BUANA PANCATENGAH
" Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun teh teu cukup ku kebul kukus jeung ngagul-ngagulna wungkul,tapi kudu dibarung ku kasadaran,yen karuhun teh ninggalkeun karya jeung hanca,jeung mangka inget,yen unggal entragan (generasi) pasti caradi karuhun. Demi kawajiban urang nyaeta nuluykeun hanca karuhun, ngagarap tangtangan jaman sorangan,nyieun karya tuluykeuneun entaragan anu panderi".
" Mupunjung jeung ngagungkeun karuhun teh teu cukup ku kebul kukus jeung ngagul-ngagulna wungkul,tapi kudu dibarung ku kasadaran,yen karuhun teh ninggalkeun karya jeung hanca,jeung mangka inget,yen unggal entragan (generasi) pasti caradi karuhun. Demi kawajiban urang nyaeta nuluykeun hanca karuhun, ngagarap tangtangan jaman sorangan,nyieun karya tuluykeuneun entaragan anu panderi".
BUANA PANA TENGAH |
Naon Buana Pancatengah teh ? Di mana ayana ? Boa ukur sesebutan wungkul ?
Pertanyaan sarupa kitu sawadina muncul dina pikiran urang Sunda anu rancage hatena. Terus terangna mah nu nulis sorangan oge kungsi sababaraha kali mapay raratanana ka sepuh-sepuh. Hanjakal karereanana mah kaasup kana babasan " Wawuh ngaran tambuh rupa ". Juru pantun sorangan ngan ukur apal dina kalimah nu mana ayana ngaran 'Buana Pancatengah': ari kudu mesek boleger mah kapaksa koboleh bae. Dina ayana oge anu maksakeun maneh nerangkeun,katara ukur dikira-kira nurutkeun pamadeganana pribadi bae. Kitu ge wungkul didasarkeun kana purbasangkana sorangan. Teu arang anu miceun salasah ku jalan nyingsieunan sagala rupa. Kungsi nu nulis meunang katerangan kieu:'Atuh da cep,eta sanes jugjugeun barudak ngora.
Jero teuteuleumaneunana,lega ambaheunana. Katepina lain ku harti tapi kudu ku rasa,ku kasurtian. Kakorehna teh ngan ku nu geus arasak jadi manusana hungkul'.
Mun angkatan ngora nyangharaeupan kolot nu sarupa kitu kurang-kurang gebragna mah puguh we matak mundur memeh prung, matak wegah memeh prak. Apan jero teh kudu puguh jerona,lega teh kudu puguh legana. lir saibaratna leuwi:moal katangen jerona lamun teu prak diteuleuman. Tegal moal katara legana mun teu disorang. Ari saukur beja pabeja-beja mah bisi cara dongeng 'Si-Kabayan Ngala Tutut', anu pajar jero teh, ana dikoreh mah gorehel teh 'ei da deet !'.
Unggal entaragan kudu nyorang jadi pamuda. Ari Pamuda tea ceuk basa deungeun mah apan'leaders of to-morrow' (Pamingpin keur poe isuk atwa pamingpin harepan bangsa). Mun teu kitu sok disebut 'cukture dragers'(Pamanggul kabudayaan) Pamuda wajib rancage hatena,kudu telik kana kabudayaan anu ku manehna 'dipanggul'. Bisa jadi anu dibawa teh'emas golondongan' bisa jadi 'batok bulu eusi madu',tapi teu mustahil'cupu emas eusi najis'.
Ku hate anu rancage urang bisa ngasongkeun pertanyaan: boa ngaran 'Buana Pancatengah' teh ukur jijieunan wungkul,bisa jadi gawe iseng jalma baheula ?
Kanyataan anu ku urang bisa dibaca, bet tetela 'Buana Pancatengah' teh puguh dumukna,aya tempatna,bisa dipapay pernahna dikira-kira lebahna.
Pikeun bahan urang cokot tilu contona :
Kahiji, dian carita lutung Kasarung. Waktu guruminda ngimpen boga bebene anu sarupa jeung(ibuna)Sunan Ambu, anjeuna dipiwarang lungsur ka Buana Pancatengah, milari istri impenanana.
