Sastra Sunda
" Kakawihan "



bandung tempo dulu
SASTRA SUNDA KAKAWIHAN

Wangenan.
Kakawihan asalna kecap tina kawih,hartina lagu. Ieu kabinangkitan teh kaasup sastra buhun,gelarna dina sastra Sunda mengrupa sastra sampakan. Tapi najan kitu,kakawihan teh lain bogana urang Sunda wae,unggal seler bangsa oge ngabogaan kabinangkitan kakawihan sewang-sewangan.

Kakawihan teh kaasupa sastra lisan. Ngeunaan sumebarna tatalepa sacara turun-tumurun di lingkungan masarakat. Ku sabab kitu,kakawihan mindeng disebut sastra balarea,kusabab geus milik sakumna masarakat.

Papasingan Kawih.
Nurutkeun kalungguhan,kakawihan teh bisa dipasing-pasing jadi dua golongan,nya eta kakawihan kaulinan jeung kakawihan pikeun digawe.

Kakawihan Pikeun Kaulinan.
Umumna kakawihan pikeun kaulinan sumebar di lingkungan barudak. Biasana mun barudak kumpul leuwih ti saurang,sok terus arulin bari kakawihan. Di handap aya sababaraha contona.

"TRANGTRANGKOLENTRANG"
Trangtrangkolentrang
Si Londok paeh nundutan
Tikusruk kana durukan 
Mesat gobang kabuyutan 

(dikawihkeun sababaraha balik bari ngadagoan hujan raat).

"ORAY-ORAYAN"
Oray-orayan
Oray naon?
Orang bunka
Bunga naon?
Bungka laut
Laut naon?
Laut dipa
Dipa naon?
Dipandeuri
Ri ... ri ... ri ... ri ... ri ...

(dikawihkeun bari pacekel-cekel tungtung baju,tuluy ngaleor nurutan oray).

"EUNDEUK-EUNDEUKAN"
Eundeuk-eundeukan lagondi
Meunang peuang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki.

(Dikawihkeun sababaraha balik bari eundeuk-eundeukan dina dahan kai).

"UCANG ANGGE"
Ucang-ucang angge 
Mulung munang di parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Mang Lebe
Anjing leutik nu Ki Santri
Ari gog,gog cungungung.

(Dikawihkeun bari diuk.Suku anu ngawihna ditumpakan ku budak,terus diucang-ucang).


Kakawihan Pikeun Digawe.
Nu dimaksud kakawihan pikeun digawe nya eta kakawihan anu dikawihkeun dina mangsa keur migawe hiji pagawean.
Ari maksudna,di antara wae supayaa pagawean anu keur dipigawe teh karasa hampang. Dihandap aya conto kakawihan anu dikawihkeun dina mangsa keur tunggu pare di sawah.

"NGAGEBAHAN MANUK"
Sieuh ! Sieuh !
Manuk ka ditu ka dayeuh
di dieu sagala euweuh
Sia moal bisa seubeuh
da aya anu ngageugeuh

Sieuh ! Sieuh !
Manuk ulah arek ganggu
bisi nyorang kana anggang
di dieu aya pangilang

Sieuh ! Sieuh !
Manuk ulah arek ganggu
da aing anu keur tunggu



KUMPULAN BOBODORAN SUNDA klik nu ieu ...
KUMPULAN DONGENG SUNDA SI KABAYAN klik nu ieu ...

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.