Sejarah Bekasi Jaman VOC Bahasa Sunda




bekasi tempo dulu
PENDUDUKAN TENTARA INGGRIS
DI BEKASI TEMPO DULU 


Sacara De Facto taun 1705 sakuliah Jawa Barat geus kaasup jadi daerah VOC nu mangrupa kakawasaan tunggal di Jawa Barat nu milu nangtukeun gerak politik jeung ekonomi di Jawa Barat.
Kamerdekaan VOC di Jawa Barat dina taun 1705 dijadikeun ku sababaraha wilayah nya eta:

- Batavia jeung sabudeureunana kaasup Bekasi.

- Sukabumi jeung Cianjur.
- Priangan
- Banten.

Dina mangsa Kumpeni dipingpin ku Hendrik Swaar De Croon, daerah-daerah Muara saperti Kampung Bugis,Cabang Bungin jeung Balubuk dipasrahkeun ka hiji jelema nu ngaran Johannes,keur kapentingan ekonomi Kumpeni.


Salahsahiji usaha nu minangka tulang tonggong ekonomi,nya eta ku lancarna patalimarga. Ku jalan ngeprak ratusan rayat sina milu kerja paksa,jalan gede ti Cikarang nepi ka Tanjungpura Karawang dijarieun.


Tarekah Walanda keur ngajaga kaamanan jeung ekonomina, dilakukeun ku jalan nyewa-nyewakeun tanah kiduleun walungan Cikarang jeung Muara Gembong ka urang Walanda jeung Cina. Nya harita tanah milik rayat di Bekasi dibikeun ka urang asing keur kama mu'ran Kumpeni,nepi ka rayat Bekasina sorangan jadi salangsara,pinuh ku pangorbanan jeung katalangsaraan.


Ku kituna henteu aneh mun kiwari Cina-Cina di Bekasi rea keneh nu ngawasa kana tanah jeung sawah anu lalega keur kaperluan pribadi make hak guna usaha. *** Tina.Mangle.No.1030.Peb.1986.










DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!