'bagaling buntut.Ceuk Ambu:Ulah goren lampah, pamali batan maling, geura boro pijodoeun,anu sarupa jeung Ambu, di Buana
Pancatengah,Ulah anjog torojogan, ngadangdeung di mega hideung, pendok emas rekakeun.
Tumut ka pitutur Ambu, Guruminda Kahiyangan,lumungsur ka marcapada. Jalanna:
Kana nunuk anu jenuk,kana malaka nu rea dangdeung
kana peundeuy ageung, (tina seratan pa surasa).
Lebah dieu aya dua ukuran anu ku urang bisa dicokot, nyaeta: Buana Pancatengah teh ti Kahiyangan mah pernahna aya di handap jeung sakurang-kurangna di antarana teh aya awang-awang panglayangan mega. Kadua tetela anu dimaksud teh dunya manusa,lantaran di Buana Pancatengah teh aya tatangkalan anu ayeuna oge rea keneh. ngarah teu salah paham hade mun seug diteuraan disebutkeun kieu: Ulah poho yen dina hakekatna mah anu nyebut 'Buana Pancatengah'teh lain Sunan Ambu tapi nu ngarang carita dikurilingan ku nu ngarangklung. Rajahna kieu:
'Kami rek ngareremokeun, Nyi Pohaci Hiyang Asri, Sina
dikawin ku bumi, Di Buana Pancatengah,Pancatengah pasar
Allah.
Kitu deui dina waktu ngakut, dimana pare geus ampih sok diparancahan keiu:
"Pohaci Sang hiyang Asri,haturan bagea calik,ti Buana
Pancatengah,pancatengah pasar Allah, meujeuh rureuh meu
jeuh eureun,di Buana Padaageng,mangka tetep mangka lang
geng,langgeng dijurung rahayu."
Ti dieu urang bisa nyokot deui ukuran,nyaeta: tetela Buana Pancatengah teh maksudna mah 'bumi pangancikan manusa jeung sok disebut Buana Padaageng'. Soal ieu jeung soal nyelapnakecap 'Allah' di dinya urang guar engke di tukang.
Dina dua bahan nu tadi urang bisa mastikeun,yen anu dimaksud ku kecap Buana Pancatengah teh nyaeta bumi pangcalikan manusa alias dunya manusa.
Pikeun ngajejegan jeung pikeun nengan tempat nu leuwih jinek hade lamun nyokot conto katilu. Nu nulis manggih manggih hiji karya kaayeunakeun anu nyabit-nyabit Buana Pancatengah, sanajan teu terang-terangan kitu,nyaeta di guguritan 'Lagu Sunda Mekar'.
Guguritanana kieu:
'cacandran para luluhur ciri-wanci dayeuh Pancatengah..dst.
Dina guguritan ieu mah tetela nu dimaksud teh Tanah Sunda. ukuran anu bisa dicokot nyaeta: ku sabagian gede urang Sunda mah Buana Pancatengah teh sok dipake ngaran Tanah Sunda. Sakurang-kurangna aya,malah rea anu boga sangkaan kitu. Memang hiji ngaran anu didasarkeun kana kanyataan anu kasanghareupan bisa ajen magis,lantaran henteu remen kapakena. Upamana bae ngaran-ngaran: Kotakembang,Kota inten. Pralambang anu dihijikeun ka dinya tetela deuih mangrupa barang anu dianggap jadi salah sahiji ciri kasundaan nyaeta 'Congkrang' jeung 'Kujang'.
Alesan pikeun nguatan anggapan di luhur (Buana Pancatengah Tanah Sunda) bisa oge dicokot tina conto anu dua.anu nganggit carita 'Lutung Kasarung' jeung rajah 'baduy', memang dunyana teh heureut keneh pisan,nyangkewok ngewengku padumukan bangsana sorangan bae. Bisa dipastikeun, yen boh ku nu nganggit 'Lutung Kasarung' boh nu nganggit 'rajah baduy',Buana Pancatengah teh dijieun'ngaran karamat' pikeun Tanah Sunda'
Naon sababna pang dingaranan Buana Panctengah ?
