Pasar Baru Bandung Jaman Baheula Bagean Ka - 2






Pangpangna kajanarikeun. Tapi sore keneh oge sok geus rame, komo maleman marema mah.
Aya nu kakara datang bae,ngarekot nanggung daganganana, muru lahan kosong keur dadasar. Aya nu geus ngagojod sare tibra oge. Ngarengkol dina lolongkrang tolok pinuh ku waluh siem,dijubung ku gebog cau. Aya deui anu ngagoledag dina gundukan kalapa meunang mesek.butikeun. Ngagubrag ngan ukur dibaju kasut geus lolo. Dijalana pondok bae,da sarungna mah dipake ngabuntel kampret,dikedengan dipake anggel. ngan henteu bae kawas pakir hindu nu sok ngedeng dina papan nu rogok pakuna.

Cenah ari dagangan dikedengan teh pamali,matak jomlo.

Tapi urang Rendeh anu dagang daun tisuk,bangun ni'mateun pisan sarena ngadagoan janari teh. Dina hurun,tumpukan daun sababaraha,bar samak saheulay,moal boa kawas dina kasur empuk susun tilu bae!.

Aya nu njileuk keneh oge. Pantesna teh keur nineung ka nu ditinggalkeun. Budak ngora urang Cisarua. Peuteuy karumpay pisan daganganana teh.


Nu keur salat isa dina samak pacar,disarung jangkung nutupan susu. Teu dibaju,dikopeah bae,bari dicindung ku anduk. Anduk nu tara dipake dianduk tea! Cabe hejo keur sedeng ngeunah aseeun daganganana
teh. Nyambung ka bagean 3 didieu ....


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.