Sejarah Asal Muasalna Wayang Golek Bahasa Sunda Bagian II

                 


Sejarah Wayang golek
ASAL MUASALNA WAYANG (II)



Sejarah  Asal Muasalna Wayang Golek Bahasa Sunda
Deui pamendakna Bapa R.M.A. kusumadinata dina pedaranana,nyebatkeun :
"jaman harita mah wayang teh teu acan jadi tatanggapan sapertos ayeuna,teu acan jadi kasenian anggoeun riya-riya,mung harita mah,wayang teh nya eta anggoeun ngagayuh sukma-sukma para karuhun supados lalungsur ka Marcapada,naritis kana wayang,sarta marasihan pituduh-pituduh sareng tarekah-tarekah kanu harirup........".

Pamendak para ahli anu kasanggakeun di luhur sadayana oge sami. boh Bapa A. Prawirasuganda boh Bapa R.M.A. Kusumadinata. Ari Bapa M.Wangsaatmaja mah dina pedaranana teh ti ngawitan wayang janten tongtonan (kasenian) nya eta sabada ayana pangaruh kasusastraan Hindu sapertos 'Mahabharata' sareng 'Ramayana'.

Dumasar kan pedaran-pedaran anu parantos kasanggakeun wayang teh nya eta kamekaran tina upacara kapercayaan kana nyembah arca,anu gelarna ti mimiti -+  2000 taun S.M.
 Kamekaran sateu-acana mangrupa pintonan kasenian pidanganana teh jadi pintonan pikeun sabang saning upacara adat anu masih keneh kawengku dina kapercayaan kana lelembutan saperti 'Ngaruat'.

Ieu kapercayaan teh saperti anu parantos dipedar ti payun dumasr kana aliran pikiran komis. ku sumebarna agama Hindu di Pulo Jawa. Kapercayaan ka sebut di luhur teh campur ngahiji. Ku kituna atuh carios wayang pikeun ngaruat oge kenging wadah anyar,cindekna mangrupa hiji lalakon anu disebut 'Murwakala'.
 Ari anu jadi poko lalakonna nyarioskeun Batara Kala.
Sabagian tina kapercayaan kasebut di luhur anu masih keneh diaranggo utamana mah di pilemburan jeung sabagian kota-kota geus jadi adat kabiasaan enggoning ngadegkeun teh ilaharna sok diruat.

Biasanati sateu acana masang tatapakan tepi ka ngadegkeun tihang-tihang,anu kagungan adas ngadegkeun teh  sok tataros heula ka sepuh anu uninga kana palintangan. Kudu poe naon merenahna pikeun ngadegkeun jeung ka mana eta imah teh kudu nyanghareup. hal eta teh dipalar anu bumen-bumen di eta imah aya dina katengterman,parek rejeki jauh balai.

Tug tepi ka iwari ilaharna kabeh imah nyanghareup teh ka sala sahiji Mazhab mata angin. Langka pisan anu meulah mata angin atawa ngiblat.
 Lian ti eta lamun urang rek nyicingan hiji imah boh anu anyar,boh pindah tempat,biasana sok tataros tina bab ugana deuih,patali jeung jugjugan mazhabna. ulah dugi ka ninggang di kala.

Kumaha pentingna sawangan ngeunaan jugjugan mata angin pikeun kahirupan manusa tiasa kasaksian dina Murwakala.
 Kecap Murwakala anu patali jeung pintonan wayang lamun dirucat hartina sacara harfiah,nya eta 'mangsa anu munggaran',ngandung siloka anu jembar.
 Wayang anu biasa dipake ngaruat ilaharna wayang kulit anu sok disebat 'Wayang Purwa',anu gelarna saparantos aya pangaruh Hindu.

