Dongeng Sunda
Prabu Sinala Aji
Bagian 7


 
Bogor tempo dulu
HIRUK-PIKUK DI PASAR BOGOR TEMPO DULU 
FOTO DIBUAT TAHUN 1935
Inyana mundur sabari perang,perangna sabari mundur ! Tapi ku sabab inyana anggeus kolot jasa aki-akina,nya atuh mundurna teh loba tijongklok. Laju ka tewak ku Suda Tungtang. 

Inyana dipeuncit;huluna dibalangkeun ;nya ragrag deukeut anu kiwari disebut 'Warung Borong'. huluna 'Ki Buyut Bage' ragrag,laju jadi batu.(jaga engkena eta huluna Ki Buyut Bage teh baris dibawa ku jelema bule ! jeung engke amun eta hulu anu jadi batu geus aya anu ngahijikaeun deui jeung awakna anu oge jadi batu,engke Ki Buyut bakal jadi jelema deui. Tapi jadi jelema ngora anu baris ngabuka kabela rasiah-raiah ponggawa-pongawa anu henteu aya deui gawena jaba ti nyusahkeun somah wungkul).
 

Anggeus maehan 'Ki Buyut Bage',Suda Tungtang tambah rosa ngamukna ! sejana deuk maehan Raja. Tapi Raja mah kaburu ngeli;sejana deuk ngeli ka 'Situ Uncal',bari ngadagoan balad-baladna anu didatangkeun ti gunung-gunung di 'Janglapa' kiwari.(Kiwari anu disebut 'Situ Uncal' geus euweuh urut-urutna acan. Ngan di urut raja nanggoan balad-baladna,engke jaga ngdeg lembur anu kiwaru disebutna Dago).

Kacaturkeun enggona ngeli Raja teh kapanggih ku 'Suda Tungtang'. laju Raja mubus ka leuweung. Sejana deuk ngadon tapa di Situ Siluman;supaya nala sinalaan supaya darangdan paeh kahalodoan,supaya 'Cisadani' tetep dani ngadanikeun anak-iucu.
Nya urang Sunda anu ngarantep suda lalakona.....("Situ Siluman" kiwari aya keneh;tapi ngarana ganti jadi Situ Daun. Ayana sagirangeun Campea).


Deukeut ka gunung Ki Bodas inyana kapahung di rancah gede anu hese jasa disabranganana. Katambah harita teh anggeus wayah ngadeukeutan keuna poek jeung ti kajauhan hawar-hawar kadenge musuh anu teu beda tina ajag nutur-nutur lacak mencek.

Raja laju hanjat deui tina rancah;laju unggah ka gunung,laju nyumput dina jero guha.(eta gunung kiwari aya keneh.Baheulana pisan disarebutna gunung Kibodas;laju katelah 'Gunung Sinala',ku sabab dipake nyumputku Raja Sinala Adji.Tapi engkena digaranti nelahna nya jadi 'Gunung Sinalang',sabab anggeus tujuh kali ganti ngaran,eta gunung baris jadi talang .......
Nyambung ka bagian 8 klik nu ieu ...


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.