Banten Tempo Dulu
Bagean 2





BANTEN TEMPO DULU 1915-1926


         Dina taun 1600'an Jawa Kulon Dijieun 3 bagian.

2.BAWAHAN MATARAM.
Sapanjang Cimanuk beulah ti kaler jeung sapanjang Citandui beulah ti kidul, urang Jawa geus arasup ka Priangan, malah dina taun 1595 Galuh geus diasupkeun jadi wewengkon Mataram, ari Sumedang nu Bupatina angkatan Sultan Mataram,jadi lurah (kapala) tina tanah-tanah Priangan nu kabawah ka Mataram. Lamun aya peperangan, urang Priangan kudu ngabantu ka mataram, saperti kajadian dina taun 1624, waktu ngalurug Sampang, di pulo Madura, kungsi ngabantu balad Mataram waktu ngalurug VOC.

Kauntungan Mataram di Priangan teu pati gede, sabab tanahna legana tacan aya nu nyicingan, cacahna saeutik kacida. Rahayat dikeunaan hardines jeung kudu mayar pajeg kapala. Ari para Bupati unggal taun kudu tugur ka Mataram sarta didinya mareunang dameul. Urang Bandung (ayeuna Dayeuh Kolot sisi muara deukeut Citarum deukeut muara Cikapundung) kudu miara kuda haturan Sultan, sarta heuleut 3 bulan kudu seba sayang waley jeung batu asahan ka Mataram : urang Ukur kudu seba daging uncal jeung lauk cai, ari urang Galuh sebana tininan anu dipoleng.

3. Cirebon.
Banten dina abad ka-16 ka buyut Sunan Gunung jati, jenengan Pangeran Ratu (Panembahan Ratu), dibantu ku Raja Mataram. Kota Cirebon teh ditohagaan dikuta tembok kandel sakurilingna, supaya bisa mapakan Banten.

Kacaritakeun aya hiji Panembahan nu pangsepuhna (nu katelah Sultan Sepuh jeung Sultan Anom). Ieu nu dua putra teh kudu maparin sabaraha cacah ka raina, putra bungsu.

Dina taun 1680 urang Walanda kakara tetep tumetep di kota Cirebon, atuh eta putra Raja nu tilu kapaksa ngadamel perjangjian jeung Kumpeni.

Dina taun 1705 Cirebon teu kabawah duei ka Mataram.
Sarta waktu eta dibagi jadi sababaraha bagian saperti Indramayu, gebang, bawahan Sultan Sepuh, ari Sultan Anom Galuh, Limbangan jeungSukapura.

Nepi ka ayeuna rundayanana Sultan Sepuh jeung Anom kagungan karaton ku anjeun. kitu deui Pangeran Aria Cirebon (kapala Kacirebonan), turunan putra bungsu tea.

Jadi dina taun 1600'an teh aya raja nu marentah Jawa-Kulon : Banten, Cirebon jeung Mataram. TAMMAT 

           Tina Babad Pasundan.ku.A.C.DEENIK


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.