Buku Bahasa Sunda Tempo Doeloe " Nani Resep Maca ka 3 " - Kabebenjokeun


  
BUKU BAHASA SUNDA NANI RESEP MACA

buku sunda nani resep maca
KABEBENJOKEUN


Hasan,lanceuk Beben tea,geus pindah ka Palembang. beben mindeng ngaheruk. ingetan ka Hasan.
Beben boga deui lanceuk,awewe.Cicingna di kebonpisang.
Ku lanceukna Beben diupahan.Dibere boneka dua.
Boneka nu bisa nyarita jeung kucap-kiceup.

Meunang meuli ti toko koperasi kebonpisang.Beben resepeun pisan kana eta boneka teh.
Ku Beben dingaranan. Nu hiji Dedi. Nu hiji deui Ucu. Da lucu pisan ceuk Beben.

Boneka teh sok ditimang-timang bae ku Beben. Diusapan,diciuman. Asa boga adi cenah.
Beben,bareto mah,ari sare kudu jeung apana bae. Beben apet pisan ka apana. Ari teu aya apana tara sok ceurik. Sok neangan. Tapi ayeuna mah teu kitu. Ari teu aya apana,tara ceurik,tara neangan. Da geus boga batur.Boneka tea.
Sarena jeung bonekana. malah sok ceurik,upama diheureuyan ku apana,Ucu jeung Dedi disumputkeun. Atawa ku apana dibobodo, Ucu rek dibikeun ka batur,Dedi rek dibawa ka Jakarta ku bibina. 

Lanceuk Beben atoheun,beben kabebenjokeun. Teu ingeteun teuing ka Hasan.
Ceuk beben,bonekana rek disakolakeun. Rek nurutan Ceu Eem,cenah. Bonekana disakolakeun. Ayeuna geus pinter. Ari diajak ngomong sok ngajawab," ia,ia,e,ia." Kitu soteh ari dipencet. Ari teu dipencet mah cicing bae.

     Tina:Nani Resep Maca jilid 3. Penerbit PamugarBandung.1983

DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.