Sanajan kiwari pintonan wayang teh geus mangrupa pintonan kasenian,tapi ari tradsi anu kawengku ku hiji kapercayaan mah masih keneh hirup.

pituduh tina bab ieu saperti anu dipedar ku Bapa M. Wangsaatmaja di leresan Murwa tepi ka bade nincak kana pedaran kayaan Karaton anu dipirig ku lagu Karawitan.

Kitu deui cicingna wayang kawengku ku ieu kapercayaan. Wayang-wayang anu kaasup kana golongan Kowara cicingna salawsna di mazhab Wetan jeung Kidul,beulah kenca. Sedengkeun anu kaasup kana golongan Pandawa di mazhab kulon jeung kaler,katuueun Dalang.

Nurutkeun kamekaranana wayang teh dibagi jadi dababaraha golongan,di antarana anu kungsi gelar,nya eta :
1. Wayang Purwa
2. Wayang Beber
3. Wayang Golek
4. Wayang Gedog
5. Wayang Amir ...jsb.

Wayang Purwa nya eta saperti anu parantos dipedar di luhur.
Wayang beber nya eta mangrupa gambar wayang anu dibeberkeun. Geus tangtu wayang kasebut teh dipidangkeunana henteu diigelkeun tapi dibeberkeun. Jadi hiji gambar teh mangrupa hiji adegan tina hiji lalakon.

Upama nilik tina kamekaran riwayat gelarna dalang disawang sabada ayana pangaruh Hindu nya eta anu gelarna tina 'Jurubaharata' ku pangira-bgira mah 'Wayang beber' teh umurna leuwih batan Wayang Purwa (kulit).
 Ku kituna kecap Purwa di dieu lain nyoko ka gelarna wayang,tapi dumasar kana lalakon anu dipidangkeunana.
   
Tapi hal eta teh sanes hiji kapastian anu bisa dicekel deleg,ieu mah ngan saukur pangira-ngira. Anu oge dumasar kana katerangan Bapa Wangsaatmaja anu saurna : ..... wawayanganana anu kawit digambar dina daun lontar.....'Leres henteuna mah nyanggakeun.

Wayang Golek,saperti sadayana oge parantos ma'lum wwwayang ieu mah hiji-hijina wayang anu kacida populerna di daerah Pasundan. Palebah umurna mah duka heula mana dareng Wayang kulit. Ari wujud rupana mah sami.

Ceuk sakaol mah wujudna wayang boh wayang kulit atanapi Wayang golek dugi kana wujud saperti anu kasaksian ajeuna teh nya eta ti ngawitan jaman 'Raden Jayabaya' ngasta kaprabon di daerah Jawa. Ti harita aya Jawanisasi kana wayang anu dilalakonkeun atanapi disaluyukeun sareng pasipatan para palaku tina kitab 'Mahabharata' sareng 'Ramayaa'.

Ari 'Wayang Amir' anu hirupna sabada sumebar agama Islam. lalakon-lalakona sempalan tina carita anu aya patalina sareng syiar ISlam.

Benten sareng 'Wayang Gedog',ieu mah lalakon-lalakona teh dicutat tina carita -carita Panji.
Ari 'Wayang Suluh'gelarna dina jaman Revolusi. hirupna kacida pondokna,ngan sabudeureun jaman Revolusi. Kiwari mah geus tara kakuping deui. Lalakon-lalakona dicutat tina pasendatan antara bangsa urang sareng kumpeni Walanda.

Salian ti wujudna 'Wayang Golek' sareng 'Wayang kulit'saperti anu dipedar di luhur,salasawios anu penting dina midamel wayang,nya eta masihan warna kana saban wayang.

Enggoning masihan warna kana sarupaning wayang henteu sagawayah. Ieu oge masih kawengku ku kapercayaan aliran pikiran kosmis. Boh warna beureumna,bodasna,bulao atanapi hideungna.

Rupina urang cekapkeun dugi kadieu bae heula gurat badagna perkawis asal-usulna wayang.Tina : Mangle no.284.tahun 1971.ku : Sajudi 

      



 
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!