Showing posts with label Dongeng Sunda Buhun. Show all posts
Showing posts with label Dongeng Sunda Buhun. Show all posts

Dongeng Sunda
Carita Prabu Sinala Aji
Bagian 9. Tamat








Bagian ka 1 na klik nu ieu ...
Ari Nyi Putri Layarperbata ? kamana anjeuna ? Inyana mubus ka leuweung pudak sisi'CiSadani'. Nyaeta dilebahan kiwari 'Tumenggungan' anu mimiti ! Ti 'Suda Tungtang' inyana henteu boga anak. Inyana lakian deui ka hiji bandar getek. Nya boga anak,kabehna tujuh. Anu genep mah ewewe; ari nu panengahna jalu. Anak-anak ewewena anu genep,kabehge baragus jasa,bagusna kaliwat saking. Tah eta sabab-sababna baheula mah cawena jeung ewewe ngora urang Tumenggungan teh euweuh anu nandingan kabagusanana. 

Bubuhan turunan Nyi Putri! Tapi sanggeus perang di 'Tanah Bugel' mah,kiwari euweuh anu luar biasa bagusna. Saba ragrag supata diwaktu perang. Nyaeta perang jeung baraya keneh gara-gara Nyi Panganten direbut ku urang Jambang sabrang wetan ! Anak Nyi Putri anu panengah,anu jalu tea,ngarundaykeun kokolot ti Sarepong ka girang. Malah engkena saurang mah baris nyekel pangkat saluhureun Demang ! Ngan lalaki turunan Nyi Putri mah hiji oge euweuh anu baragus. 

Najan nyekel pangkat luhur oge henteu jiga menak ! Ari walungan enggon dipeuncitna 'Parabu Sinala Adji',nya eta cai anu kiwari disarebutna Ciampea ... (Wallaahu 'alam).  Najan raja pinandita najan ratu anu nyantri mun kadupak ku asmara rubuh pengkuhna pinasti nu matak ku agami dilarang nyaketan santun ganda anu berjiwa malati mamala ati da geus nyata yakin pibahlaeunana. (Nyi. R.H. Chodidjah Machtum) (Tina:Baranangsiang.No.1) Ari Nyi Putri Layarperbata ? kamana anjeuna ?
Inyana mubus ka leuweung pudak sisi'Cisadani'. Nyaeta dilebahan kiwari 'Tumenggungan' anu mimiti !
Ti 'Suda Tungtang' inyana henteu boga anak.
Inyana lakian deui ka hiji bandar getek. Nya boga anak,kabehna tujuh. Anu genep mah ewewe; ari nu panengahna jalu. 


Anak-anak ewewena anu genep,kabehge baragus jasa,bagusna kaliwat saking.
Tah eta sabab-sababna baheula mah cawena jeung ewewe ngora urang Tumenggungan teh euweuh anu nandingan kabagusanana. Bubuhan turunan Nyi Putri !
Tapi sanggeus perang di 'Tanah Bugel' mah,kiwari euweuh anu luar biasa bagusna. Saba ragrag supata diwaktu perang. Nyaeta perang jeung baraya keneh gara-gara Nyi Panganten direbut ku urang Jambang sabrang wetan !
 

Anak Nyi Putri anu panengah,anu jalu tea,ngarundaykeun kokolot ti Sarepong ka girang. Malah engkena saurang mah baris nyekel pangkat saluhureun Demang !
Ngan lalaki turunan Nyi Putri mah hiji oge euweuh anu baragus. Najan nyekel pangkat luhur oge henteu jiga menak !
Ari walungan enggon dipeuncitna 'Parabu Sinala Adji',nya eta cai anu kiwari disarebutna Ciampea ...
(Wallaahu 'alam). TAMAT ...
     

(Tina:Baranangsiang.No.1-1963)

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Carita Prabu Sinala Aji
Bagian 8






Kiwari kara disebut 'Gunung Cibodas'!
Dilebahan Raja kapahung engkena baris jadi lembur anu ngarana 'Pakung'.(ayeuna disebut Pakurungan).

Waktu Suda Tungtang nyahoeun guha enggon nyumputna 'Parabu Sinala Adji',inyana eudeuk asup.tapi hanteu bisaeun sabab ti jero kaluar hawa anu panas jasa,saperti aya seuneu anu ngudag-ngudag ti jero guha.(kiwari eta guha aya keneh;disarebutna teh Gua Dindala).
Hiji peuting waktu musuh ngajaraga diluar guha keur narundutan Parabu 'Sinala Adji' ngiles ti jero guha.laju norobos leuweung andam.

