Showing posts with label Banten Tempo Dulu. Show all posts
Showing posts with label Banten Tempo Dulu. Show all posts

Banten Tempo Dulu
Bagean 2





BANTEN TEMPO DULU 1915-1926


         Dina taun 1600'an Jawa Kulon Dijieun 3 bagian.

2.BAWAHAN MATARAM.
Sapanjang Cimanuk beulah ti kaler jeung sapanjang Citandui beulah ti kidul, urang Jawa geus arasup ka Priangan, malah dina taun 1595 Galuh geus diasupkeun jadi wewengkon Mataram, ari Sumedang nu Bupatina angkatan Sultan Mataram,jadi lurah (kapala) tina tanah-tanah Priangan nu kabawah ka Mataram. Lamun aya peperangan, urang Priangan kudu ngabantu ka mataram, saperti kajadian dina taun 1624, waktu ngalurug Sampang, di pulo Madura, kungsi ngabantu balad Mataram waktu ngalurug VOC.

Kauntungan Mataram di Priangan teu pati gede, sabab tanahna legana tacan aya nu nyicingan, cacahna saeutik kacida. Rahayat dikeunaan hardines jeung kudu mayar pajeg kapala. Ari para Bupati unggal taun kudu tugur ka Mataram sarta didinya mareunang dameul. Urang Bandung (ayeuna Dayeuh Kolot sisi muara deukeut Citarum deukeut muara Cikapundung) kudu miara kuda haturan Sultan, sarta heuleut 3 bulan kudu seba sayang waley jeung batu asahan ka Mataram : urang Ukur kudu seba daging uncal jeung lauk cai, ari urang Galuh sebana tininan anu dipoleng.

3. Cirebon.
Banten dina abad ka-16 ka buyut Sunan Gunung jati, jenengan Pangeran Ratu (Panembahan Ratu), dibantu ku Raja Mataram. Kota Cirebon teh ditohagaan dikuta tembok kandel sakurilingna, supaya bisa mapakan Banten.

Kacaritakeun aya hiji Panembahan nu pangsepuhna (nu katelah Sultan Sepuh jeung Sultan Anom). Ieu nu dua putra teh kudu maparin sabaraha cacah ka raina, putra bungsu.

Dina taun 1680 urang Walanda kakara tetep tumetep di kota Cirebon, atuh eta putra Raja nu tilu kapaksa ngadamel perjangjian jeung Kumpeni.

Dina taun 1705 Cirebon teu kabawah duei ka Mataram.
Sarta waktu eta dibagi jadi sababaraha bagian saperti Indramayu, gebang, bawahan Sultan Sepuh, ari Sultan Anom Galuh, Limbangan jeungSukapura.

Nepi ka ayeuna rundayanana Sultan Sepuh jeung Anom kagungan karaton ku anjeun. kitu deui Pangeran Aria Cirebon (kapala Kacirebonan), turunan putra bungsu tea.

Jadi dina taun 1600'an teh aya raja nu marentah Jawa-Kulon : Banten, Cirebon jeung Mataram. TAMMAT 

           Tina Babad Pasundan.ku.A.C.DEENIK


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Banten Tempo Dulu
Bagean ka- 1


    

SEJARAH BABAD PASUNDAN
       Dina Taun 1600'an Jawa-Kulon Dijieun 3 bagian

1.Banten.
Sapupusna Pangeran Muhammad dina taun 1596, putrana nu jenengan Abdul kadir dijungjung lungguh,tapi burey keneh pisan, yuswana tacan sataun. Nya diwakilan ku kapi ramana. Ari dayeuh Banten,jaman harita mah kaitung nu panggedena di pulau jawa. Pangasilan ti P.P. Maluku dikunjalan ka dinya, sarta di dinya ditukeurkeun kana barang-barang kaluaran Hindia - tukang jeung Hindia - hareup.

Jaba tanah Banten asli, anu jadi sawewengkon nya eta tanah jakarta. Ku sabab perdagangan pindah ka Banten, atuh Jakarta teh mundur kacida. Ari gegedenna gelaranana " Pangeran ", diangkat ku Sultan Banten.

Banten jadi dayeuh penggedena di Jawa Kulon (malah ti sapulo Jawa). Rea bangsa-bangsa asing nu ngadon dagang , saperti urang persi, Turki, Arab, Keling,Malayu, Banggala jeung Cina. Ti Hindia tukang aya padagang-padagang anu marawa gajah.

gedong-gedong nu pangalusna nya eta imah Cina, kampungna di luar kota dikubeng ku pager kai. Maranehna dibeulian pedes ti pakampungan jualeun ka urang Portugis atawa iangkeuneun ka nagarana. Maranehna ngajalankeun duit Cina, nu lila-lila dipake di sakuliah pulo Jawa, bangunan ipis, di tengahna diliangan, pangajina 1000 siki kira-kira sarua jeung 10 sen.

