Dongeng Sunda
" Dipati Ukur "
Bagean ka - 2




DIPATI UKUR.
Dina majalah Warga aya nu nyaritakeun riwayat Dipati Ukur. Anu ngadongengkeunnana nini cenah. Kieu ari ringkesna mah:

Sinuhun Mataram ngarurugna Batawi teh di darat jeung ti laut. Balad laut dikapalaan ku Bahurekso,ari balad darat ku Dipatiukur. Bahurekso kudu ngayonan musuh ti kaler,nya eta ti laut,ari Dipati ukur  ti beulah kidul,mun ayeuna mah ti Jatinegara.

Ku sangkaan Bahurekso,Dipati ukur teh acan angkat ka pakalangan,sabab beulah kidul masih keneh simpe. Padahal anjeunna Dipati Ukur geus ti heula sumpingna teh. Bari ngantosan Bahurekso,anjeuna mangkalan di pasangrahan.

Bahurekso hanjat ka darat ti Pamanukan,tuluy ka karawang,rek ngajugjug ka Sumedang,terus ka Bandung, maksudna rek nangkep Dipati Ukur,anu kusangkaanana embung milu perang,padahal Bahurekso anu kurang asak sasar.

Harita di Sumedang jeung di Bandung keur lebaran Rayagung. balad Bahurekso datangna ka Priangan teh,terus ngaranjah. Barang Dipati Ukur,anu keur mangkalan di pasangrahan tea,ngadangu yen Bahurekso nguwak-ngawik ka urang Bandung,gura-giru mulih deui ti peperangan,sabab ngaraos dihina.

Tidinya,der perang tanding antara balad Dipati Ukur jeung balad Bahurekso. Ari kumpeni di Batawi  ngeunah-ngeunah bae ngeprokan nu perang jeung baraya.

Kacaritakeun balad Dipati Ukur tungtungna kadeseh;nya mundur ka Cililin,tuluy mapay-mapay gunung.

Digunung Lintang Panggung anjeunna ngadamel pasangrahan keur ngarereb sakeudeung. Isukna terus meuntas ka gunung Gegerpulus,anu tonggoheun kota Cililin pisan,ti dinya terus ngidul nepi ka anu ayeuna katelah Curug Cilalang. Nya didinya anjeunna ical lelepen jeung pendok emas:anu matak nepi ka ayeuna disebut Cilalang.

Ku leungitna eta dua jimat teh,teg bae anjeunna kagungan raos:moal boa bakal bobor karahayuan. Tuluy anjeunna ngaruet batu gede ku areuy,sanggeus anggeus,pok sasauran ka baladna: "ieu areuy moal pegat,sarta batuna moal tiguling,kajaba lamun isuk jaganing pageto aya urang Jawa lunta-lanto ka dieu." Eta batu teh nepi ka ayeuna disebutna batukarut.  
Nyambung ka bagean 3 didieu.....

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.