Tapi henteu kaburu jauh !
Sabab sisi walungan inyana ka susul ku 'Suda Tungtang'. Nya di sisi eta cai,Parabu Sinala Adji katewak Ku ' Suda Tungtang'. Laju dipeuncit. Dipeuncitna ku gobang pontang.

Tapi henteu daekeun teurak ........ !
"Parabu Sinala Adji" di peuncit.......di peuncit deui,di peuncit deui;tapi teu daekeun bae teurak .... !

Barang bray kingkilaban ka beurang eta gobang 'Suda Tungtang' ujug-ujug ngarubakan sarubak daun sente. Laju ditepal ku 'Parabu Sinala Adji'.
Gobangna mencleng;nya ragrag dilebaheun kiwari lembur Gobang !
Parabu Sinala Adji mah ngiles henteu kadeuleu ! Ngan ku 'Suda Tungtang' kadenge aya sora tanpa rupa anu nyarita ;

" Suda Tungtang !"Seja sia ngampeha (:maehan) ngaing di ieu cai ! 
Tapi kiwari lain wayahna ngaing kudu undur ti alam pagelaran ! oge lain wayahna kiwari ngaing ngabales kadengkian sia. Tapi engke,engke....... 

Dimana disagara kidul meletek deui srangenge anu ngideran jagatna hanteu ngaluhuran pucuk sempur dipasir layuna,tah ngaing baris nembongan deui ; kumpul jeung tujuh pangeusina jagat papantunan !!
 Dimana deui 'Nyi Pohaci' digedog ku Nini Balangantrang,ngaing baris mulang deui ka dieu ! Urang teruskeun deui ngalajung tarung tutumpuran,urang sorang perang urang nu wekasan.
Ti wates poe ieu,ngaing aya di wates basisir Sagara  Kidul ..... !"


'Suda Tungtang' reuwas jasa waktu Parabu 'Sinala Adji' leungit dina cekelanana.
laju inyana amprung-amprungan. Nyao teuing kamana ... ?! Bejana mah mapay-mapay basisir Sagara Kidul !


Tapi Suda Tungtang moal bisa jauh mapayna;sabab inyana moal bisaeun nyabrang walungan Cimandiri. Sabab walunganana ku inyana bakal kasammpak dipalangan ku dadap malang ...... 

Iraha wayahna 'Parabu Sinala Adji' barisna mulang deui ?
Engke,engke Ki Menak ! 
Engke amun nu laliwung geus darani,sisi 'Ci-Pakancilan' ngadeg gedong tujuh sabangun,laju Gunung Sinala ganti ngaran malik deui jadi bodas,jadi talang sinalangan ti muara Ciaruteun ka sagara paungguhan ..... !
Sing waspada !
Sabab bangsa urang baris diadukeun.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Prabu Sinala Aji
Bagian 7


 
Bogor tempo dulu
HIRUK-PIKUK DI PASAR BOGOR TEMPO DULU 
FOTO DIBUAT TAHUN 1935
Inyana mundur sabari perang,perangna sabari mundur ! Tapi ku sabab inyana anggeus kolot jasa aki-akina,nya atuh mundurna teh loba tijongklok. Laju ka tewak ku Suda Tungtang. 

Inyana dipeuncit;huluna dibalangkeun ;nya ragrag deukeut anu kiwari disebut 'Warung Borong'. huluna 'Ki Buyut Bage' ragrag,laju jadi batu.(jaga engkena eta huluna Ki Buyut Bage teh baris dibawa ku jelema bule ! jeung engke amun eta hulu anu jadi batu geus aya anu ngahijikaeun deui jeung awakna anu oge jadi batu,engke Ki Buyut bakal jadi jelema deui. Tapi jadi jelema ngora anu baris ngabuka kabela rasiah-raiah ponggawa-pongawa anu henteu aya deui gawena jaba ti nyusahkeun somah wungkul).
 

Anggeus maehan 'Ki Buyut Bage',Suda Tungtang tambah rosa ngamukna ! sejana deuk maehan Raja. Tapi Raja mah kaburu ngeli;sejana deuk ngeli ka 'Situ Uncal',bari ngadagoan balad-baladna anu didatangkeun ti gunung-gunung di 'Janglapa' kiwari.(Kiwari anu disebut 'Situ Uncal' geus euweuh urut-urutna acan. Ngan di urut raja nanggoan balad-baladna,engke jaga ngdeg lembur anu kiwaru disebutna Dago).

