuleng wae teh,teu lemek teu nyarek,gawena ngan gogodeg wae ti kanggangan.
 " NA sakadang kuya ngan dikir wae,mun jeplak wae kadinya,sepak tah lebah iga-burungna! Na teu inget bareto anak sampean si belo,dikerekeb ku ieu mangkeluk teh?" ceuk peucang.
 Kuda malengos bari cumalimba,omongna:"Kadongdora wani oge ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aing,ulah dipaparin tekad hayang nganiaya ka nu lian,sumawonna ka nu teu aya tangan pangawasana geusan ngalawan mah!"

         Tina:Pusaka.Tarate.1958.ku.M.Suriadiraja.    

No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.