Buku Basa Sunda Taman Pamekar
Pelesir Ka Puser Kota




PELESIR KA PUSER KOTA
 
Pasosore sabada asar pa Aman saanak-bojona ngabring pelesiran di puseur kota Mimiti mapay-mapay jalan anu lalega sarta raresik, tapi harita mah teu tutumpakan,da resep cenah jalan-jalan bari rarat-reret nenjoan gedong-gedong anu saligrong.

Barang nepi ka hareupeun Istana Merdeka,Aman ngarandeg bari nanya ka apana : " gedong saha eta teh pa,mana ageung-ageung teuing ? Tuh dipayuna oge nganggo bandera indonesia sareng unggal lawang dijagi ku tentara nyepeng bedil.

"Kapan nya eta nu disebut Istana Merdeka teh,panglinggihan Presiden Republik Indonesia."
" Dupi nu disebut gedong Arca teh palih mana, Pa ... ?" , " Beulah ditu gedong Arca mah,geura yu urang ngaliwat ka dinya !".

Pa Aman saanak-bojona bring arindit ngajugjug ka gedong Arca.
" kenging Pa urang lalebet kadinya ...? " ceuk Aman,"abdi mah hayang terang kaayaanana."
" Atuh geus tutp ayeuna mah," tembal apana," kudu isukan ti beurang."

" langkung sae urang ka ditu wae ayeuna mah Pa, ka Pasar Baru,urang mapay-mapay toko anu arageung,"omong Isah.
Emana nempas : " Wahlelewa teh kawas nu rea duit wae isah mah,make rek mapay toko sagala."

 " Ih ari ema atuh hayang terang wae kumaha ramena Pasar Baru Jakarta," tembal Isah, " sareng eta abdi mah sok resep teh ningal psang-petana neundeun barang-barang dina etalase."
" naon etalase teh ceu ...? " ceuk Aman.
" Ari etalase teh pamidangan barang-barang di toko bagian hareupna."
" atuh kudu tumpak oplet atawa taksi ari rek ka Pasar Baru mah,da rada jauh,Ade bisi mopo," omong pa Aman. " Sumuhun Pa," ceuk Ade, " Ade mah parantos cape,langkung sae kana oplet wae."

Pa Aman tuluy ngeureunkeun oplet,clak sarerea tarumpak oplet,dius ka Pasar Baru. Teu lila geus nepi ka nu dijugjug.

Pa Aman saanak bojona tuluy ngabring mapay-mapay toko anu galede,barang-barangna marodel tur pasang petana neundeun barang matak narik kana hate,matak moho anu nenjo,da puguh beunang nyusurup,mani jiga aralus kabeh.

hareupeun " Toko karajinan " pa Amanngajanteng rada lila,bari omongna ": leuh ku alus eta padudan,mani leucir kitu...!!!"
" Wah padudan mah di Cicalengka oge seueur," tembal emana Aman. " itu tuh wadah lemareun nu sae mah,aya ku lucuna ukiranana.
 " Sumuhun Ema," omong Isah," itu deuih nu sarae teh tuh kelom geulis,disurupkeun sareng sinjang rereng daun peuteuy,na aya manis ...!" 
" Euleuh kakareta-apian alit bisaeun maju ku manehnya Kang Aman..!" ceuk Ade. " ku naon nya majuna ... ?"
" Diputer perna,kawas muter beker atawa jam...! tembal Aman.
" Enya alagreng toko-toko di jakarta mah,jeung barang-barangna aralus," omong Pa Aman, "ngan hanjakal..." . Hanjakal kumaha Pa ?
Iasah nanya ka apana. Hanjakal wae lain nu bangsa urang," jawab bapana,"Karereanana nu bangsa asing."
" Sumuhun," tembal Isah, " na iraha atuh nya,bangsa urang garaduheun toko cara bangsa deungeun ... ?

" jaga mah bangsa urang oge tangtu barisaeun ngaradegkeun toko gede cara kieu,sok mun karenceng-karepna sarta galede kadaekna bae," omong apana. " cara Tasikmalaya,kapan karereanana toko teh nu bangsa urang."

" Sumuhun nya Pa,upami sadayana toko teh nu garaduhna mah panginten bangsa urang mah panginten langkungsugema balanjana oge," omong Isah.
" Ih geuning geus burit ieu teh," omong bapana, " hayu urang baralik,bisi kaahiran shalat magrib...!"
             - Wilujeng ngawawaas anjeun -         
           
 Tina: Buku Taman Pamekar jilid ka III bacaan kelas 5 
       Sakola  Dasar 1970.

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


2 comments:

  1. meni waas pisan,kang...emut keur jaman abdi SD di subang taun 70an...abdi lulus SD teh taun 75...bacaan sadidinten teh nya eta buku taman pamekar...sim kuring teh ayeuna nuju milarian rerencangan nuju SD tea...sok pami aya kontak ka abdi 081282666395,atanapi ka FB henda teguh bakti atawa teguhbakti@ymail.com...haturnuhun kang...

    ReplyDelete
  2. sumuhun kang teguh waas nya hehe...ke iraha2 upami nyalse buku2 Sunda anu jaman kapungkurna nu aya dirorompok urang posting2keun lumayan kanggo ngawawaas anjeun...nuhun kang kasumpingannana

    ReplyDelete