Kacaturkeun enggona ngeli Raja teh kapanggih ku 'Suda Tungtang'. laju Raja mubus ka leuweung. Sejana deuk ngadon tapa di Situ Siluman;supaya nala sinalaan supaya darangdan paeh kahalodoan,supaya 'Cisadani' tetep dani ngadanikeun anak-iucu.
Nya urang Sunda anu ngarantep suda lalakona.....("Situ Siluman" kiwari aya keneh;tapi ngarana ganti jadi Situ Daun. Ayana sagirangeun Campea).


Deukeut ka gunung Ki Bodas inyana kapahung di rancah gede anu hese jasa disabranganana. Katambah harita teh anggeus wayah ngadeukeutan keuna poek jeung ti kajauhan hawar-hawar kadenge musuh anu teu beda tina ajag nutur-nutur lacak mencek.

Raja laju hanjat deui tina rancah;laju unggah ka gunung,laju nyumput dina jero guha.(eta gunung kiwari aya keneh.Baheulana pisan disarebutna gunung Kibodas;laju katelah 'Gunung Sinala',ku sabab dipake nyumputku Raja Sinala Adji.Tapi engkena digaranti nelahna nya jadi 'Gunung Sinalang',sabab anggeus tujuh kali ganti ngaran,eta gunung baris jadi talang .......
Nyambung ka bagian 8 klik nu ieu ...


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Prabu Sinala Aji
Bagian 6


Bogor tempo dulu
JALAN-JALAN NAIK  MOTOR ANTIK 
DI BOGOR TEMPO DULU TAHUN 1921 
Ceuk 'Ki Buyut Bage' bari make iket sabari gugurutu : "Ku hese-hese teuing!"
Ari geus kolot,make iket geh mani sarua keur baheula muka kokolor Si Nini keur mimiti!
"Mana tungtungna?"
Ari di deuleu teh,ceuk 'Ki Buyut Bage', " Biiiiiii!!
Laju calana 'Si-Nini' teh kusiwel diselapkeun kana jero sampingna,nya lajuna ka hareupeun Raja teh hanteu make
iket-iket acan.


Ceuk Raja: "Ki Buyut Bage ! 
"Najan geus pangsiun geh,jamakna bae !
 Ku sabab ngaing butuh ka dia,dia mudu dines deui !
 Bawa ku dia balad samahina ! Laju indit ka Pahiliran !
 Si Suda Tungtang kudu ka bawa ka ngaing !"
 

Ti hareupeun Raja,'Ki Buyut Bage' laju bae ngagidig ka Pahiliran. Hanteu nyimpang heula ka imahna(mulangkeun calana jero Si Nini Buyut): jeung mawa baladna oge,ngan sakur anu kasampak di jalan bae.
Hanteu kacatur di jalana !

Ngan tengah jalan inyana papapag jeung 'Nyi Putri Layaperbata' anu ku Raja anu dilakiankeun ka 'Suda Tungtang'.
Ceuk 'Ki Buyut Bage'," Nyai Putri,eudeuk ka mana sosoranganan aya di leuweung kieu ?"
Ceuk Nyi Putri Layaperbata; Kula teh di serahkeun yut ! Kulla diusir mudu mulang saharita keneh !


Encan anggeus 'Ki Buyut Bage' eudeuk tatanya deui,ku inyana karasa taneuh teh asa eundeur,jeung hawar-hawar ti kajauhan kadenge sora loba jelema susurakan.
Hanteu lila ku inyana ka deuleu 'Suda Tungtang' ngacung-ngacungkeun peureup sabari hohoakan eudeuk ngarugrug dayeuh Rum-in.

'Nyi Putri Layarperbata' ku 'ki Buyut Bage' sina buru-buru nindak masing jauh.
Laju 'Ki Buyut Bage' ngabagi-bagi baladna;sejana eudeuk  megat 'Suda Tungtang'.

Inyana henteu nyahoeun Suda Tungtang mawa baladna loba jasa;sabab Suda Tungtang nyambat balad ti Raja sabrang kulon.(Di lebahan urut Ki Buyut Bage deuk nunggu musuh,di dinya jaga ngadeg Lembur anu dingaranan " Jagabaya ".kiwari aya keneh).

