Pasar Baru Bandung Jaman Baheula


pasar baru bandung 1951


PASAR PEUTING.
PA Suka,nu dianjrekan ku Amir,sajaba ti ngalanggan suratkabar basa Indonesia teh,ngalangan Sipatahoenan jeung majalah warga deuih.

"Bareto mah taun 52-53 saurna,"Bapak kungsi ngalanggan majalah Sunda,ngan hanjakal ayeuna geus teu kaluar deui ,nya balik deui kana Warga."


Majalah Sunda, nu araya keneh, ku Amir oge sok dibacaan, sarta ari enggeus sok diteundeun deui di lomaribuku.


Di antara carita nu dipikaresep ku Amir, sajaba ti dongeng rohangan "Rek percaya rek henteu", nya eta karangan Syarif Amin nu make judul "Keur Kuring Di Bandung".


Saur Pa Suka, nu digambarkeun ku Syarif Amin teh kaayaan kota Bandung dina taun lilikuran. Anu ku Pa Suka oge loba nu kaalaman, saperti ieu nu dicaritakeun di handap, nya eta kaayaan ti peuting di Pasar Baru ti peuting. Ti sareupna nepi ka subuh.

Pukul lima tutup nepi pukul genep isuk-isuk. Diselang diberesihan heula,disapukeun runtahna,dikumbah tembokan. Bray beurang dibuka deui.

Naon atuh nu euweuh di pasar peuting,sawarning hasil bumi atawa palawija, rupa-rupa lalab-rumbah?


Di pasar peuting mojokna nu sok ngaleut ditaranggungan ti siring Lembang teh. Rupa-rupa beubeutian saperti wortel jeung kumeli,lobak  jeung lalab-lalaban lianna. Embohna tina bawang sop jeung saledri teh,terong gede,terong leutik,piit,marukan jeung sajabana.


Ati tanggungan kangkung jeung tespong,biasana sok ti kidul jolna teh. Cara genjer,ti lebah Cigereleng atawa Dayeuh kolot beh dituna. Mun gedang rata-ratana ti lelewek Cimindi atawa Cimahi. Ari kol mah rereana ti siring Pacet,Pangalengan.


Asalna mah nu dagang bajongan wungkul,beulieun nu jualeun deui,boh tangkulak,boh tukang gowengan anu sok ngadon balanja ti peuting. Ngarah salsena sareureuh budak. Atawa nu sakalian,bari balik ti panglalajoan. Mun teu kitu atuh ngahaja bari pelesir.

Nyambung ka bagean 2 klik nu ieu .......


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.