Showing posts with label Dongeng Sunda Dipati Ukur. Show all posts
Showing posts with label Dongeng Sunda Dipati Ukur. Show all posts

Dongeng Sunda
" Dipati Ukur "
Bagean ka - 3




DIPATI UKUR. Bagian hijina klik nu ieu ...
Ti dinya Dipati Ukur teh tuluy nanjak deui ka tonggoh,nepi ka Gunung Putri. Nya didinya anjeunna ngayonan musuh angeeus-anggeuan. Teu kaur urang Jawa hanjat,tuluy ku anjeunna jeung ku balad-baladna diurugan batu. Nepi ka anjeuna aya urutna,taringgul batu galede di walungan Cibitung.

Tapi saanggeus 3 poe,kapaksa anjeunna lungsur deui,sabab kakurangan bekel. Tuluy nuju ka gunung Lumbung. nya didinya pisan anjeunna bobor karhayua,diuwak-awik ku nu dengki,ditandasa ku nu hianat. Ceuk sakaol ditilas janggana,Mastakana dibawa ka Mataram,tanda jasa Bahurekso,yen geus unggul dina perang.

Anjeunna di tonggoheun kampung Lembang aya gunung nu katelah Gunung Lumbung deukeut  Gunung Gedugan. Dipuncakna aya arca sapotong keur nangkeup budak.

Ari eta nu matak nangkeup budak? Cenah ,istrina ti Bandung mapay-mapay ka Cililin, terus ka Gunung Lumbung; nya kapanggih layonna,geus taya mastakana. Tuluy ku tukang ukir waktu harita dijieun arcana,nangkeup murangkalih,nya eta putrana.

Tapi eta carita teh ngan ukur dongeng,kumaha riwayat nu saenyana? Saha nu bakal picukcrukeun??? ... TAMAT

Tina KANDAGA Buku Bacaan Basa Sunda.1957.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
" Dipati Ukur "
Bagean ka - 2




DIPATI UKUR.
Dina majalah Warga aya nu nyaritakeun riwayat Dipati Ukur. Anu ngadongengkeunnana nini cenah. Kieu ari ringkesna mah:

Sinuhun Mataram ngarurugna Batawi teh di darat jeung ti laut. Balad laut dikapalaan ku Bahurekso,ari balad darat ku Dipatiukur. Bahurekso kudu ngayonan musuh ti kaler,nya eta ti laut,ari Dipati ukur  ti beulah kidul,mun ayeuna mah ti Jatinegara.

Ku sangkaan Bahurekso,Dipati ukur teh acan angkat ka pakalangan,sabab beulah kidul masih keneh simpe. Padahal anjeunna Dipati Ukur geus ti heula sumpingna teh. Bari ngantosan Bahurekso,anjeuna mangkalan di pasangrahan.

Bahurekso hanjat ka darat ti Pamanukan,tuluy ka karawang,rek ngajugjug ka Sumedang,terus ka Bandung, maksudna rek nangkep Dipati Ukur,anu kusangkaanana embung milu perang,padahal Bahurekso anu kurang asak sasar.

Harita di Sumedang jeung di Bandung keur lebaran Rayagung. balad Bahurekso datangna ka Priangan teh,terus ngaranjah. Barang Dipati Ukur,anu keur mangkalan di pasangrahan tea,ngadangu yen Bahurekso nguwak-ngawik ka urang Bandung,gura-giru mulih deui ti peperangan,sabab ngaraos dihina.

Tidinya,der perang tanding antara balad Dipati Ukur jeung balad Bahurekso. Ari kumpeni di Batawi  ngeunah-ngeunah bae ngeprokan nu perang jeung baraya.

Kacaritakeun balad Dipati Ukur tungtungna kadeseh;nya mundur ka Cililin,tuluy mapay-mapay gunung.

Digunung Lintang Panggung anjeunna ngadamel pasangrahan keur ngarereb sakeudeung. Isukna terus meuntas ka gunung Gegerpulus,anu tonggoheun kota Cililin pisan,ti dinya terus ngidul nepi ka anu ayeuna katelah Curug Cilalang. Nya didinya anjeunna ical lelepen jeung pendok emas:anu matak nepi ka ayeuna disebut Cilalang.

Ku leungitna eta dua jimat teh,teg bae anjeunna kagungan raos:moal boa bakal bobor karahayuan. Tuluy anjeunna ngaruet batu gede ku areuy,sanggeus anggeus,pok sasauran ka baladna: "ieu areuy moal pegat,sarta batuna moal tiguling,kajaba lamun isuk jaganing pageto aya urang Jawa lunta-lanto ka dieu." Eta batu teh nepi ka ayeuna disebutna batukarut.  
Nyambung ka bagean 3 didieu.....

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
" Dipati Ukur "
Bagean ka - 1




DIPATI UKUR
Nurutkeun sajarah nu ayeuna diajarkeun disakola-sakola.dina ngamimitian abad ka-17,sanggeus sababaraha karajaan di Jawa Tengah jeung Pasundan ditaklukkeun,meh sakuliah pulo Jawa kaereh ku Mataram. Ngan Banten hungkul anu acan kabawah teh.

Ku sabab cita-citana Susuhunan Mataram hoyong ngereh sakuliah pulo Jawa,Banten kudu dijabel. Tuluy anjeunna mundut tulung ka Kumpeni Walanda,mundut dibantuan nalukkeun Banten. Kacida anjeunna werana barang ngadangu,yen Kumpeni teu puruneun mantuan. kulantaran eta,Sunan Ageng tuluy mepek balad,rek ngagempur Kumpeni di Batawi. Ari ti Priangan anu kudu milu ngarurug ka Batawi teh Dipati Ukur.

Saterusna dicaritakeun,yen Dipati Ukur ninggalkeun medan peperangan,ku sabab teu satuju kana siasat Pingpinan umum.
Ngan sakitu-kituna anu dicaritakeun perkara Dipati Ukur teh.

Anu nyieun buku sajarah kudu jujur. Sagala kaayaan jeung kajadian dicaritakeun kudu bener,teu meunang aya nu ditambahan atawa di kurangan. Tapi najan sakumaha jujurna oge,ari caritaan mah sok aya bae kakuranganana. Bisa jadi aya kajadian anu imeut pisan dicaritakeunana,atapi aya oge anu ngan saukur disabit saeutik,kusabab ceuk pikiranana henteu penting. Sajarah anu ayeuna diajarkeun,sabagian gede masih keneh mangrupa tarjamahan tina buku-buku basa Walanda.
Teu aneh lamun anu dicaritakeun teh babakuna anu ngaluskeun Walanda wungkul.

Kumaha riwayat Dipati Ukur anu saenya,jeung kumaha tuluyna? Naha meunang kapala perang ninggalkeun medan jurit,kulantaran teu satuju kanu siasan Pingpinan Umum? Ku sabab euweuh deui katerangan sejen,urang teh teu nyaho,naha Dipati Ukur teh pahlawan anu pujeun jeung pujaeun atawa kapala perang anu jejerih,ninggalkeun medan perang, ku sabab baturna kadeseh?
Nyambung ka Bagean 2 di dieu...



DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!