Saniskara anu didatangkeun ku bangsa asing, papakean, lawon bodas, perhiasan, porslen, sutra, buludru, payung, kepet, eunteungleutik, emas dsj, dibareuli ku urang Jawa atawa urang pulo-pulo sejen nu daratang ka pulo Jawa ngajualan hasil bumi, tuluy dibawa ka lembur-lemburna.

Kapal-kapal kudu caricing di teluk Banten, da teu aya palabuhan anu enya. Ari sakuriling dayeuh dikuta tembok, diluhurna make mariem.

Ku sabab Ci Banten jadi kacida deetna, caina ngeuyeumbeu bae, malah jadi ngajadikeun ranca-ranca, atuh hawana teu sehat. Ari ti peuting walungan teh reupeuk, nepi ka teu aya parahu nu milir-mudik.  

Saban pakarangan dipelakan kalapa, ari imah enclok-enclokan, cara imah-imah kampung ayeuna. Jalan nu lempeng ngan aya tilu, henteu ditimbris, ari keur katiga ngebul, keur ngijih jeblob. Tihang-tihang sok di ukui, hateupna eurih : imahna teu dipantoan, reregan bae anu minangka panto teh.

Bilikna awi dianyam, ari palupuhna marake lampit. Hiji imah weuteuh hargana ngan ukur RP. 2.25,- ngan hiji imah urang pribumi anu ditembok, nya eta bumi Syahbandar. Karaton dijieunna ku kai bae, kitu deui kaputrenan, nu eusina leuwih ti 100 selir. Eta karaton nyanghareupan alun-alun, di dina aya masjid tembok, anu bari sok dipake ngajar agama sarta ngajar maca, nulis jeung basa arab. Aya deui nyanghareupan alun-alun nya eta : pangberokan (mun ti peuting nepi ka 50 jalma nu ngajagana), bumi Mangkubumi, gedogan-gedogan kuda kagungan Sultan jeung gudang pakarangna.

Menak-menak panganggona aralus pisan, sinjangna sutra, malah rea anu disulam ku benang emas. Sakapeung ngaranggo raksukan nu leungeuna ku buludru, tapi biasana tara di raksukan : kopeahna make sorban, rambutna katembong, jeung nyoren keris. Mun arangkat kudu bae di irng ku nu mawa wadah lemareun, kendi, payung jeung samak. Eta menak-menak nya eta kapala kampung. harita dayeuh teh dibagi jadi sababaraha kampung.

Nu baranggawe nyaeta jalma beulian, harita di banten rea, murah pisan, biasana hiji jalma beunang RP.9.-. Ari jariah-jariah sok palasar, ngajualan barang-barang kagungan dunungan istri, (aya 3pasar nu dibuka saban poe),atawa nganteh, ninun, ngabatik. Anak-anak jalma beulian jadi milik dunungan.

Sok rajeun aya nu maling, tapi penjagaan teu sabaraha kawantu tacan aya pulisi.
Mun aya bangsat kacerek, meunang terus dipaehan malah nyerekna meunang ganjaran RP. 1.50,-.

Mun aya kahuruan sok nabeuh tambur, sarerea kudu nukungan.
Awewe-awewe nu kudu mareuman seuneu, ari lalaki kudu ngajaga bisi aya bangsat atawa rampog nu ngarah barang.

Awewe nu ditinggal maot ku salakina, jadi jalma beulian ka karaton, kitu deui anak-anakna. Ku sabab eta barudak teh ngora-ngora sok dikawinkeun, supaya tetep jadi jelema merdika.

kaayaan di pulo jawa sarupa kitu, ayeuna mah ngan kari beja. Da geuning ayeuna mah, hukuman puguh aturananan, dagang jelema dilarang keras aturan ngadegkeun imah, muka jalan jeung sajabana geus nyumpona kana kaperluan jaman ayeuna.

Dayeuh banten beuki lila beuki mundur, kaelehkeun ku Batawi,Samarang, Surabaya jeung sajabana. Antekna mah jadi kampung leutik tur sepi pisan, dicicingan ku tukang ngarala lauk di teluk banten. ngan ayeuna aya keneh patilisan-patilasan nu jadi tanda, yen Banten teh urut dayeuh sugih mukti beurat beunghar, kajojo ti mana mendi, sarta dina taun 1600 jadi kota perdagangan nu panggedena di pulo Jawa. Nyambung ka dieu... 
Tina Babad Pasundan ku.A.C.DEENIK.

 
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!