Dongeng Sunda
" Dipati Ukur "
Bagean ka - 3




DIPATI UKUR. Bagian hijina klik nu ieu ...
Ti dinya Dipati Ukur teh tuluy nanjak deui ka tonggoh,nepi ka Gunung Putri. Nya didinya anjeunna ngayonan musuh angeeus-anggeuan. Teu kaur urang Jawa hanjat,tuluy ku anjeunna jeung ku balad-baladna diurugan batu. Nepi ka anjeuna aya urutna,taringgul batu galede di walungan Cibitung.

Tapi saanggeus 3 poe,kapaksa anjeunna lungsur deui,sabab kakurangan bekel. Tuluy nuju ka gunung Lumbung. nya didinya pisan anjeunna bobor karhayua,diuwak-awik ku nu dengki,ditandasa ku nu hianat. Ceuk sakaol ditilas janggana,Mastakana dibawa ka Mataram,tanda jasa Bahurekso,yen geus unggul dina perang.

Anjeunna di tonggoheun kampung Lembang aya gunung nu katelah Gunung Lumbung deukeut  Gunung Gedugan. Dipuncakna aya arca sapotong keur nangkeup budak.

Ari eta nu matak nangkeup budak? Cenah ,istrina ti Bandung mapay-mapay ka Cililin, terus ka Gunung Lumbung; nya kapanggih layonna,geus taya mastakana. Tuluy ku tukang ukir waktu harita dijieun arcana,nangkeup murangkalih,nya eta putrana.

Tapi eta carita teh ngan ukur dongeng,kumaha riwayat nu saenyana? Saha nu bakal picukcrukeun??? ... TAMAT

Tina KANDAGA Buku Bacaan Basa Sunda.1957.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.