Kacaturkeun der wae perang ..... perang ..... perangna anu rosa jasa ....... nepikeun ka taneuh didinya jadi ledeg; jeung enggon perang teh mani legana kabina-bina.

(tah eta sabab-sababna kiwari hanteu jauh ti Jagabaya aya tegal eurih upluk-aplak satungtung deuleu.
Ku sabab bilangan lobana balad Suda Tungtang,nya karuhan bae Ki Suda Tungtang teh unggul perangna.
 'Ki Buyut Bage' kadeseh !

Nyambung ka bagean 7 klik nu ieu ...

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Prabu Sinala Aji
Bagian 5



SUASANA PASAR DI BOGOR TEMPO DULU 1935

Matakna lumpat sabari tanggah ?
Abeh ulah disebut sieun !
Matakna sabari ngajingjing samping ?Abeh ulah soek;sabab samping meunang nginjeum ! 
Matakna leungeun dikolecerkeun ? 
Abeh lumpatna gancang jasa;jeung abeh ulah keuna ku penengger amun aya nu malengpeng .......
kacaturkeun  Ki Jombang Lanang anggeus nepi ka dayeuh Rum-in !
 

Inyana mangadu ka Raja. Nya karuhan Raja teh marah jasa !
 Ceuk Raja ka " Ki Patih Jombang " ;" Teang buyut sia " !!!
'Ki Jombang Lanang' nindak(:indit) neang uyutna anu ngarana 'ki Buyut Bage'. Nindakna hanteu lumpat jeung leungeuna hanteu dikolecerkeun deui. ari tanggah jeung ngajingjingna mah sabari keneh,sabab ?
Sabab mudu ngaliwatan imah bebene;jeung dideuleuna supaya jiga anu panggagahna.......


Ari leungeun hanteu dikolecerkeun mah aya saba deui ! nyaeta beusi(:bisi) ku pimitohaeun disebut jelema burung .... ! 

Kocapkeun geus nepi ka imah Buyut Bage ! 
Ari buyut bage ?
Jelemana jangkung gede! Mun inyana nangtung tukangeun kebo bikang,anu handapeun bujalna teh,leumpengan pisan kanu nangkolok handapeun buntut .......

Ceuk Ki Jombang Larang," Yut,dicalukan ku raja !"
Ceuk Ki Buyut Bage,Eudeuk naon cenah ?
Ceuk Ki Jombang Lanang " nyaooo ...!"
Ceuk Ki Buyut Bage,Boa rek nitah ngered ! Bejakeun heurapna keur diayuman keneh kituh !
Ceuk Ki Jombang lanang," Lin deuk ngered ! bejana mah deuk tambah pangsiun !

Atuh 'Ki Buyut Bage',sanajan geus kolot jasa oge,ari keuna,eudeuk ditambah pangsiun mah,nya getap(:kesit) jasa nindakna. ngan getapna mani haliwu.....make iketna ge sabari leumpang......! tapi sabab haliwu teuing,inyana henteu engeuh (sadar) anu tadi dirawel teh lain iket,tapi calana Nini Buyut.
Nyambung ka bagian 6 klik nu ieu ...


