Pasar Baru Bandung Jaman Baheula Bagean Ka - 3



pasar baru bandung tempo dulu 02
PASAR BARU JAMAN BAHEULA


PASAR BARU TI PEUTING.
Da nu dagang kemir nu anteng mah sajeroning nyaring teh,Hayoh bae ngadekul ngosokan daganganana. Hiji-hiji disusutan ku lamak lemes lalaunan. Cara  peta anu dagang ali celus di sisi jalan geuning,sok hayoh bae dikucel ngarah alus teh ! Dikitu kemir oge,nepi ka harerang marolenang katenjona teh. Bari jeung teu meunang eumeur,nu matak lalaunan oge.

Sabalikna ti nu dagang buah gedong atawa cengkir. Lalaunan nyabakna teh bisi pupul hapurna, nu sok siga wedak saulas dina kulitna. Kemir mah  kudu beresih. tuluy atuh dina neundeunna atawa numpukeukeunana oge sabalikna. Buah mah kudu nyanghareup,disina kadeuleu beungeutna,ngarah ka tenjo nangepna,nepi ka anu leutik oge siga gede. Kemir mah sabalikna,kudu disina narangkub,ngarah ketembong mongplona.


Ari geus karuhan rea nu masar mah,nu daragangna oge beuki rea rupana. Ditambah ku nu daragang pecay gawena teh,ngahenggoy metikan daunna nu kolot,nu karancang tapak hileud,nepi katembong daunna nu mulus,semu bodas.


Ari geus karuhan rea nu masar mah,nu daragangna oge beuki rea rupana. Ditambah ku nu da daragang dahareun. Boh sotona,boh satena atawa sanguna pisan. Rata-ratana ukuran beulieun nu balantik,lain ancoan nu royal cara restoran.


Soto,dua sen samangkok teh geus ngurung kurupuk Cikoneng,nya gede nya kandel. Satena nu sapuluh tusuk beunang ditawar dalapan sen tea. Malah tilu benggol sapuluh colok teh keur negtog mah.


Ari sangu,lima sen sapiring teh geus manggrupa kuah. Kalis teu ngahaja sa deui meuli deungeunna. Da geus pepek meunang ngabanjur ku angeun tempe dicabean bari karasa serehna. Nageun kumeli ditahuan bari kaambeu peuteuyna. Besengek cabe gede salonjor-salonjor. Ditumpangan empal tahu sakeureut masung,jeung caina mabek kelewek. Dina baskom galede diwadahanana sarupa-sarupana angeun teh,disiukan ku sinduk kaleng,gagang awi.


Kitu prahna nu dalahar teh. Da kaitung royal nu menta sangu wungkul mah,bari nyokotan deungeuna sasukana. Aya goreng endog meri matasapi,aya pindang endog. Mun teu kitu endog wajar meunang meulahan teh disambaraan sambelgoreng.


Aya goreng lempu jeung goreng gugubar tawes meunang ngeureutan. Goreng tempe jeung goreng tahu. Goreng lauk emas digerihan,tapi teu dipiceunan heula sisitna. Malah jeroanana oge henteu. Dihaja ngarah kembung katenjona,ukur dipiceun hamperuna.


Dina tungtung rancatan anu teu diudar dina salangna,hoe gede,peuteuy bae ngagarantung,aya nu meunang ngulub. Mayor disebutna nu dahar jeung peuteuy teh. Ngan sabenggol ari hargana mah sapapan teh,nu asak nu atah oge.

Ngan eta cenah sok rewog dahar,hambur sangu.

Aya nu teu kudu mayar oge,kalis ku menta:cai teh tina teko seng gede. Ngahaja disadiakeun eta mah jeung cengek domba dina piring seng,digowengkeun jeung uyah badag.

Ieu jaman Bandung nyaring ti peuting,unggal peuting. Tamat. Nu ka hijina di dieu ...


Tina:KANDAGA Buku Bacaan Basa Sunda.1957.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.