Buku Pelajaran Bahasa Sunda Tempo Doeloe " Nani Resep Maca ka 1





buku sunda nani resep maca
BUKU BAHASA SUNDA NANI RESEP MACA


buku bahasa sunda


buku bahasa sunda

buku bahasa sunda

               BUKU NANI RESEP MACA JILID-1

Nu dianggo dina ieu buku metode " kupas rangkai suku kata " luyu sareng sifat engang kecap-kecap basa Sunda.

Dina buku kahiji sadaya aksara parantos diajarkeun mung teu acan " maeh aksara " ,nanging ngahaja diseueuran bahan aosananan (jilid kahiji 68 kaca,jilid kadua 48 kaca) supados barudak leres-leres tenget heula kana aksara. Buku kahiji tiasa tamatdinalebet 3-4 sasih.
  
  Dina buku kadua nembe diajarkeun :
  a. maeh aksara (batu-batur,peda-pedang).
  b. aksara paeh ganda (tr,bl,sste) sapertos dina kecap  
     putri,ngageblug,semplak sste.
  c. aksara ageung.

Buku katilu dimaksad kanggo ngalancarkeun maca.Upami tea mah aya barudak-anu kapaksa ku kaayaan mung dugi ka kelas hiji bae sakolana,manehna teh ulah dongkap ka jadi buta aksara deui kumargi tadina kana aksara nembe taram-taram bae,teu acan tenget pisan.

Jabi ti eta,di kelas dua mah barudak kedah parantos lancar pisan macana,supados gampil ngartos kana eusi bacaan. Ku sabrehan ningal papan merek bari ngaboseh sapeda upamina, barudak teh kedah parantos tiasa maca eusina.

Mugi-mugi ku nganggo ieu metode tiasa kahontal tujuan pangajaran maca sakumahana anu kasebat tadi.
Bandung,1 Juni 1984.
            
 Baktos nu ngarang : A.Sanusi 

     
DIJUAL BUKU-BUKU KUNO / LAMA ... !!!


No comments:

Post a Comment

Note: only a member of this blog may post a comment.