Bobodoran Sunda
" Nguseup "




NGUSEUP


Aya nu lolong rek nguseup di walungan. Ari useupna beda ti batur,ieu mah useup golong make mamarit sagala.
atuh eupanna oge ngahaja eupan colek meunang nyieun tina galendo.

Sanggeus kaperluan sayagi,kencling bae indit muru walungan di sisi lembur. Sanggeus dieupanan,lung dialungkeun. Bakat ku tarik ngalungkeunana,eta useup teh meuntasan walungan ngait kana tangkal harendong.

Ari anu lolong tea apan sok tekun. Sangkilang useupna ngait kana harendong oge,ditungguan bae nepi ka buritna.

Keur kitu lar aya tukang asin. Nempo anu nguseup ti tadi can nyorang,tukang asin ningalikeun tikajauhan. Mimitina beungeut nu nguseupdipencrong. Terus ditempo dipapay kenurna nepi ka peuntas kana tangkal harendong.

"Atuh masing nepi ka isuk oge moal nyorang-nyorang da useupna henteu nganclom kana cai," gerentes tukang asin bari ngecagkeun tanggungannana. Terus kurah-keroh kanu jero tolombong jiga aya nu diteangan. Geus kitu terus muru tangkal harendong ngudar useup anu ngait.

Sabada ngaitkeun "asin peda" kana eta useup,terus kenurna dikenyed-kenyed. Puguh bae atoh anu nguseup teh. Barang useupna dipecatkeun,ana gep kana lauk,pelengseng bau asin.

"Bae ah peda ge," ceuk menehna bari bus eta peda teh diasupkeun kana korangna




DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.