Ngaran Buana Pancatengah geus pasti nimbulkeun anggapan,yen buana teh kabehna aya lima lapis,heg tempat manusa ayana di tengah-tengah.
Ngarah gampang kahartina jeung puguh leujeuranana, leuwih hade ieu ngaran'Buana Pancatengah'teh urang rucat heula kecap-kecapna. Mun seug dirucat mah bakal jadi tilu gunduk (kecap)nyaeta:buana,panca jeung tengah.
Taker ajenna !
Ti nu tilu kecap teh katara aya hiji kecap semah, nyaeta kecap 'Panca',ieu mah tangtu asupna kana basa Sunda bareng jeung asupna kabudayaan Hindu ka urang. Kumaha ari dua nu dua deui ?
Ieu mah bisa ditanggel kaaslianana,sakurang-kurangna kecap buana jeung kecap tengah teh geus diparake ku karuhun urang samemeh kabudayaanana kasosoh ku kabudayaan Hindu.
Dina basa Indonesia Purba (waktu karuhun urang maratuh keneh didaratan Asi-samemeh nyebaar ka kapoloan) kecap eta teh geus aya. Kecap 'buana' hartina teh nagara,tempat atawa pangumbaraan.Dina basa Polynesia Purba aya kecap 'fauna'. Ku margi wewengkon polynesia mah,bebas tina pangaruh Hindu,tangtos kecap'banuwa' teh sanes tiana buwana Sansekerta. Tiasa jadi sabalikna malah. Ari kecap 'tengah'mah tetep teu robah,malah hartina teh anggeur bae 'puseur'.
Moal kapalang nunda, engke kapanggih yen kecap panca mah diselapkeun beh dieu. saayeunaeun mah urang sebutkeun bae heula, yen ngaran asalna mah pasti 'BUANATENGAH'.
Timbul anggapan kana ayana 'Buanantengah' dilantarankeun ku waruga manusa sorangan. Rohang tempat hirup manusa teh diukur ku warugana mah diwatesan ku tilu tempat, nyaeta: luhur, handap jeung tempat sakurilingeunana. Ieu teh kanyataan anu teu bisa dipungkir jeung kasanghareupan tur karasa ku unggal manusa.
Ayana wates luhur jeung handap nimbulkeun anggapan kana ayana buana anu umpak-umpak atawa manglapis-lapis. Alam pikiran primitip salilana boga kayakinan yen manusa teh hirupna dikurilingan ku jasad-jasad anu kabeh baroga nyawa(Anima) jeung boga kakuatan atawa sakti (Dynamis). Kanyataan anu kasanghareupan sapopoena nya eta di luhurenu tempatna cicing teh rea jasad jagat anu hurung saperti : bulan,panonpoe atawa ka bentang, Ku akal bakal kaharti, yen moal aya manusa mangeran ka hiji wujud, satungtung manehna sadar, yen wujud eta teh barang paeh anu taya kakuatanana. Di sahandapeun bumi anu diticakna, manusa ngarasa aya alam sejen.
Rea mahluk anu hirupna di jero taneuh tangtu di bagian anu leuwih jero oge aya alam sejen. Mun teu kitu di urang moal aya kapercayaan kana ayana jalma anu bisa nerus bumi,enggon lini ...jst.
Ku lantaran kitu dina anggapan manusa,alam teh aya tilu lapis, nyaeta:langit,bumi jeung jero bumi. Ieu teh lain di urang bae, tapi di mana-mana ge kitu kapercayaanana. Dina kapercayaan Hindu disebutna: Pataka, Loka jeung Patala ari dina kapercayaan Yunani disebutna: Uranus,Gaia jeung Tartaros.
Dongeng Sunda Prabu Siliwangi BACA BERIKUTNYA >>
No comments:
Post a Comment
Note: only a member of this blog may post a comment.