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Prabu Sinala Aji
Bagian 4






Ceuk "Suda Tungtang" ka sakabeh somah jeung kokolot-kolotna:
"Ngaing dijenengkeun ku Raja jadi wakil Raja marentah di dieu.
  Sabab eta,anu jadi Raja sia kabehan muduna seba jeung upeti teh,nya kudu ka ngaing.
  Da ngarana oge atuh somah,nya nurut bae .......!
 Tapi upeti tambah beurat-beurat,jeung seba teh asa euweuh usumna. Karuhun cawena mani geus euweuh ewewe (:awewe) ngora nu weuteuh.....
 Ku sabab eta " Suda Tungtang " beurang peuting ngan nyeungeutan " minyak haneut " (:candu/madat);nya inyana loba jasa hutangna ka nangkoda-nangkoda anu marawa eta minyak hideung ti tanah sabrang.
 Pikeun maray hutangna, 'Suda Tungtang' ngajualan tanah Raja sakalian jeung somah-somahna !
Nya karuhun sanagara bilangan(:wewengkon) Pahiliran mah,sarusah jasa !
 Ka 'Raja Sinala Adji' aya nu ngamudu:tapi mimitina mah inyana,hanteu percayaeun !
Anggeus lila-lila di Pahiliran hanteu aya bae seba,nya laju raja ngajurungan Patuhna anu ngaran Ki Jombang Lanang nyalukan Suda Tungtang.
 Datangna 'Ki Patih Jombang Lanang',dipapagkeun 'Suda Tungtang'. Tapi lain ku ketuk tilu anu halimpu,lain ku calung anu ngirut lelembutan.
 Dipapag ku gendang dipadungdungkeun,ku tarompet dilelewakeun !
Ladju sabari nyarekan laklak-dasar,Suda Tungtang ngajak gelut !
 Lain kusabab henteu wani,tapi kusabab diparentahan ku raja ngan saukur neang jeung hanteu ditalatahan meunang gelut,nya Ki Jombang Lanang teh ninggalkeun kalang.........ninggalkeunana sabari tanggah.....tanggahna sabari lumpat:ngan lumpatna sataker tanaga ! leungeun kencana ngajingjing samping:leungeun katuhuna diputerkeun cara kolecer !

Nyambung ka bagian 5 klik nu ieu ...

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Prabu Sinala Aji
Bagian 3

      

Bogor Tempo Dulu
BOGOR TEMPO DULU 1920







Pertanyaan-pertanyaan anu tadi,kimarimah can bisa kajawab kalayan dijugrugkeun bukti-buktina. Najan kitu anu rek jiga tetela mah,nya eta Parabu Sinala Adji,mun teu seug mah kungsi aya,tangtu gumekarna teh dina jaman sabadana Purnawarman Tarumanagara.

Sangkaan anu bieu teh didasarkeun kana ngaran jalan-jalan Parabu Sinala Adji anu dina tahun 1908 diturunkeun ka " Mantri Pulisi Rumpin ".

Mangga urang titenan,(carita anu dihandap diturun tina catetan anu aslina. tapi dicokot anu pentingna wungkul jeung ejahanana dituluykeun jeung ejahan ayeuna). 
Ki Menak :

Ceuk beja ti karuhun-karuhun baheula mah :
Baheula pisan mah lembur " Rumpin " teh ngarana lain Rumpin: eujeung lain lembur,tapi dayeuh anu ngarana dayeuh RUM-IN ...! sabab ditaneuh disakurilingna loba jasa (:pisan)emas ! jeung ayana oge lain dilebah anu kiwari,tapi di lebahan anu kiwari disebut Raja Mandala.


Didinya baheula aya paseban anu gede jasa !
Inyana (anjeuna) boga anak pulung anu ngarana " Ki Suda Tungtang " anu kaceluk ku kawanina jeung ku loba pangabisana.


Ku Raja inyana dipercaya jasa,nepikeun ka dipulung minantu. laju disina jadi wakil Raja di Pahiliran.
Kusabab rasa inyana dipercaya jasa,nya marentahna " Suda Tungtang " teh sakarep inyana bae !


lain bae ngamudukeun (:ngudukeun) somah maray (:mayar) upeti anu loba jasa,tapi inyana gawena ngan mincer (: maen sintir)jeung ngadu hayam bae ! Amun inyana eleh,nyahutangna mudu dibayaran ku somah; saban lembur digiliran dimudukeun mayar !. 

Jaba ti kitu,inyana henteu kaop neuleu cawena bagus mudu bae dijangelan heula ku inyana !
Cawena-cawena anu geus kajamahan(:diperkosa) ku inyana,loba anu kalalabur ke jero leuweung. Laju nyarieun babakan (:kampung anyar) ; anu katelah Babakan Tegaraksa (kiwari disebutna Tigaraksa).


Suda Tungtang mingkin ieu aing jeung mingkin ngaruksak keuna(:kana)kahirupan somah anu ku inyana dicaram seba ka Parabu Sinala Adji.
Bagian 4 na klik nu ieu ...

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Carita Prabu Sinala Aji
Bagian 2







Dina taun 1957 ku Bapa Djam'an ti Cikampek(Campea,Bogor),ka anu ngasongkeun ieu tulisan diterangkeun,yen eta "Surat" teh memang bener aya. Ngan bae,Pa Djam'an sorangan mah henteu nyahoeun di guha anu  mana ayana eta tulisan anu rungkal-ringkelna cara tulisan dina batu-tapak di sisi Ciaruteun(Batu Purnawarman tea),lantaran manehna mah nyahoeunana kana ayana tulisan eta teh tina carita sobatna anu bareto kungsi jadi salah sahiji kuncen di eta gunung, tapi ayeuna geus pindah ti Ciampea.

