Dongeng Sunda
Carita Prabu Sinala Aji
Bagian 8






Kiwari kara disebut 'Gunung Cibodas'!
Dilebahan Raja kapahung engkena baris jadi lembur anu ngarana 'Pakung'.(ayeuna disebut Pakurungan).

Waktu Suda Tungtang nyahoeun guha enggon nyumputna 'Parabu Sinala Adji',inyana eudeuk asup.tapi hanteu bisaeun sabab ti jero kaluar hawa anu panas jasa,saperti aya seuneu anu ngudag-ngudag ti jero guha.(kiwari eta guha aya keneh;disarebutna teh Gua Dindala).
Hiji peuting waktu musuh ngajaraga diluar guha keur narundutan Parabu 'Sinala Adji' ngiles ti jero guha.laju norobos leuweung andam.

Tapi henteu kaburu jauh !
Sabab sisi walungan inyana ka susul ku 'Suda Tungtang'. Nya di sisi eta cai,Parabu Sinala Adji katewak Ku ' Suda Tungtang'. Laju dipeuncit. Dipeuncitna ku gobang pontang.

Tapi henteu daekeun teurak ........ !
"Parabu Sinala Adji" di peuncit.......di peuncit deui,di peuncit deui;tapi teu daekeun bae teurak .... !

Barang bray kingkilaban ka beurang eta gobang 'Suda Tungtang' ujug-ujug ngarubakan sarubak daun sente. Laju ditepal ku 'Parabu Sinala Adji'.
Gobangna mencleng;nya ragrag dilebaheun kiwari lembur Gobang !
Parabu Sinala Adji mah ngiles henteu kadeuleu ! Ngan ku 'Suda Tungtang' kadenge aya sora tanpa rupa anu nyarita ;

" Suda Tungtang !"Seja sia ngampeha (:maehan) ngaing di ieu cai ! 
Tapi kiwari lain wayahna ngaing kudu undur ti alam pagelaran ! oge lain wayahna kiwari ngaing ngabales kadengkian sia. Tapi engke,engke....... 

Dimana disagara kidul meletek deui srangenge anu ngideran jagatna hanteu ngaluhuran pucuk sempur dipasir layuna,tah ngaing baris nembongan deui ; kumpul jeung tujuh pangeusina jagat papantunan !!
 Dimana deui 'Nyi Pohaci' digedog ku Nini Balangantrang,ngaing baris mulang deui ka dieu ! Urang teruskeun deui ngalajung tarung tutumpuran,urang sorang perang urang nu wekasan.
Ti wates poe ieu,ngaing aya di wates basisir Sagara  Kidul ..... !"


'Suda Tungtang' reuwas jasa waktu Parabu 'Sinala Adji' leungit dina cekelanana.
laju inyana amprung-amprungan. Nyao teuing kamana ... ?! Bejana mah mapay-mapay basisir Sagara Kidul !


Tapi Suda Tungtang moal bisa jauh mapayna;sabab inyana moal bisaeun nyabrang walungan Cimandiri. Sabab walunganana ku inyana bakal kasammpak dipalangan ku dadap malang ...... 

Iraha wayahna 'Parabu Sinala Adji' barisna mulang deui ?
Engke,engke Ki Menak ! 
Engke amun nu laliwung geus darani,sisi 'Ci-Pakancilan' ngadeg gedong tujuh sabangun,laju Gunung Sinala ganti ngaran malik deui jadi bodas,jadi talang sinalangan ti muara Ciaruteun ka sagara paungguhan ..... !
Sing waspada !
Sabab bangsa urang baris diadukeun.


DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.