Upama eta dua carita dihijikeun jeung beja ti Bapa Djam'an tadi,sarta memang bener ayana guha anu disebut Sinala,nya tetela pisan,yen gunung Kibodas teh-Gunung Sinala-Gunung Cibodas ayeuna.

Ku kituna,asa moal ku piraku-piraku teuing lamun eta gunung henteu ngabutian keneh bahan-bahan paluruheun kana rasiah-rasiahna leungitna Nagara bahaeula anu ngarana disarangka " Taruna " atawa " Tarumanagara " katut rajana anu ngaran ditangtukeun tea Purnawarman...!!!

Ari lantaranana,lain bae dina luhurna eta gunung aya sesa arca-arca jaman baheula,tapi ayana eta gunung teh henteu sabaraha jauhna ti patilasan-patilasan:batu-tapak-gajah, batu-tapak-hayam jeung batu-tapak-dampal "Raja Purnawarman "disisi Ciaruteun.

Nu nulis ieu karangan geus sabaraha kali usaha sangkan bisa manggihan eta guha anu disebut di luhur,tapi nepi ka ayeuna can hasil keneh,ari sabab-sababna mah nyaeta :
-Teu boga piongkoseun
-Di Ciampea ayeuna,geus teu aya nu apal bener,kana sakabeh eta gunung.(Anu kacida apaleun teh ngan Bapa Bi'in anu ayeuna mah geus almarhum.Tinggal Bapa Oeti,kitu oge Pa Oetina geus carita terus terang,yen manehna mah apalna ngan kana guha-guha sayang manuk walet bae : Ari Guha Sinala mah ceuk Pa Oeti bener aya,tapi didinya teu aya tulisan Hindu).

Ku kituna,nepi ka ayeuna can kanyahoan bener henteuna aya tulisan kuno di salah sahiji guha. Upama aya,naon anu dituliskeun teh ? Saha anu (marentah) nuliskeun (natahna) ? lamun bener Parabu Sinala kungsi aya,saha anjeuna teh ? kumaha tali-tumalina ka Tarumanagara ka Nagara Pajajaran Siliwangi ?
Nyambung ka bagian 3 klik nu ieu ...

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


Dongeng Sunda
Carita Prabu Sinala Aji
Bagian 1

                       


      

   
 AYEUNA MAH CIAMPEA
          Nyanggakeun
    Pajajaran Tengah 1909/1963.
             
             SINOM 
     Najan raja pinandita
     najan ratu anu nyantri
     mun kadupak ku asmara
     rubuh pengkuhna pinasti
     nu matak ku agami
     dilarang nyaketan santun
     ganda anu berjiwa
     malati mamala ati
     da geus nyata yakin
     pibahlaeunana.
                    (Nyi. R.H. Chodidjah Machtum) 
  
 Kira-kira 16 kilo meter kuloneun Bogor,kalereun jalan gede ti Bogor ka Leuwiliang,aya hiji gunung leutik anu ayeuna disarebutna 'Gunung Cibodas' atawa 'Gunung Campea'.
 

Baheula mah ngarana teh 'Gunung Kibodas':sabab batu-batuna meh kabeh barodas. Tina ngaran kibodas,eta gunung nyorang sababaraha kali ganti ngaran:antarana nyorang disarebut 'Gunung Sinala','Gunung Sinalang'atawa aya anu nyebut 'Pasir Sinalang'.
 

Nya eta gunung pisan anu disebut-sebut dina sababaraha carita baheula anu dina taun 1908 dikumpulkeun ku hiji Mantri Pulisi di wilayah 'Kawadanaan Leuwiliang'.
 Dina carita pantun " Ngadegna Pajajaran " disebut kieu :

      " Tapi cokot heula
        surat ti guha Gunung Sinalang
        beusi disoso-ek
        ku nu nyarieun duit
        tina seuneu .... "
 

Dina carita Parabu Sinala Adji dicaritakeun,yen lantaran kapahung,parabu Sinala Adji teh nyumput kana guha di Gunung Kibodas. 1 sampai 9.
Nyambung ka bagian 2 klik nu ieu ...

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!